Sistematika Tulisan Kecap Salancar

Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Sistematika Tulisan

Ieu di handap diébréhkeun ngeunaan sistematika tulisan dina ieu panalungtikan anu disusun dina lima bab. Bab I mangrupa bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan. Bab II ulikan tiori, eusina ngeunaan kecap sulur dina basa Sunda katut patalina kecap sulur pikeun bahan ajar di SMP, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tioritis. Bab III mangrupa métode panalungtikan anu eusina ngeunaan desain panalungtikan, data jeung sumber data panalungikan, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data. Bab IV ngawengku hasil panalungtikan jeung pedaran anu eusina ngeunaan kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya katut bahan ajar ngeunaan kecap sulur jeung analisis kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana. Bab V eusina kacindekan tina sakabéh pedaran tina hasil panalungtikan sarta ditambahan saran sangkan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB II ULIKAN PUSTAKA Ieu bab medar ngeunaan ulikan tiori perkara kecap sulur katut patalina jeung bahan ajar basa Sunda pikeun SMP, panalungtikan saméméhna ngeunaan kecap sulur, jeung kalungguhan tiori nu dipaké dina ieu panalungtikan.

2.1 Tiori Kecap Sulur jeung Bahan Ajar

Tiori-tiori nu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku kecap, kecap sulur, jeung bahan ajar. 2.1.1 Kecap 2.1.1.1 Wangenan Kecap Aya sawatara wangenan kecap nu ditétélakeun ku para ahli basa di antarana waé: Bloomfield dina Hernawan 2009, kc. 9 nétélakeun yén nu disebut kecap ték nya éta wangun bébas anu lain frasa: biasana disebut ogé wangun bébas anu teu diwangun ku dua atawa leuwih wangun bébas anu pangleutikna. Wirjosoedarmo 1984, kc. 86 nétélakeun kecap mangrupa wangun anu boga harti léksikal jeung bisa mandeg mandiri dina kalimah. Sudaryat, spk. 2011, kc. 48 nétélakeun yén kecap mangrupa bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta ngandung harti anu tangtu. Sedengkeun Tamsyah 2010, kc. 606 dina kamus lengkep Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda méré wangenan kecap téh bagian kalimah nu bisa mandeg mandiri sarta ngandung pangartian anu tangtu. Chaer 2008, kc. 5 nétélakeun kecap dina sintaksis mangrupa bagian pangleutikna anu bisa nempatan salah sahiji fungsi sintaksis subjek, predikat, objek atawa katerang; dina morfologi mangrupa bagian panggedéna diwangun ngaliwatan salah sahiji prosés morfologi afiksasi, reduplikasi, komposisi, akronimisasi, jeung konversi. Kridalaksana dina Hernawan 2009, kc. 10 méré wangenan kecap dumasar kana unsur pangwangunna. Kecap nya éta morfém atawa kombinasi morfém anu mangrupa wangun pangleutikna tur bisa diucapkeun jadi wangun bébas; wangun Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu basa nu bisa mandeg mandiri, diwangun ku hiji atawa gabungan sababaraha morfém. Ku kituna, pedaran ngeunaan kecap teu bisa leupas tina pedaran morfém, sabab kecap diwangun ku hiji atawa sababaraha morfém tur bisa mandeg mandiri dina omongan. Morfém bébas anu bisa mandeg mandiri dina omongan disebut kecap. Sakabéh kecap téh mangrupa morfém, tapi teu sakabéh morfém mangrupa kecap. Tina sawatara pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén kecap nya éta bagian kalimah anu diwangun ku hiji atawa sababaraha morfém sarta bisa mandeg mandiri jeung miboga harti nu tangtu.

2.1.1.2 Sipat Kecap

Kecap téh mibanda sipat kompleméntér. Ku kituna, upama salah sahiji prinsip teu bisa dilarapkeun kana hiji wangun, éta wangun téh lain mangrupa kecap Hernawan, 2009, kc. 11. Sipat kompleméntér dina kecap téh nya éta kecap mangrupa wangun katatabasaan bébas pangleutikna. Kecap mangrupa wangun basa nu mibanda adegan fonologis jeung adegan semantis. Kecap mangrupa wangun basa anu mibanda stabilitas fonologis anu angger. Kecap mangrupa wangun katatabasaan anu mibanda mobilitas sintagmatis, nya éta 1 bisa dipisahkeun atawa dipindahkeun tempatna, 2 bisa dipatuturkeun tempatna, 3 bisa disuluran atawa disubstitusian, jeung 4 bisa mandeg mandiri dina omongan. Sangkan leuwih jéntré kecap mibanda sipat mobilitas sintagmatis di handap aya contona: 1 Kecap bisa dipisahkeun atawa dipindahkeun tempatna. 01 Tuti mésér acuk lebaran kamari. 02 Tuti kamari mésér acuk lebaran. 03 Kamari Tuti mésér acuk lebaran. 2 Kecap bisa dipatuturkeun tempatna. 04 Imahna loba. 05 Loba imahna. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 Kecap bisa disuluran atawa disubstitusian. 06 Kuring melak sawo. 07 Kuring panén sawo. 08 Kuring dagang sawo. 4 Kecap bisa mandeg mandiri dina omongan. 09 Réngsé? 10 Halik 11 Sumedang.

2.1.1.3 Wangun Kecap

Nurutkeun Wirjosoedarmo 1984, kc. 88 wangun kecap téh aya lima rupa di antarana waé: 1 Kecap salancar tunggal, nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém. 2 Kecap jembar kompleks, nya éta kecap anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih. 3 Kecap asal, nya éta kecap nu can ngalaman parobahan wangun, mangrupa wangun nu pangleutikna tina kecap jembar kompleks. 4 Kecap dasar, nya éta kecap nu jadi dasar wangun kecap jembar kompleks. 5 Kecap asal nu dirarangkénan, mangrupa kecap dasar nu ditambahan ku rarangkén hareup, tengah, jeung tukang. Nurutkeun Sudaryat, spk. 2011, kc. 58 minangka bagian kalimah pangleutikna, kecap miboga wangun atawa adegna nu tangtu. Ari wangun atawa adegan kecap téh mangrupa wujud kecap disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas disebut kecap salancar, ari nu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan atawa jembar. Kecap rékaan dina basa Sunda ilaharna sok diwincik jadi kecap rundayan, kecap rajékan, kecap katétan, jeung kecap wancahan. Sangkan leuwih jéntré titénan bagan wangun kecap di handap. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 2.1 Wangun Kecap Sudaryat, spk., 2011, kc. 59

a. Kecap Salancar

Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém dasar bébas, anu sok disebut léksém salancar, tanpa parobahan nanaon Sudaryat, spk., 2011, kc. 59. Prosés ngawangun kecap salancar disebut ngarékamaya derivasi zero. Tina jumlah engangna aya rupa-rupa kecap salancar, di antarana: 1 kecap salancar saengang, contona: ah, dug, jung, jig, jrut. 2 kecap salancar dua engang, contona: ucing, diuk, korsi. 3 kecap salancar tilu engang, contona: awéwé, olohok, teureugeus. 4 kecap salancar opat engang, contona: barakatak. 5 kecap salancar lima engang, contona: bolokotondo.

b. Kecap Rékaan