PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
59
3
Di luareun panto kamer, mimiti kadéngé aya nu tingalingsreuk Haseup menyan mimiti ngebekan imah Ngeplek, ambeuna nyaliara
matak eungap ngambekan. Peuting harita taya saurang anu saré, lian ti barudak leutik. Kabéh
nyararing bari barabacaan. Aya nu ngaji Yasin meunang sababaraha balik, aya nu maca Fathihah, Al Ihlas, jeung Falak-Binnas
mangpuluh-puluh balik. Malah Uana mah maké ngecewis mapatkeun jangjawokan sagala Teuing parancah kétah, da teu pati sidik, ngan
basa Arab pagalo jeung basa Jawa direumbeuy ku basa Sunda buhun
Dicutat tina Carpon ―Néng Yaya Gering Tipes‖ Karya Karna Yudibrata
4. Kecap Rundayan
1. Wangenan Kecap Rundayan
Kecap rundayan nyaéta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén afiks kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap
rundayan disebut ngararangkénan afiksasi. Cara nuliskeun rarangkén téh dihijikeun kana kecap anu diwuwuhanana.
2. Rarangkén minangka Pangwangun Kecap Rundayan
Sanggeus maca téks di luhur, pék pigawé pancén ieu di handap 1 Catet sakabéh kecap asal tina éta téks kalawan disiplin
2 Pasing-pasing éta kecap asal téh luyu jeung watékna kalawan kréatif
3 Rumuskeun pola engang tina éta kecap asal téh kalawan kukuh pamadegan
4 Tangtukeun mana kecap asal tulén jeung kecap asal serepan 5 Sebutan kecap asal nu teu bisa dijadikeun dasar ngawangun kecap
Rékaan kalawan kréatif jeung
gawé bareng
3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
60
Rarangkén atawa afiks nyaéta morfém kauger anu sok diwuwuhkeun tur napel kana wangun dasar bari miboga harti gramatikal. Contona, di- dina
kecap dibaju. Disawang tina cara jeung tempat napelna, aya lima rupa rarangkén, nyaéta
a Rarangkén hareup awalan, préfiks, anu napel di hareupeun dasar
saperti: ba-, di-, ka-, ti-, N-, pa-, pang-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, ti-, ting-
b Rarangkén tengah seselan, infiks, anu diseselkeun di tengah dasar saperti -ar-, -al-, -um-, -in-.
c Rarangkén tukang ahiran, sufiks, anu napel di tukangeun dasar saperti: -an. -eun, -keun, -na, -ing-ning.
d Rarangkén barung barungan, konfiks, nu mangrupa rarangkén tunggal minangka barungan tina dua rarangkén, biasana napel di
hareup jeung tukangeun dasar saperti ka —an, kapi-, pa—an, pang—
na, pang —keun, pi—eun, pika-, pika—eun, sa—eun, sa—na.
e Rarangkén bareng atawa gabung ambifiks, anu mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih tur napelna kana wangun
dasar teu binarung, tapi bareng wungkul saperti di-+-ar-, di- + -an, di- +-ar-+-an, di-+-keun, di-+-ar-+-keun, di-+pi-, di-+pika-, di- + pang-+-
keun, di- + pang-+ N-+-keun, di-+pang-N-+-ar-+-keun, di-+pang-N-+- ar-+-an+keun, N- + -ar-, N-+-an, N-+-ar-+-an, N- + -keun, N-+-ar-+-
keun, N-+ pi-, N-+ pika-, N-+ pang-+-keun, ka- + -keun, pa-+ N-, pang- + dipika- + -na, pang- + N-+pika- + -na, ting- + -ar- Sudaryat,
2013:55.
3. Ngawangun Kecap Rundayan