Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Gagal, Wastu di Wastu, Ma Inung Néwak Cahaya, Onyét, Nguseup, jeung Basa Mamah Jadi Caleg.
3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumen Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang
jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih lengkep jeung sistematis nepi ka gampang diolah Arikunto, 2010, kc. 203.
Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Kartu data dipaké pikeun ngumpulkeun data tina sumber data. Eusi dina kartu data
ngawengku judul buku, judul carpon, nomer urut, kaca buku, nomor paragrap, nomor kalimah, jeung kalimah anu ngandung kecap sulur dina buku kumpulan
carpon Ma Inung Néwak Cahaya anu dianalisis dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana. Ieu di handap conto kartu data:
No Urut: 130
Teuing ku naon atuh manéhna ngudag-ngudag, da tara
tatanya. MINCSG1461 Fungsi: gaganti jalma
Ma’na: gaganti jalma katilu tunggal
Katerangan kartu data: 1
Teuing ku naon atuh manéhna ngudag-ngudag, da tara tatanya = kalimah nu ngandung kecap sulur
2 MINCSG1461
= kode sumber cutatan MINC
= singgetan judul buku kumpulan carpon SG
= singgetan judul carpon 14
= kaca dinacarpon 6
= no paragrap dina carpon 1
= no kalimah dina paragrap 3
Analisis =
fungsi jeung ma’na dina kecap sulur
Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data ieu panalungtikan nya éta ulikan pustaka. Dipakéna ieu téhnik lantaran data panalungtikan téh mangrupa
data tinulis. Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta: 1
Maca sagemblengna buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita;
2 Nyirian kalimah nu nagndungkecap sulur;
3 Nganomeran data dumasar kalimah jeung kacana;
4 Nyalin kecap sulur nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak
Cahaya karya Mamat Sasmita kana kartu data; 5
Nyalin kecap sulur nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita kana tabél data;
6 Nyieun papasingan kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi, jeung
ma’nana; 7
Nyusun kartu data sacara alfabétis.
3.4 Analisis Data