1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
17
Tabel 1. 2. Bahan Ajar Basa Sunda di SMASMK
KELAS X
XI XII
Biantara Deskripsi idiom
Artikel Paguneman
Wawancara Terjemahan
BiografiOtobiografi WartaIklan
Panduan acara Aksara Sunda
Bahasan Budaya ---
Tina tabél 1.3 di luhur ébréh yén bahan ajar basa Sunda di SMASMK ti kelas X=XI jumlahna aya 10 bahan ajar, anu ngawengku biantara,
paguneman, biografiotobiografi, aksara Sunda, déskripsi idiom, wawancara, wartaiklan, artikel, terjemahan, dan panduan acara.
Pancén
Pilih sasalahiji matéri tina tabél bahan ajar basa Sunda. Geus kitu, jieun bahan ajarna
4. Nangtukeun Bahan Ajar Sastra Sunda
a. Wangenan Sastra
Ari kecap sastra téh asalna tina basa Sangsekerta, castra nu hartina buku pangajaran; élmu pangaweruh; naskah; buku-buku suci. Kiwari éta harti téh
jadi ngaheureutan nya éta karya seni nu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan.
Karya sastra téh mangrupa bagian tina salah sahiji cabang tina kabudayaan nyaéta kasenian. Ilaharna kasenian, karya sastra ogé mibanda unsur
kaéndahan éstétis. Éta kaéndahan téh bisa nimbulkeun rasa kagagas, kataji, resep, ni‘mat, sarta rasa lianna anu patali jeung kasugemaan jiwa nu
macana. Lian ti bisa nyugemakéun sastra ogé gedé pisan ajénna atawa guna jeung mangpaatna. Sastra téh enas-enasna mah bisa mangaruhan
sarta bisa nimbulkeun kamungkinan-kamungkinan wawasan anu jembar tur anyar anu didadasaran ku ajén kamanusaan. Ku kituna, Rusyana 1982:3
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
18
nétélakeun yén sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa.
Karya sastra téh mangrupa ébréhan ngeunaan masalah-masalah hirup jeung huripna manusa. Hakékat jeung gambaran kahirupan manusa, tina rupa-
rupa pangalaman, parasaan, idé manusa bisa kaébréhkeun dina sastra. Hal ieu luyu jeung pamadegan Sumarjo Saini KM. 1994:3, anu nétélakeun
yén ―sastra adalah ungkapan pribadi manusia yang berupa pangalaman, pemikiran, ide semangat keyakinan dalam suatu bentuk gambaran kongkrit
yang membangkitkan perasaan dengan alat bahasa.
‖ Dina karya sastra ogé digambarkeun kasusah manusia, perjuangan, silih
asih, pagétréngna pacéngkadan jeung papada manusa atawa naon-naon hal anu nyangkaruk, anu kaalaman, anu kapanggih dina kahirupan
masarakat sapopoé réalitas objéktif. Réalitas objéktif téh bisa mangrupa kajadian-kajadian, norma-norma atawa ajén-inajén, sawangan hirup anu aya
di masarakat. Cindekna, karya sastra téh mangrupa ébréhan éksprési nu patali jeung masalah-masalah hirup jeung huripna manusa.
Basa dina karya sastra dipaké alat pikeun ngahontal ajén-inajén éstétika kaéndahan. Carana tangtu bisa rupa-rupa. Bisa ngagunakeun purwakanti,
gaya basa, pakeman basa, dicokot harti injeumanana ,jeung sajabana. Basa dina karya sastra henteu kudu basa ―kabujanggan‖ baé. Anu disebut basa
kabujanggan téh kekecapan, ungkara kalimah atawa rakitan basa nu dianggap pinunjul, anu tadina biasa dipaké ku para bujangga dina karangan.
Basa nu ku urang dipaké dina paguneman sapopoé ogé bisa dipaké dina karya sastra. Anu penting lebah ngolahna éta basa luyu jeung eusi nu
hayang ditepikeun dina karya sastra.
Dina karya sastra alat jeung ―eusi‖ téh gumulung enggoning ngawujudkeun ajén-inajén éstétis karya sastra. Upama basana wungkul nu éndah, bisa jadi
éta karya sastra ngan ngeunah kadéngéna atawa dibacana wungkul, tapi euweuh pupurieunana. Sabalikna, upama eusina alus tapi henteu
digelarkeun ngagunakeun basa nu alus, bisa jadi éta karya téh ―garing‖ atawa ‖gejed‖. Gedé kamungkinan eusina anu hadé téh moal nepi ka nu
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
19
maca atawa ngadéngékeun. Ari eusi karya sastra ngurung sajumlahing masalah kahirupan manusa. Bisa mangrupa masalah cinta, rumah tangga,
rumaja, kajiwaan, pulitik, jsb.
b. Wangun Karya Sastra