DAFTAR EUSI
viii
PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v
PANGJAJAP _vii DAPTAR EUSI _viii
BAB I PITUDUH UMUM _1
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2
C. Tatapakan Formal _4 D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan
pangajaran _4 E. Standar Kompetensi Lulusan SKL _5
F. Proses Pangajaran _5 G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi
Dasar KIKD _6 H. Tema jeung Bahan Ajar _8
BAB II PITUDUH HUSUS _9 PANGAJARAN 1 _10
Tema :
Penyelamatan Makhluk _10
PANGAJARAN 2 _21 Tema
: Kahirupan Turta Nyaah
Buméla Ka Lemah Cai _21
PANGAJARAN 3 _29 Tema
: Tokoh nu Manggihkeun _29
PANGAJARAN 4 _37 Tema
: Pangaruh Globalisasi
Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa _37
PANGAJARAN 5 _42 Tema
: Wira Usaha _42
PANGAJARAN 6 _48 Tema
: Ngajaga Tur Miara
Kasehatan Masarakat _48
BAB III PITUDUH MEUNTEUN _53
A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal KKM _54
B. Rubrik Meunteun Sawala Diskusi _54
C. Rubrik Meunteun Sikep _55 D. Rubrik Meunteun Latihan _55
E. Rubrik Meunteun Maca _56 F. Rubrik Meunteun Nembang _56
G. Rubrik Meunteun Biantara _56 H. Daftar Peunteun Murid _57
I. Daftar Peunteun Murid _58
BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _59
A. Kaweruh Basa jeung Sastra _60 B. Glosarium _66
Daftar Pustaka _68
Bab
1
Pituduh
Umum
2
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru
Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.
1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar KD jeung indikator dipageuhan pisan.
2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir.
3. Pangalaman diajar nu miharti meaningfullnes pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir ngilimiah saintiik, kamampuh ngaréngsékeun
masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar répléktif, tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran nu jadi calecer acuan kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan sharing antara guru jeung kolot barudak,
anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan.
7. Pituduh maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh sikep, kaweruh,
jeung kaparigelan murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,
ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal diulikna.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku umpan balik pikeun ngukuhan panyangkem murid.
B. Padika Maké Buku Tuturus Guru
Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer acuan keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.
Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.
1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran.
Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.
3
Bab 1 Pituduh Umum
4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.
5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana.
6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.
7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté., jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa
waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan PAIKEM; b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali
jeung sosial budaya Sunda. 10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat
téma matéri galeuh aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda.
11. Tiap-tiap téma matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun 4 x lawungan. 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif
ngaregepkeun jeung maca, minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun kagiatan kréatif
nulis jeung nyarita hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun
méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.
14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi.
15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réleksi sanggeus
hiji téma atawa bahan réngsé. 17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh
cerdas tur bisaeun. 18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina
nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah- tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat,
waktu, jeung bahan ajar.
4
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
C. Tatapakan Formal
Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda
atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan
Kesenian BPBDK, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah
kaasup kana Kurikulum Daerah Kurda.
Hususna di tingkat SDMI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun
mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar- ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina
katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun
tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar- ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya
masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.
D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran
Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé.
Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran
1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui
dina ulikan jeung latihan.
Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun
kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.
Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan
dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.
5
Bab 1 Pituduh Umum
Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan gradasina henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna
panjang-pondokna, basajan-kompleksna kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina gampang-henteuna.
E. Standar Kompetensi Lulusan SKL
Rabah SDMI
SMPMTs SMASMKMAMAK
Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun
Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam
sabudeureun, sarta dunya katut adabna.
Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni abstrak jeung nembrak konkrit.
Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.
Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.
F. Proses Pangajaran
Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintiik. Ari léngkah-léngkahna keiu. 1. Niténan mengamati, ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton
2. Nanya menanya, ku cara tanya jawab atawa sawala 3. Nalar menalarmengasosiasi, ku cara nambahan kaweruh lain
4. Nyungsi atawa nyoba eksplorasieksperimen 5. Midangkeun atawa nepikeun mengkomunikasikan
6. Ngawangun jejaring networking ku cara néangan bahan tina sumber lian
6
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
G. Kompetensi Inti KI jeung Kompetensi Dasar KD Kelas VI SDMI
KOMPETENSI INTI KI KOMPETENSI DASAR KD
6.1 Menerima, menghargai, dan menjalankan ajaran agama
yang dianutnya 6.1.1
Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda
sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat
penuturnya melalui teks narasi, deskripsi, pupuh, dongeng, dan pidato.
6.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab,
santun, peduli, percaya diri dalam berinteraksi dengan
keluarga, teman, tetangga, dan guru
6.2.1 Memiliki perilaku peduli terhadap
penyelamatan makhluk sebagai ciptaan Tuhan YME melalui teks narasi Tema 1
6.2.2 Memiliki perilaku santun dalam
memelihara dan membina persatuan dalam perbedaan bangsa melalui teks
pupuh. Tema 2
6.2.3 Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh
dan penemu melalui teks narasi Tema 3 6.2.4
Memiliki perilaku tanggung jawab dan peduli menghadapi pengaruh globalisasi
terhadap lingkungan dan kehidupan manusia melalui teks deskripsi. Tema 4
6.2.5 Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli,
dan disiplin dalam berwirausaha melalui teks deskripsi. Tema 5
6.2.6 Memiliki perilaku peduli, disiplin,
dan tanggung jawab dalam menjaga memeliharan kesehatan masyarakat
melalui teks pidato. Tema 6
7
Bab 1 Pituduh Umum
6.3 Memahami pengetahuan faktual dengan cara
mengamati dan mencoba [mendengar, melihat,
membaca] serta menanya berdasarkan rasa ingin tahu
secara kritis tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan
kegiatannya, dan benda- benda yang dijumpainya di
rumah, sekolah, dan tempat bermain
6.3.1 Memahami teks narasi tentang
penyelamatan makhluk. Tema 1
6.3.2 Memahami teks pupuh tentang kehidupan
berbangsa dan bernegara Tema 2 6.3.3
Memahami teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri kemudian
mengolah dan menuliskannya kembali dengan kata-kata sendiri
Tema 3 6.3.4
Memahami teks deskripsi tentang pengaruh globalisasi terhadap lingkungan
dan kehidupan manusia. Tema 4
6.3.5 Memahami teks deskripsi tentang
berwirausaha. Tema 5 6.3.6
Memahami teks pidato tentang meme- lihara kesehatan masyarakat. Tema 6
6.4 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa
yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang
estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat,
dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku
anak beriman dan berakhlak mulia
6.4.1 Menyusun teks carita pondok tentang
penyelamatan makhluk dengan bahasa Sunda yang baik. Tema 1
6.4.2 Melantunkan teks pupuh tentang
kehidupan berbangsa dan bernegara Tema 2
6.4.3 Menyusun teks narasi tentang tokoh dan
penemu secara mandiri. Tema 3 6.4.4
Menyusun teks deskripsi tentang pengaruh globalisasi terhadap lingkungan
dan kehidupan manusia. Tema 4
6.4.5 Menyusun teks deskripsi tentang
berwirausaha. Tema 5 6.4.6
Menyusun teks pidato tentang menjaga dan memelihara kesehatan masyarakat.
Tema 6
8
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
H. Tema jeung Bahan Ajar
Tema 4 : Pangaruh Globalisasi
Bahan : Déskripsi
Tema 5 : Wirausaha Bahan : Déskripsi
Tema 6 : Kaséhatan Masarakat
Bahan : Biantara Tema 1 : Nyalametkeun
Mahluk Bahan : Narasi
Tema 2 : Kahirupan Bangsa Nagara
Bahan : Pupuh
Tema 3 : Inohong Penemu
Bahan : Narasi
TEMA BAHAN AJAR
Bab
2
Pituduh
Husus
10
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
PANGAJARAN 1
Tema
: Penyelamatan Makhluk
Subtema : Nyalametkeun Mahluk Papada Ciciptan Alloh Bahan
: Déskripsi
Média
: Téks jeung gambar
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman, ngadiskusikeun kandaga kecap, ngaringkeskeun bacaan, ngalarapkeun paribasa, nyaritakeun
eusi bacaan, mikaweruh kecap sangaran, ngawih, maca dongeng.
KAGIATAN AWAL No.
Kagiatan
1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar.
Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék
diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 1 ngeunaan hasil observasi penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran 1 ieu murid dipiharep
mampuh nulis laporan téks narasi hasil observasi ngeunaan penyelamatan mahluk. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa kanyaah
jeung héman ka papada mahluk nu aya di sabudeureunana, jembarna mah miara kahéman Allah ka manusa.
2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara
langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca karangan
narasi nu judulna “Penyu Héjo” nu dipilih tina sababaraha sumber WWF Indonesia.
Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana karangan narasi nu témana penyelamatan mahluk, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid
pikeun mikahéman papada mahluk, hususna nu aya disabudeureunana.
11
Bab 2 Pituduh Husus
3. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara
nembongkeun gambar penyu di basisir. Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar.
Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kanyaahna ka papada mahluk. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina
internet.
KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté
No. Kagiatan
1. Dina Kagiatan 1.gurunitah murid maca jero haté. Saméméhna ngajentrekeun
heula yén maca jero haté téh hiji kagiatan maca nu maksudna rék nyangkem eusi bacaan, teu meunang aya sora ngagerendeng komo ditarikkeun atawa
dibedaskeun. 2.
Guru marentah murid rék ngamimitian maca. Mimiti mah macana ditamatkeun sakabéh wacana.
3. Guru maca malikan deui kalawan taliti saparagraf-saparagraf. Anu maksudana
keur nyumponan pangjawab kana maksudna pananya. Saterusna murid dititah ngerjakeun pancén.
B. Ngajawab Pananya No.
Kagiatan
1. Dina Kagiatan 2. guru nitah murid ngajawab pananya.
2. Guru nyarita, mun murid rengsé migawé tugasna, salah saurang murid dititah
macakeun pananya. Baturna nu ngajawab. Bagilir nepi ka rengsé.
12
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap No.
Kagiatan
1. Kagiatan 3, guru nitah murid ngadiskusikeun Kandaga Kecap sacara kelompok.
Saterusna murid dititah néangan harti kecap dina kamus. Saméméh diskusi guru méré pituduh heula, ku cara:
a. Guru jeung murid nyadiakeun kamus atawa sumber sejenna. b. Guru ngabagi murid jadi 5 – 6 kelompok. Unggal kelompok dipimpin
ku ketua kelompok. Masing-masing kelompok dibagi hiji sewang kamus.
c. Guru ngabimbing. Murid-murid giat néangan harti kecap dina kamus jeung sumber lianna. Sanggeus masing-masing kelompok rengsé
migawé tugas. Ketua kelompok macakeun hasil diakusi. d. Guru nitah ngalarapkeun harti kecap dina kalimah
2. Harti kecap nu dipaluruh, di antarana:
1. Siwur téh dijieunna tina batok. 2. Lampu listrik nu dipasang di kamar caang pisan.
3. Méja téh sorong ka sisi témbok. 4. Kalimah nu disusun ku Adi mah kacida alusna.
5. Nyaho bapana datang, budakna lumpat muru bapana. 6. Si Cépot dibaturan ku Si Déwala ngalalana ka pakidulan nagara
sancang.
7. Indungna nu keur ngajaga warung, sok nyelang heula mapagkeun
anakna ka sakola.
8. Anak penyu nu dileupaskeun di basisir tingarugil muru ka laut. 9. Tukik atawa anak penyu téh teu sakabéhna salamet hirupna nepi ka
gedé.
10. Kuring mah indit ka sakola unggal poe gé leumpang da deukeut.
3. Saterusna guru ngoméntaran nu salahna kana kalimah nu disusun ku murid.
Murid nyebutkeun koreksian kalimah.
D. Ngaringkeskeun Bacaan No.
Kagiatan
1. Kagiatan 4,guru nitah murid ngaringkeskeun bacaan ku cara nyieun gurat
badag
13
Bab 2 Pituduh Husus
2 Saméméhna guru nitah murid maca taliti unggal paragraf.
a. Guru nitah néangan kalimah nu jadi poko caritaan dina unggal paragraf ‘Penyu Héjo’.
b. Guru ngabimbing maca gurat badag bacaan nu dijieunna. c. Guru ngabimbing murid migawé ringkesan carita dumasar kana gurat
badag carita.
E. Ngalarapkeun Paribasa No.
Kagiatan
1. Kagiatan 5, guru nitah murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah
2 Guru nerangkeun deui harti paribasa
3. Guru nerangkeun kecap nu aya dina paribasa, atawa nanya ka murid saha nu
nyaho harti kecapna. Upamana: nyiuk, ayakan, pegat, simpay, genténg, kadé, kurung, komo.
4. Guru nugaskeun murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah.
5. Guru ngaroris pagawéan murid.
6. Guru nuduhkeun kasalahan dina kalimah nu disusun ku murid.
7. Guru nitah murid ngaréngsékeun nyusun kalimah.
8. Guru nitah murid-murid bagilir maca kalimah nu disusunna.
F. Nyaritakeun Eusi bacaan No.
Kagiatan
1. Kagiatan 6, pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna
ka papada mahluk, guru nugaskeun murid maca deui téks nu patali jeung mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina
Habitat Aslina”.
2. Saterusna murid dititah ku guru pikeun nyaritakeun deui eusi bacaan, lengkah-
lengkahna saperti ieu : 1. Guru nugaskeun murid maca “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina
Habitat Aslina”. 2. Guru niténan murid maca jero haté kalawan gemet tur taliti unggal
paragraf éta bacaan.
14
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
3. Guru nugaskeun murid sangkan manggihkeun jeung nangtukeun kalimah-kalimhak poko atawa nu jadi téma unggal paragraf.
4. Guru nyaritakeun yén kalimah poko atawa téma kasebut nu jadi cecekelan pikeun dimekarkeun maké basa sorangan.
5. Guru nitah murid nyaritakeun eusi bacaan maké basa sorangan di hareupeun kelas.
G. Mikaweruh Kecap Sangaran No.
Kagiatan
1. Kagiatan 7, guru nuyun murid dina kagiatan mikaweruh kecap sangaran.
1. Guru nerangkeun kecap-kecap sabgaran atawa sawanda nu aya dina kalimah.
2. Guru nugaskeun murid maca bacaan nu miboga kecap sawanda atawa sangaran. Tur nyangkem kana harti kecapna.
3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kecap sawanda. 4. Guru nugaskeun murid jeung murid lianna nyaritakeun kecap
sawanda jeung hartina. 5. Guru nugaskeun murid nengetan deui kecap nepi ka ngarti kana
sakabéhna nu patali jeung kecap sawanda. 6. Guru nyindekkeun pangajaran kecap sawanda.
7. Guru méré tugas PR néangan 10 kecap sawanda. Éta kecap tuliskeun hartina, terus larapkeun dina kalimah.
H. Ngawih : Ngawihkeun lagu nu témana manuk No.
Kagiatan
1. Dina kagiatan 8, guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan
penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun kanyaahna ka papada mahluk ku cara ngawihkeun lagu nu
temana manuk nu judulna “Manuk Dadali”. Dina Kagiatan 1 guru nitah murid maca bedas rumpaka lagu, mimiti tina
judul, terus kana unggal padalisan dina unggal pada.
2. Guru nerangkeun harti kecap nu saujratna jeung nu miboga harti injeuman
dina rumpaka lagu, carana: 1. Guru nuduhkeun jajaran nu disebut padalisan jeung pada.
2. Guru nerangkeun téma lagu ‘Manuk dadali’
15
Bab 2 Pituduh Husus
3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kawih ‘Manuk dadali’. 4. Guru miharep murid saregep ngabandungan guru ngawihkeun
‘Manuk dadali’. 3.
Guru ngawihkeun lagu nu judulna “manuk dadali” 1. Guru nyontoan ngawihkeun ‘Manuk Dadali’ nepi ka tamat. Murid
dipiharep saregep ngabandungan guru nu keur ngawih. 2. Guru ngajak murid babarengan ngawih.
3. Guru nerangkeun, murid-murid ngawihkeun sapada séwang sacara bagilir unggal jajaran bangku nepi ka rengsé.
4. Guru nunjuk jajaran murid nu kudu ngawihkeunana. Nu sejen jempé, ngadagoan giliran panunjuk guru.
5. Guru ngatur, nunjuk dua baris jajaran nu kudu ngawih, nu sejenna jarempe, Terus bagilir nepi ka sakabeh jajaran bangku kabagéan.
6. Breng sakabéh murid ngawih. 7. Guru nunjuk murid saurang-saurang ngawihkeun lagu.
4 Pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna ka papada
mahluk, guru nugaskeun murid maca sajak nu patali jeung mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Manuk Leutik Dina Kurung”.
1. Guru nugaskeun murid kudu museurkeun paniténna kana téks sajak anu judulna ‘Manuk Leutik Dina Kurung’
2. Guru maca nyoara sajak nepi ka tamat. Maca minangka ngawanohkeun jeung mawa pikir, rasa, jeung panitén, perhatian kana runtuyan basa
kecap nu ngawangun éta sajak. 3. Guru nugaskeun murid nyirian kecap atawa babasan babandingan,
kecap kiasan nu aya dina jajaran sajak. 4. Guru nugaskeun néangan harti kecap jeung kiasanana dina kamus
jeung dina sumber sejenna. 5. Guru jeung murid ngabahas harti kecap. Judul; ‘Manuk Leutik dina
Kurung’. a. manuk leutik nyaéta rupa-rupa manuk anu laleutik saperti
piit, ciblék, kacamata, jsté. Manuk nu karieu nu ayeuna keur dipikaresep, dipiara jeung dikurungan ku masarakat.
b. Régang nyaéta babagian tina dahan tangkal kai atawa tangkal awi anu wangunna leutik.
c. Buruan nyaéta pakarangan, patempatan diluareun imah nu aya di bagian hareup.
d. Susumputan nyaéta hiji rupa kaulinan barudak anu dina kagiatanana aya nu kagabian nyumput anu cicing di tempat nu
teu kaciri ku nu boga tugas jadi ucingna nu néangan. e. Manuk nyumput nyaéta manuk cicing di tempat anu teu katempo
boh ku jelema boh ku ucing upamana.
16
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI
f. Ngabring nyaéta indit, hiber babarengan biasana leuwih ti
sapuluh. g. Kurung nyaéta tempet manuk cicing kandang. Dijieun tina
awi nu diraut dijieun sagedé-gedé nyéré daun kalapa, wangyun kurungna aya nu pasagi, buleud, jsté. Aya kurung nu dijieun tina
kawat ogé.
h. Gantungan nyaéta tenpat nunda atawa ngagantungkeun. i.
Uclak-aclok nyaéta luluncatan dina panyongcloan atawa panyicinganana.
j. Noong nyaéta nempo tina tenpat anu leutik jeung kacida
sempit. Dina kagiatan 2 guru mére pancén sangkan murid bisa digawé sacara
kelompok. Dina ieu kagiatan murid dipenta ngerjakeun pancén 1, pancén 2, jeung pancén 3
Pancén 1 guru nitah murid nyieun Parafrase sajak nu judulna ‘Manuk Leutik Dina Kurung’ karya Ano Karsana. Saméméhna ngajentrékeun heula nu
dimakdud parafrase. Parafrase nyaéta ngabéjérkeun deui hiji wangun karangan sajak kana wangun
séjén karana maksud ngécéskeun harti anu nyumput atawa nyamuni jadi babari kahartina.
a. Parafrase 1 Aya manuk ngarasa bébas hirup di alam. Ucla-aclé dina régang,
macokan hileud jeung endog sireum. Aya manuk cangkurileung hiber luhureun suhunan taya nu ngaharu biru atawa ngaganggu.
b. Parafrase 2 Aya manuk dina kurung ucla-acle teu bisa bébas hiber
c. Parafrase 3 Manuk leutik the ukur bisa noong tina kurung kaluar jiga baturna
Pancen 2 guru nitah murid ngajawab pananya a. Guru nugaskeun ka murid sangkan ngajawab pananya kalawan lisan
b. Guru nyebutkeun kalimah pananya ka murid sacara bagilir c. Guru miharep sakabé murid geus nyaho tur ngarti kana eusi jeung
harti kekecapan nu ngawangun rumpaka sajak Pancén 3 guru ngabimbing maca sajak
a. Guru méré papagon maca sajak . Maca téh aya aturanana kudu puguh lentongna, panjang-pendékna, bedas jeung halonna. Lentongna béda
hartina ogé bakal béda. Lentongna béda, hartina ogé bakal béda. Contona:
- Bu Guru nitah murid asup ka kelas Bu Guru : Asup Sing béré barisna
Murid : Asup? Tos bél, Bu? Bu Guru : Asup. Murid barisna bérés
17
Bab 2 Pituduh Husus