Rumusan Masalah Tujuan Panalungtikan

Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sangkan hayang maca. Ku kituna, ieu pana lungtikan dibéré judul “Kecap Sulur dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita pikeun Bahan Ajar di SMP ”.

1.2 Rumusan Masalah

Warna kecap mangrupa bagian kalimah atawa unsur sintaksis pangleutikna tur jadi tatapakan keur nangtukeun wangunan frasa jeung klausa. Warna kecap téh dibagi jadi dua nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Anu kaasup kecap lulugu nya éta kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat, jeung kecap bilangan. Kecap barang dibagi jadi opat subwarna salah sahijina kecap sulur atawa gaganti, kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Kecap sulur téh bisa digunakeun sacara lisan atawa tulisan dina basa Sunda. Sacara tulisan bisa kapanggih dina karya sastra contona carpon. Masalah nu aya dina ieu panalungtikan diwatesanan kana warna kecap anu kaasup kana wanda kecap barang nya éta kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’na katut patalina kecap sulur dina carpon Ma Inung Néwak Cahaya jeung bahan ajar basa Sunda di SMP. Ieu panalungtikan medar ngeunaan kecap sulur. Aya sawatara masalah anu dirumuskeun patali jeung kecap sulur nu disusun dina wangun pertanyaan ieu di handap. 1 Kecap sulur naon waé anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita? 2 Kumaha wangun, fungsi, jeung harti kecap sulur basa Sunda dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita? 3 Kumaha saupama kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita dijadikeun bahan ajar di SMP?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis ngeunaan kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana. Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngeunaan kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita, f ungsi jeung ma’na kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita pikeun bahan ajar ngeunaan kecap sulur di SMP. Ari déskripsina ngawengku: 1 Jumlah kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita; 2 Wangun, fungsi jeung ma’na kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita; jeung 3 Bahan ajar kecap sulur dina maca carpon di SMP kelas VIII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan