Landasan Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 38 Bahan ajar kaweruh basa jeung sastra diadumaniskeun atawa diintegrasikeun kana kagiatan aspék makéna basa. Boh bahan ajar basa boh sastra duanana jadi dadasar dina kamahéran basa atawa aspék makéna basa.Ieu prinsip nyaratkeun yén bahan ajar kudu dipidangkeun kalawan sinambung tur pakait jeung pangalaman diajar maké basa kalawan gumulung. 7 Prinsip Kaoténtikan Prinsip kaoténtikan nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu1 mangrupa matéri latihan maké basa; 2 réa méré luang jeung kasempetan ka siswa pikeun mekarkeun kaparigelan maké basa; 3 museurkeun panitén kana fungsi komunikatif basa dina pangajaran; 4 eusina mangrupa pituduh, latihan, jeung pancén-pancén bari ngamangpaatkeun média citakéléktronik saoptimal-optimalna; 5 dumasar kaba hasil analisis kabutuh maké basa siswa; 6 ngandung makéna unsur basa nu seléktif tur fungsional; sarta 7 ngadukung kawangunna pérformansi komunkatif siswa nu andal. 8 Prinsip Évaluatif Prinsip évaluatif atawa peniléyan nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu nyumponan sakurang-kurangna tilu sarat, nyaéta: ngagunakeun peniléyan nu bisa ngukur kalawan langsung kaparigelan maké basa siswa sacara gembleng tur gumulung; ngadorong siswakalawan aktif pikeun latihanmaké basa lisan atawa tinulis, boh réséptif boh produktif; jeung miang tina tur ngahasilkeu wacana lisan atawa wacana tulis.

c. Landasan Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Dina nyusun bahan ajar tilu landasan utama nu kudu jadi tinimbangan, nyaéta a landasan paélmuan, b landasan pédagogik, jeung c landasan katerbacaan. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 39 a. Landasan Paélmuan Landasan paélmuan nuduhkeun yén bahan ajar kudu disusun luyu jeung élmuna. Landasan paélmuan bahan ajar basa nyaéta élmu basa linguistik. Bahan ajar basa kudu luyu jeung mibanda ajén- inajén bebeneran élmu basa. Tina jihat élmu basa, basa téh mibanda adegan jeung cara makéna. Adegan basa nyoko kana kaédah basa, nyaéta 1 tatasora fonologi; 2 tatabasa gramatika anu ngawengku tatakecap morfologi jeung tatakalimah sintaksis; 3 kandaga kecap léksikon. Adegan basa dipatalikeun kana harti semantik jeung kontéks situasi di dunya luar basa ku élmu nu disebut pragmatik. Ari makéna basa nyoko kana opat kaparigelan basa, nyaéta nyarita, ngaregepkeun, maca, jeung nulis. Disawang tina médiumna, kaparigelan nyarita jeung ngaregepkeun kaasup kana kaparigelan basa lisan; kaparigelan maca jeung nulis kaasup kana kaparigelan basa tulis. Disawang tina prosés komunikasina, kaparigelan nyarita jeung nulis kaasup kana kaparigelan basa produktif kréatif, ari kaparigelan ngaregepkeun jeung maca kaasup kana kaparigean basa réséptif. Pangajaran basa jeung sastra Sunda miang tina tangtungan yén basa Sunda jadi pakakas komunikasi pikeun warga masarakatna. Komunikasi basa diwujudkeun ngaliwatan kagiatan maké basa lisan ngaregepkeun--nyarita jeung kagiatan maké basa tulis maca-- nulis. Ku kituna, pangajaran basa Sunda ditujulkeun pikeun ningkatkeun kaparigelan maké basa jeung pangalaman sastra sastra Sunda, kamampuh mikir jeung nalar, sarta kamampuh ngajembaran wawasan ngeunaan budaya Sunda, tur diarahkeun pikeun nyeukeutan rasa siswa. Jaba ti éta, dipiharep siswa lain ngan ukur parigel maké basa Sunda, pinter nalar, tapi sangkan peka jeung papada jalma, tur ngajénan kasang tukang kahirupan anu béda. Siswa henteu ngan nyangkem informasi anu nembrak tur sinurat, 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40 tapi anu nyamuni. Siswa henteu cukup ku ngarti, tapi bari jeung surti deuih Sudaryat, 2008. Sangkan siswa mampu ngayakeun komunikasi, pangajaran basa Sunda ditujulkeun kanakagiatan pikeun mekelan siswa parigel maké basa Sunda, boh maké basa lisan boh maké basa tulis. Siswa dilatih leuwih réa maké basa ti batan kaweruh basa. Ari pangajaran sastra Sunda ditujulkeun sangkan siswa meunang pangalaman aprésiasi jeung éksprési sastra, lain kaweruh sastra. Dina karya sastra kakandung pangalaman manusa, anu ngawengku pangalaman indrawi, rasa, hayal, jeung renungan, anu gumulung terpadu dina pangajaran basa, nu sacara gumulung diwujudkeun dina ngagunakeun basa, boh lisan boh tinulis. Ngaliwatan karya sastra siswa diajak pikeun nyangkem, ngararasakeun, jeung neuleuman karya sastra. Ari kaweruh ngeunaan sastra dipaké pikeun ngadeudeul kagiatan aprésiasi karya sastra. Ku kituna, fungsi utama sastra ngalemesan budi, ningkatkeun kaseukeut, rasa kamanusiaan, jeung ngamasarakat, numuwuhkeun aprésiasi budaya, sarta ngamalirkeun gagasan jeung imajinasi kalawan rancagé kréatif bisa kahontal tur kasalurkeun. Makéna basa Sunda anu nyata dipangaruhan ku rupa-rupa kontéks, di antarana waé, saha panyatur jeung pamiarsa, dina situasi kumaha, di mana tempatna, iraha waktuna, maké média naon, jeung naon eusi omonganana. Pikeun éta kaperluan, dina pangajaran basa bisa digunakeun rupa-rupa pamarekan kayaning pamarekan komunikatif, pamarekan kontékstual, pamarekan humanistik, jeung pamarekan saintifik, anu binarung ku rupa-rupa média jeung sumber diajar. Siswa téh kudu jadi pamilon aktif dina diajar. Patalina jeung pangajaran basa jeung sastra Sunda, siswa kudu dibéré luang saréa-réana jeung sajembar-jembarna pikeun meunang pangalaman maké basa jeung sastra Sunda, boh ngaliwatan kagiatan réséptif 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 ngaregepkeun jeung maca boh kagiatan produktif nyarita jeung nulis. Palebah dieu, perlu jadi bahan tinimbangan nyelapkeun makéna aspék-aspék basa saperti foném, kecap, kalimah, jeung alinéa.

b. Landasan Pédagogik