Kalungguhan Tioritis Panalungtikan Desain Panalungtikan

Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sulur dipaké bahan pangajaran maca basa Sunda pikeun siswa SMA kelas XI. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode analisis deskriftif jeung téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka.

2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan

Kecap sulur téh mangrupa subwarna kecap barang anu dina fungsina bisa nyuluran kecap barang. Posisi kecap sulur luyu jeung posisi kecap barang dina kalimah. Minangka salah sahiji subwarna kecap barang, kecap sulur mibanda wangun, fungsi, jeung harti nu tangtu. Kecap sulur bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana basa Sunda, boh wacana lisan, boh wacana tinulis. Ieu panalungtikan medar kecap sulur nu kapanggih dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita. Éta kecap sulur téh dianalisis tina segi wangun, fungsi jeung ma‟nana. Jaba ti éta, kecap sulur nu aya dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita téh disusun deui pikeun dijadikeun bahan ajar di SMP. Tiori anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyoko kana tiori kecap ti Sudaryat, spk. anu nétélakeun yén kecap sulur nya éta kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Sangkan leuwih jéntré kalungguhan tioritis dibagankeun saperti ieu di handap. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 2.10 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan Kecap Sulur Tiori Kecap Sulur Bahan Ajar Kecap Sulur Kecap sulur salancar, rundayan, rajékan, kantétan katut fungsi jeung ma‟nana nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya. Wacana Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Wangun Kecap Sulur: Salancar, Rundayan, Rajékan jeung kantétan. Fungsi Kecap Sulur Ma‟na Kecap Sulur Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif anu ngagunakeun matode déskriptif. Desain anu dipakéna ogé mangrupa desain kualitatif. Desain panalungtikan mangrupa prosés dina ngararancang jeung ngalaksanakeun panalungtikan. Moleong dina Arikunto 2010, kc. 22 anu nétélakeun yén panalungtikan kualitatif téh nya éta panaluntikan anu datana atawa sumber datana mangrupa kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, sarta barang-barang anu ditalungtik sacara rinci sangkan ma’na nu nyamuni tina éta dokumén atawa tina éta barang bisa kacangkem. Di luhur geus disebutkeunyén dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu maksudna pikeun ngungkulan jeung ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data Arikunto, 2010, kc. 3. Dina ieu panalungtikan aya sawatara léngkah-léngkah pikeun ngararancang jeung ngalaksanakeun panalungtikan nya éta: a Ngarumuskeun masalah anu patali jeung kecap sulur, b maca carpon Ma Inung Néwak Cahaya sacara gembleng, c ngumpulkeun data ku cara milah-milah data anu kaasup kana kecap sulur, d ngolah data ku cara nganalisis sakabéh kecap sulur anu kapanggih dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana, e nyusun tabél kecap sulur dumasar wangun, fungsi jeung ma’nana, jeung f nyieun kacindekan. Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan dibagankeun saperti di handap. Resna Setiawati, 2015 KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Masalah 1 Kecap sulur naon waé anu kapanggih? 2 Kumaha wangun, fungsi, jeung harti kecap sulur? 3 Kumaha saupama kecap sulur dijadikeun bahan ajar di SMP? Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan