Ngadéklamasikeun Sajak No. Nyaritakeun Deui No. Maca Ngeuyeuban Pangajaran No.

33

Bab 2 Pituduh Husus

J. Ngadéklamasikeun Sajak No.

Kagiatan 1. Pancén 1 guru nitah murid neuleuman eusi sajak sacara kelompok. 1. Guru maca bedas téks sajak. Tujuanana ngawanohan eusi jeung maksudna. 2. Guru jeung murid ngadiskusikeun harti kecap saujratna jeung harti injeuman, kitu deui maksud eusi sajak. 3. Guru jeung murid ngadiskusikeun lentong, wirahma, jeung nada dina maca sajak. 4. Guru jeung murid maca ngajiwaan eusi. 2. Pancén 2 guru nitah murid ngadeklamasikeun sajak sacara kelompok: 1. Guru nitah murid maca tepi ka apal. 2. Guru nitah murid déklamasi maca teu maké téks sacara bagilir dina kelompok. 3. Guru ngabingbing murid déklamasi. 4. Guru jeung murid nyindekkeun pangajaran déklamasi.

K. Nyaritakeun Deui No.

Penyusunan Téks Deskripsi Hasil Observasi Sacara Mandiri 1. Pancén 1 guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan ngeunaan tokoh nu manggihkeun sarupa jeung bacaan saméméhna. Prak-prakanana: 1. Guru nitah murid maca jero haté ‘Nu Manggihan Mesin Kaput’ nepi ka rengsé. 2. Guru ngabingbing muridmaca geusan nimukeun kalimah poko dina unggal paragraf. Terus ngadiskusikeun jeung babaturan. 3. Guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan maké basa sorangan. 4. Guru nuliskeun conto bahasan dina papan tulis. Terus nerangkeun éta conto nepi ka murid ngarti kana maksudna. 5. Guru nuliskeun conto kalimah di papan tulis, terus nerangkeun kalimah nu kabagi jadi jejer subjek, caritaan predikat jeung objek. 6. Guru mariksa pagawéan jeung ngabingbing murid nyusun sapuluh kalimah nu polana jejer-caritaan-objek. Murid bagilir nuliskeun kalimahna di papan tulis sarta dipariksa sacara babarengan. 7. Guru nugaskeun murid ngajawab pananya dumasar tina wacana ‘Nu Manggihan Mesin Kaput’. 34 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI

L. Maca Ngeuyeuban Pangajaran No.

Kagiatan 1. Pancén 2 guru nitah murid maca ngeuyeuban pangajayan pikeun nambah pangaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu manggihkeun . 1. Guru nitah murid maca nengetan eusi nepi ka kacangkem eusi bacaanana. 2. Guru langsung nanya ka murid sacara bagilir nepi ka rengse tujuh pananya. 3. No. 8 Guru nitah murid nu ngacungkeun leungeun, nyaritakeun ku basa sorangan nu nimukeun ‘Nangkadak Ti Mekarsari’. 4. Gurujeung murid nyindekkeun pangajaran. 5. Guru nitah murid migawé tugas mandiri nulis karangan narasi di imah asing-masing. KAGIATAN PANUTUP No. Kagiatan 1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna 2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun 3. Guru méré tugas mandiri 1. Téangan, inget-inget, hiji jalma tokoh, saha ngaranna, urang mana, iraha jeung dimana lahirna, naon pendidikanana, widang naon kaahlianana, atawa naon jasana bisa nimukeun naon nepi ka kawentar di masarakat 2. Geus boga acatetan kasebut mah jieun maké karangan narasi maké basa Sunda nu hadé. 4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna. 35

Bab 2 Pituduh Husus