Panalungtikan Saméméhna

Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sunda diajarkeun di jenjang sakola dasar jeung menengah, nya éta Peraturan Gubernur Jawa Barat no. 69 taun 2013 Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 3. Minangka pangajaran basa jeung sastra, basa Sunda téh miboga prinsip anu gumulung integratif, nya éta ngadumaniskeun rupining bahan kaweruh basa adegan basa jeung kandaga kecap, kaparigelan basa maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun, sarta kaparigelan sastra kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési Sudaryat, 2004, kc. 35. Ku kituna, kecap sulur kaasup kana kaweruh basa nu kudu dicangking ku siswa ngaliwatan pangajaran carpon.

2.2 Panalungtikan Saméméhna

Analisis ngeunaan kecap sulur dina karya sastra Sunda, saéstuna henteu kakara ditalungtik. Saméméhna aya sawatara panalungtikan ngeunaan kecap sulur, di antarana waé: Dina panalungtikan Evi Nopianti Gantika 2002 nu judulna “Kecap Sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SLTP ” Evi Novianty, medar yén kecap sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia téh kapanggih 4 kecap sulur kecap gaganti anu frékuénsi makéna 607 kali. Déskripsi kecap sulurna nya éta 1 wangun asal, rundayan, rajékan, jeung kantétan; 2 fungsi kecap gaganti jalma, milik, pananya, panuduh, je ung kecap gaganti teu tangtu; 3 ma‟na kecap gaganti jalma ka I, II, III, kecap gaganti milik jalma ka I, II, III, panuduh umum, cara, tempat, jumlah, pananya jalma, barang, pilihantempathal, waktu, sababalesankalakuan, kaayaansuasana, jumlah, nu teu tangtu, barang, jumlah, waktu, jeung tempat; sarta 4 distribusi di awal frasa, di ahir frasa, di awal klausakalimah, di tengah klausakalimah, jeung di ahir klausakalimah. Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka jeung téhnik analisis korpus. Dina panalungtikan Ida Yuliani 2005 nu judul na “Kecap Sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri pikeun bahan Pangajaran Basa Sunda di Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu SM P” Ida Yuliani, medar yén kecap sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri téh kapanggih 39 kecap sulur anu frékuénsi makéna 656 kali. Kecap sulur nu di déskripsikeuna nya éta: 1 wangun [wangun asal 25 kecap 84, frékuénsi makéna aya 522 kali; wangun rundayan aya 5 kecap 13, frékuénsi makéna 17 kali 3; wangun rajékan aya 5 kecap 13 frékuénsi makéna 16 kali 2; jeung kantétan aya opat kecap 10 frékuénsi makéna 101 kali 15]. 2 fungsi infleksi aya 10 kecap 26, frékuénsi makéna 33 kali 5. 3 ma‟na [kecap gagantinjalma ka I, II, III tunggal jeung jama aya 16 kecap 41, frékuénsi makéna 149 kali 23; kecap gaganti milik jalma ka I, II, III aya 3 kecap 8, frékuénsi makéna 99 kali 15 ; kecap gaganti panuduh umum, cara, tempat, aya 8 kecap 20, frékuénsi makéna 255 kali 34; kecap gaganti pananya jalma, baranghal, pilihanhaltempat, waktu, alesansabab, kaayaansuasana aya 9 kecap 23, frékuénsi makéna 171 kali 26; kecap gaganti teu tangtu hal, baranghal, cara aya 3 kecap 8, frékuénsi makéna 12 kali 2] jeung 4 distribusi [ di awal aya 102 15; di tengah aya 475 73; di ahir klausakalimah aya 77 kali 12]. Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik analisis téks, téhnik analisis korpus jeung téhnik studi dokumén. Dina panalungtikan Kania Nurlatifah 2013 nu judulna “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” Kania Nurlatifah, medar yén kecap sulur dina novel Pipisahan karangan RAF aya 58 kecap sulur anu frekuensi makéna 2982 kali. Kecap sulur miboga wangun, fungsi, jeung ma‟na. Wangun kecap sulur nya éta kecap asal, kecap rundayan, jeung kecap rajékan. Kecap sulur fungsina salaku: kecap gaganti ngaran, kecap gaganti milik, kecap gaganti panuduh, kecap gaganti pananya, jeung kecap gaganti teu tangtu. Kecap sulur dumasar kana ma‟nana aya nu disebut gaganti jalma ka I, II, III jama jeung tunggal; gaganti milik jalma ka I, II, III; gaganti panuduh halcara, sabab, tempat, jeun g umum; ma‟na gaganti pananya sabab, cara, jalma, jumlah, jeung umum; ma;na gagani teu tangtu hal, tempat, jalma, jeung jumlah. Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sulur dipaké bahan pangajaran maca basa Sunda pikeun siswa SMA kelas XI. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode analisis deskriftif jeung téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka.

2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan