Kecap Rundayan Dirarangkénan Hareup Kecap Rundayan Dirarangkénan Tengah

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61 3

a. Kecap Rundayan Dirarangkénan Hareup

Rarangkén hareup téh nyaéta rarangkén anu napel atawa diwuwuhkeun dina awal kecap. Ku kituna, rarangkén hareup sok disebut awalan atawa préfiks Inggris: prefix. Ari prosés ngawangun kecap ku rarangkén hareup atawa préfiks disebut ngararangkénan hareup atawa préfiksasi. Ieu di handap fungsi jeung harti rarangkén hareup dina ngawangun kecap rundayan. 1 Rarangkén Hareup ba-: barempug, balayar, balabuh, badarat 2 Rarangkén Hareup di-: a pasif: diala, dibeuleum, diteunggeul jeung b aktif: dibaju, diajar. 3 Rarangkén Hareup ka-: katincak, kaangkat, kabisa, kalima 4 Rarangkén Hareup N- Rarangkén hareup N- nasal boga alomorf {m-, n-, ng-, nga-, nge, ny-} nu fungsina pikeun ngawangun kecap pagawéan anu ngandung harti ‗ngalakukeun aktif‘. Contona: maca, nulis, ngarang, ngawayang, ngecét, nyokot. 5 Rarangkén Hareup pa-: patani, padagang, paménta, pateuteup. 6 Rarangkén Hareup pang-: pangjurung, pangjajap, panggeuing. 7 Rarangkén Hareup per-: pertanda, perlambang, perbawa 8 Rarangkén Hareup pra-: prajabatan, praduga, prawacana 9 Rarangkén Hareup sa-: saturuy, sarimbag, sabada, sanggeus 10 Rarangkén Hareup sang-: sanghulu, sanghunjar, sanghareup 11 Rarangkén Hareup si-: sidéang, sibeungeut, siduru, sibanyo. 12 Rarangkén Hareup ti-: tidagor, titotog, tijeduk, tigebrus, tibeubeut 13 Rarangkén Hareup ting-pating-: tingcéréwét, patinggurilap

b. Kecap Rundayan Dirarangkénan Tengah

Rarangkén tengah téh nyaéta rarangkén anu diwuwuhkeun atawa diseselkeun di tengah-tengah kecap anu jadi wangun dasarna. Ku kituna, rarangkén tengah sok disebut seselan infiks. Prosés ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tengah disebut ngararangkénan tengah infiksasi. 1 Rarangkén Tengah –ar- 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 62 Rarangkén tengah –ar- mibanda alomorf ar-, ra-, jeung –al-. Parobahan éta wangun rarangkén téh ditangtukeun ku lingkungan morfém anu jadi wangun dasarna. Rarangkén tengah –ar- robah jadi alomorf: a –al- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku foném l atawa ditungtungan ku foném r: -ar- + bageur  balageur -ar- + leuleus  laleuleus b ar- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku fonem vokal: -ar- + anjeun  aranjeun -ar- + isin  arisin c ra- amu dilarapkeun kana wangun dasar nu ngan saengang tur diimitian ku konsonan: -ar- + beng  rabeng -ar- + clok  raclok Conto kecap dirarangkénan tengah -ar- séjénna: barudak, bareurang, marandi, garelut, barodo, gareulis, jarangkung 2 Rarangkén Tengah –in-: tinulis, ginanjar, sinerat, sinatria 3 Rarangkén Tengah –um-: gumeulis, sumujud, kumawula

c. Kecap Rundayan Dirarangkénan Tukang