Landasan Pédagogik Landasan Katerbacaan

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 ngaregepkeun jeung maca boh kagiatan produktif nyarita jeung nulis. Palebah dieu, perlu jadi bahan tinimbangan nyelapkeun makéna aspék-aspék basa saperti foném, kecap, kalimah, jeung alinéa.

b. Landasan Pédagogik

Milih bahan jeung nangtukeun leganan katut runtuyan bahan ajar kudu dumasar kana tinimbangan kamekaran diri siswa. Ieu hal téh perlu dipilampah lantaran kamekaran siswa dina tiap jenjang atikan béda-béda. Atuh dina nepikeun bahan ajar ogé kudu dipilih métodeu jeung téhnik anu cocog kana bahan ajar katut kaayaan siswa. Piaget 1997 ngagambarkeun kamekaran kognitif siswa SMA téh kieu. Kamekaran kognitif siswa SMP-SMA 12-15 jeung 15-17 taun kagolong kana mangsa adolence dina tahap formal operation.Siswa SMP-SMA mimiti mekarkeun kamampuh ngungkulan masalah ngaliwatan operasi logis. Kamampuh siswa dina ngaorganisasikeun data, nyusun alesan ilmiah, jeung ngarumuskeun hipotésis. Siswa geus bisa mikir dina ambahan nu leuwih jauh ti batan kanyataan nembrak konkrit. Siswa geus bisa mikir ngeunaan patalina hayalan nu abstrak jeung nyusun wawaran vérbal katut dalil-dalil. Patali jeung kamekaran kacerdasan siswa SMA, Gardner 1983 ngajéntrékeun anéka intelegénsi multiple intelligences anu ngawengku tujuh kacerdasan, nyaéta: a. Linguistik kamampuh basa nu fungsional; b. Logis-matematis kamampuh nalar; c. Musikal kamampuh nangkep jeung kedaling nada katut wirahma; d. Spasial kamampuh ngawangun imaji méntal ngeunaan réalitas tata rohang; e. Kinésik ragawi kamampuh pikeun ngahasilkeun gerakan motorik; 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 42 f. Intrapribadi kamampuh mikawanoh diri pribadi jeung mekarkeun rasa jati diri; g. Antarpribadi kamampuh nyangkem ayana jalma lian.

c. Landasan Katerbacaan

Bahan ajar kudu mibanda tahap katerbacaan readness. Bahan bacaan anu babari dicangkem ku siswa mibanda tahap keterbacaan nu luhur, sabalikna bahan ajar nu hésé dicangkem ku siswa mibanda tahap keterbacaan handap. Landasan katerbacaan nyoko kana keterbacaan matéri jeung katerbacaan basa. Keterbacaan matéri raket patalina jeung hésé babarina bahan ajar pikeun dibaca jeung dicangkem ku siswa. Ku kituna, bahan ajar kudu diolah tur disusun kalawan ngéntép seureuh sangkan siswa babarieun pikeun maca jeung nyangkem eusina. Katerbacaan basa raket patalina jeung hésé babarina siswa dina nyangkem basa nu digunakeun dina bacaan. Sangkan gampang dicangkemna, kalimah dina bacaan kudu écés jejer, caritaan, jeung udaganana sarta henteu paranjang teuing. Palebah dieu, bahan ajar nu keur diulik bisa némbongkeun dua hal, nyaéta: a Panjangna jeung runtuyan kecapna, frasa, kalimah, katut wacana henteu matak ngahésékeun siswa; sarta b Ma‘na kecap, frasa, kalimah, jeung wacana nu dikandungna kudu bisa dibédakeun mana ma‘na anu hésé mana nu babari.

d. Padika Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda