Kasang Tukang Panalungtikan KATA GANTI DALAM KUMPULAN CERPEN MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARTA MAMAT SASMITA UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN DI SMP1.

Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna sistematis tur ragem konvénsional antaranggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi Sudaryat, 2004, kc. 6. Nurutkeun Tarigan 2009, kc. 3 manusa ngagunakeun basa salaku alat komunikasi pital dina kahirupan sapopoé, basa téh milik manusa, basa nya éta salah sahiji ciri pangbéda nu utama antara umat manusa jeung mahluk hirup lianna. Hartina, basa téh dijadikeun alat pikeun ngébréhkeun kahayang jeung maksud ka jalma lian dina kahirupan sapopoé. Dina penjelasan Pasal 36 UUD 1945 Sumantri, 1993, kc. 5 salah sahiji basa anu aya di nagara Indonesia téh basa Sunda anu kaasup kana basa daérah nu dipaké, dipiara, tur dimekarkeun ku masarakat basana. Ku kituna, nagara ogé miara jeung ngajén kana basa Sunda anu mangrupa salah sahiji kabudayaan nasional. Pedaran di luhur nétélakeun yén basa Sunda téh boga kalungguhan salaku basa daérah nu jadi cicirén bangsa sarta dipaké jadi alat komunikasi di masarakat nu ngagunakeun basana. Basa Sunda miboga pancén jeung fungsi nya éta 1 lambang kareueus masarakat Sunda, 2 lambang jati diri idéntitas masarakat Sunda, 3 alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, 4 pangdeudeul basa nasional, 5 basa panganteur di sakola dasar pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonesia jeung pangajaran lianna, 6 alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda Sudaryat, Prawirasumantri, jeung Yudibrata, 2011, kc. 2. Niténan pancén jeung fungsi basa Sunda nu diébréhkeun di luhur, salaku urang Sunda kudu miara jeung maké basa Sunda sangkan henteu kalindih ku basa séjén. Dina kahirupan sapopoé, aya dua tahapan diajar basa. Tahap kahiji, mangrupa tahapan diajar ngaregepkeun jeung nyarita. Kagiatanna lumangsung sacara lisan. Tahap kadua, mangrupa kagiatan diajar maca jeung nulis, kagiatanna lumangsung ngaliwatan tulisan. Ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis téh Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu mangrupa kaparigelan basa anu silih pangaruhan antara kaparigelan nu hiji jeung nu séjénna. Fungsi utama basa téh nya éta alat komunikasi pikeun nepikeun pesen anu ngawengku eusi pikiran, rasa, jeung kahayang ti hiji jalma ka jalma séjénna boh sacara lisan atawa sacara tulisan. Basa sacara tulisan bisa dipaké dina wangun fiksi jeung wangun non fiksi. Basa anu dipaké dina wangun fiksi tangtuna aya dina karya sastra. Basa dina karya sastra mangrupa wujud ékspresi pangarang anu tujuanna nepikeun amanat tina carita ka anu maca. Patalina basa jeung sastra bisa katitén ku ayana runtuyan kecap-kecap anu ngawangun jalan carita. Kecap mangrupa bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta ngandung harti anu tangtu Sudaryat, spk., 2011, kc. 48. Élmu anu ngulik ngeunaan kecap, kandaga kecap, jeung lélsikon nya éta léksikologi. Sedengkeun tata basa gramatika kaasup widang élmuning basa anu ngulik tata kecap jeung kalimah. Tata kecap minangka salah sahiji bagéan tina tata basa, maluruh jeung medar adegan kecap, cara ngawangunna, jeung warna kecap. Tata kecap mangrupa bagian tina tata basa anu maluruh ngeunaan dua hal utama nya éta wangun kecap jeung warna kecap. Wangun kecap téh wujud kecap anu disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas disebut kecap salancar, kecap anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan atawa jembar. Sedengkeun warna kecap mangrupa bagian tina kalimah anu jadi tatapakan keur nangtukeun wangunan frasa jeung klausa. Warna kecap téh dibagi jadi dua nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Hal ieu dumasar kana sipat, fungsi sarta paripolah dina kalimah. Anu kaasup kana kecap lulugu nya éta kecap barang nomina, kecap pagawéan vérba, kecap sipat adjéktiva, kecap bilangan numeralia. Dina wanda kecap barang nomina diwincik jadi opat subwarna nya éta kecap sesebutan, kecap sulur, kecap panuduh, jeung kecap pananya. Dumasar kana pedaran di luhur panalungtik boga karep pikeun ngaanalisis ngeunaan kecap sulur atawa kecap gaganti anu dipaké nyuluran kalungguhan kecap barang. Kecap sulur mangrupa salah sahiji warna kecap basa Sunda anu Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu bisa kapanggih dina karya sastra. Panalungtikan téh dipatalikeun jeung bahan ajar pikeun SMP. Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep siswa leuwih maham kana harti atawa eusi anu aya dina karya sastra contona carpon. Lian ti éta pangajaran nurutkeun kurikulum 2013 nungtut siswa sangkan bisa nyangkem eusi bacaan dina karya sastra jeung bisa ngulik kabasaana hususna basa Sunda. Carpon mangrupa salah sahiji sumber pangajaran pikeun SMP kelas VIII. Kecap sulur nu aya dina carpon téh bisa dimangpaatkeun pikeun alternatif bahan ajar sarta bisa digunakeun ku siswa dina ngébréhkeun eusi carpon, éta hal luyu jeung KIKD kurikulum 2013 nya éta KI 8.4 Mencoba, mengolah, dan menyaji dalam ranah konkret menggunakan, mengurai, merangkai, memodifikasi, dan membuat dan ranah abstrak menulis, membaca, menghitung, menggambar, dan mengarang sesuai dengan yang dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama dalam sudut pandangteori. Jeung KD 8.3.8 mengidentifikasi dan menganasilis Carpon sesuai dengan kaidah-kaidahnya, nu aya dina silabus kelas 8 Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 19. Analisis ngeunaan kecap sulur dina karya sastra Sunda geus aya nu nalungtik, di antarana waé, Kecap Sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SLTP Evi Nopianti Gantika, 2002; Kecap Sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri pikeun bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP Ida Yuliani, 2005; Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kania Nurlatifah, 2013. Panalungtikan ngeunaan kecap sulur perlu dilakukeun sangkan jadi pangdeudeul élmu pangaweruh ngeunaan kabasaan jeung pangdeudeul bahan ajar basa Sunda. Lantaran bahan ajar ogé dijieun dumasar kana kamekaran élmu pangaweruh jeung téhnologi komunikasi anu leuwih maju. Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta lian ti béda sumber datana ieu panalungtikan sacara husus nganalisis ngeunaan kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana anu kapanggih dina karya sastra wangun prosa nya éta carpon. Ieu panalungtikan nganalisis kecap sulur dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita. Ieu kumpulan carpon dipilih lantaran judul utamana matak ngirut sarta panasaran Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sangkan hayang maca. Ku kituna, ieu pana lungtikan dibéré judul “Kecap Sulur dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita pikeun Bahan Ajar di SMP ”.

1.2 Rumusan Masalah