13
Bab 2 Pituduh Husus
2 Saméméhna guru nitah murid maca taliti unggal paragraf.
a. Guru nitah néangan kalimah nu jadi poko caritaan dina unggal paragraf ‘Penyu Héjo’.
b. Guru ngabimbing maca gurat badag bacaan nu dijieunna. c. Guru ngabimbing murid migawé ringkesan carita dumasar kana gurat
badag carita.
E. Ngalarapkeun Paribasa No.
Kagiatan
1. Kagiatan 5, guru nitah murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah
2 Guru nerangkeun deui harti paribasa
3. Guru nerangkeun kecap nu aya dina paribasa, atawa nanya ka murid saha nu
nyaho harti kecapna. Upamana: nyiuk, ayakan, pegat, simpay, genténg, kadé, kurung, komo.
4. Guru nugaskeun murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah.
5. Guru ngaroris pagawéan murid.
6. Guru nuduhkeun kasalahan dina kalimah nu disusun ku murid.
7. Guru nitah murid ngaréngsékeun nyusun kalimah.
8. Guru nitah murid-murid bagilir maca kalimah nu disusunna.
F. Nyaritakeun Eusi bacaan No.
Kagiatan
1. Kagiatan 6, pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna
ka papada mahluk, guru nugaskeun murid maca deui téks nu patali jeung mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina
Habitat Aslina”.
2. Saterusna murid dititah ku guru pikeun nyaritakeun deui eusi bacaan, lengkah-
lengkahna saperti ieu : 1. Guru nugaskeun murid maca “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina
Habitat Aslina”. 2. Guru niténan murid maca jero haté kalawan gemet tur taliti unggal
paragraf éta bacaan.
14
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
3. Guru nugaskeun murid sangkan manggihkeun jeung nangtukeun kalimah-kalimhak poko atawa nu jadi téma unggal paragraf.
4. Guru nyaritakeun yén kalimah poko atawa téma kasebut nu jadi cecekelan pikeun dimekarkeun maké basa sorangan.
5. Guru nitah murid nyaritakeun eusi bacaan maké basa sorangan di hareupeun kelas.
G. Mikaweruh Kecap Sangaran No.
Kagiatan
1. Kagiatan 7, guru nuyun murid dina kagiatan mikaweruh kecap sangaran.
1. Guru nerangkeun kecap-kecap sabgaran atawa sawanda nu aya dina kalimah.
2. Guru nugaskeun murid maca bacaan nu miboga kecap sawanda atawa sangaran. Tur nyangkem kana harti kecapna.
3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kecap sawanda. 4. Guru nugaskeun murid jeung murid lianna nyaritakeun kecap
sawanda jeung hartina. 5. Guru nugaskeun murid nengetan deui kecap nepi ka ngarti kana
sakabéhna nu patali jeung kecap sawanda. 6. Guru nyindekkeun pangajaran kecap sawanda.
7. Guru méré tugas PR néangan 10 kecap sawanda. Éta kecap tuliskeun hartina, terus larapkeun dina kalimah.
H. Ngawih : Ngawihkeun lagu nu témana manuk No.