Maca Ngajembaran No. Karangan Narasi jeung Deskripsi No. Maca Sajak Wira Usaha No.

43

Bab 2 Pituduh Husus

4. Guru nyindekkeun pangajaran. 5. Guru nitah murid ngainformasikeun hal nu aya dina bacaan ‘Ngawawaas dahar Cara Sunda’ ka batur sabangkuna. 6. Guru nitah murid néangan bagian dina bacaan nu ngadeskripsikeun kaayaan. 7. Guru méré tugas nulis deskripsi saalinea, terus dibacakeun ka batur sabangkuna.

F. Maca Ngajembaran No.

Kagiatan 1. Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid pikeun dipigawé sacara mandiri. 2. Pancén 1 guru nitah murid maca deui bacaan ‘Kiripik Sampeu Ma Icih’. Prak-prakan kagiatanana: 1. Guru nitah murid maca kalawan taliti. 2. Guru nitah maca éta bacaan minangka ngalalanyahan rék nerangkeun karangan narasi jeung karangan deskripsi. 3. Guru nitah murid sangkan nyebutkeun éta bacaan téh narasi atawa deskripsi.

G. Karangan Narasi jeung Deskripsi No.

Kagiatan 1. Pancén 2 guru nitah murid maca malikan deui tina pangajaran saméméhna: 1. Guru tanya jawab jeung murid carita ‘Ngawawaas Dahar Cara Sunda’ jeung ‘Kiripik Ma Icih’. 2. Guru nitah murid nengetan conto 1, kalimah nu maké kecap : kawas, jiga, saperti sarta conto 2 nu ngagambarkeun kaayaan. 3. Guru nitah maca conto digalantangkeun di hareupeun kelas. 4. Guru nitah murid néangan conto sejen, jeung latihan nulis kalimah- kalimah nu basana éndah. 44 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI

H. Maca Sajak Wira Usaha No.

Pemodelan Téks Sajak 1. Dina kagiatan 1 guru nitah murid migawé pancén: 1. Guru nitah murid nengetan sajak ‘Aki jeung Balon’, nu eusina ngagambarkeun si Aki nu dagang wirausaha balon jeung cocooan barudak. 2. Guru nitah murid maca sajak, ngahartikeun kecap, ngahartikeun unggal padakidan, ngahartikeun unggal pada jeung ngahartikeun sajak sagemblengna. 3. Guru bareng jeung murid maca nyoara sababaraha balikan. 4. Guru ngabingbing murid maca jero haté ngalenyepan eusi jeung lentongna. 5. Guru butah murid maca nyoara kalawan lentong nu merenah, sacara bagilir.

I. Maca Jero Haté No.

Penyusunan Téks Sajak Sacara Kelompok 1. Guru saméméhna méré pancén heula ka murid pikeun maca jero haté karangan deskripsi ‘Ekonomi Kréatif Tasikmalaya’. 2. Guru nitah murid sacara kelompok pikeun maluruh eusi bacaan . SaméméhnagGuru nyebutkeun heula yén dina pangajaran lima mah eusi bacaan jeung sagala bahasanna ngaguar wirausaha. Prak-prakan kagiatanana: 1. Guru nitah murid maca kalawan taliti nepi kacangkem eusi bacaan. 2. Guru nitah murid ngajawab pananya, 3. Guru marengan murid ngabahas eusi sakabéh jawaban. 4. Guru nanyakeun ka murid sahanu can ngarti kana pangajaran nu geus ditepikeun. 5. Guru nanya ka muris saha anu arék nyindekkeun pangajaran. 6. Guru nitah ngahartikeun kecap ‘payung’ dina lima kalimah soal. 7. Guru jeung murid mesek harti kecap payung nu dilarapkeun dina kalimah. 45

Bab 2 Pituduh Husus