4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
98
C. Pedaran Matéri
Pedaran matéri ieu kagiatan patali jeung wangun katut eusi wawacan. Ayeuna pék ku Sadérék baca dina jero haté ieu pedaran kalawan tanggung jawab,
disiplin, tur gawé bareng.
1. Watesan Wawacan
Naon ari wawacan dina sastra Sunda téh? Wawacan asal kecapna tina ―waca‖ jeung ―baca‖ anu hartina sagala anu dibaca atawa anu bisa dibaca
Rosidi, 2011:11. Wawacan nyaéta carita anu didangding, digelarkeun dina puisi pupuh Iskandarwassid, 2003:168. Wawacan nyaéta buku carita
nu didangding, biasana sok ditembangkeun Satjadibrata, 1946. Wawacan mangrupa karya sastra Sunda dina wangun tinulis, mimitina dina wangun
naskah, tuluy dicetak tur dijieun buku. Wawacan nyaéta karya sastra anu ditulis dina wangun pupuh. Téks wawacan umumna panjang lantaran
eusina mangrupa carita. Lian ti éta, palaku dina carita wawacan jumlahna loba. Pupuh anu dipaké dina wawacan gunta-ganti luyu jeung robahna
épisodeu. Aya ogé wawacan nu eusina lain narasi tapi déskripsi Ruhaliah, 2013:2.
Ku lantaran ngalalakon, téks wawacan umumna paranjang, mindeng gunta- ganti pupuh, jeung biasana marengan ganti épisodeu. Unggal pupuh geus
aya laguna anu matok. Pupuh anu dipaké dina wawacan aya 17 pupuh, nyaéta Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Durma, Gambuh, Gurisa,
Jurudemung, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, jeung Wirangrong.
Wawacan ditulis dina wangun pupuh tur ditepikeun sacara lisan ditembangkeun dina pagelaran ritual nu disebut beluk. Di daérah nu
tangtu, beluk disebut macapat nu asalna tina basa Jawa macapat dibaca: mocopat jeung di daérah Majalengka disebut gaok Ruhaliah, 2013:5.
Tapi henteu sakabéh lalakon wawacan biasana dipidangkeun dina beluk Iskandarwassid, 2003:168. Nurutkeun Sumardjo 2011:108, seni beluk
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
99
mangrupa seni maca wawacan di hareupeun umum. Lamun aya seni beluk, geus tangtu aya wawacan.
2. Sajarah Kamekaran Wawacan
Gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kira dina mangsa kadua abad ka-19.
Harita Tatar Sunda dieréh ku Karajan Mataram Islam. Parabupati Sunda, utamana anu wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di
Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat- cahara di ditu ka Tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih pangagung
urang Mataram anu ditempatkeun di urang. Éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar paraménak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra,
urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan.
Lain paraménak baé deuih anu gedé andilna asupna wawacan kana sastra Sunda téh. Paraulama ogé teu éléh gedé andilna. Kalolobaan ulama atawa
ajéngan anu boga pasantrén di urang, saméméhna kungsi masantrén di Wétan. Teu béda ti parabupati, balikna mawa adat-cahara ti ditu. Nya di
antarana mawa wangun guguritan jeung wawacan. Malah nerékabna para ajéngan. Salah sahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh kapanggih
wawacan-wawacan anu ditulis ku aksara Arab Pégon di pilemburan anu singkur. Eusina mangrupa da‘wah Islamiyah.
Mekarna wawacan dina sastra Sunda téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung
disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun nyalin kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku
balaréa. Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongéng, hikayat,
jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku;
dibarengan ku ciptaan-ciptaan alanyar, sarta wandana ogé anyar.
Wawacan lain wangun karya sastra Sunda asli lantaran kapangaruhan ku sastra Jawa nu asup ka kaum bangsawan wewengkon kabupatén jeung
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
100
ulama Islam pasantrén di tatar Sunda. Asupna pangaruh Jawa kana sastra Sunda aya dina abad ka-18, katitén tina ayana wawacan nu judulna
Cariosan Prabu Siliwangi nu ditulis antara taun 1746-1753 Maséhi. Pangaruh Mataram sacara politis di daérah Priangan ti kuartal kahiji abad
ka-17. Ti harita, basa Jawa dipaké salaku basa dines dina pamaréntahan di Priangan jeung dipaké alat komunikasi antara Priangan jeung Mataram.
Antukna sastra Jawa asup ka wewengkon kabupatén tur dipikaresep ku ménak. Lian ti éta, sumebarna agama Islam ka daérah-daérah Jawa Barat
ngabalukarkeun wawacan asup ka pasantrén ngaliwatan para ulama JawaCirebon. Sumebarna tembang macapat di ulama Islam patali jeung
tradisi sajarah Jawa dina periode Islam. Ieu katitén yén dina mangsa periode Islam, tembang macapat mangrupa salasahiji unsur budaya Jawa
nu dijieun ku para wali.
Nurutkeun Iskandarwassid 2003, mimiti mekarna wawacan dibawa ku para ulama di pasantrén-pasantrén jeung bupati sarta pamongpraja nu
pernah diajar pupuh jeung basa Jawa. Ieu katitén tina lobana wawacan nu eusina mangrupa ajaran agama Islam jeung carita Islami boh saduran boh
asli. Dina kamekaran saterusna, wawacan sumebar di para bangsawan jeung priyayi Sunda saperti bupati, demang, jeung pejabat agama Islam
panghulu jeung Kalipah.
Ékadjati dina Ruhaliah, 2013: 6 nétélakeun yén idéntitas nu nulis atawa nu nyusun naskah asalna ti kahirupan sosial nya éta wewengkon
karatonpendopo, agama mandala, pasantrén, kaum, jeung wewengkon rahayat biasa tani, tokoh adat, dukun, guru. Wawacan di wewengkon
pendopo réréana ditylis ku aksara cacarakan, ari di wewengkon pasantrén lolobana maké aksara Pégon. Sanggeus dipikawanoh budaya maca jeung
nulis aksara Latin di masarakat Sunda jeung ayana percetakan ku pamaréntahan Walanda, tuluy wawacan ditulis jeung dicetak dina aksara
Latin. Wawacan sumebar dina abad ka-19 nepi abad ka-20. Wawacan nu mimiti
dicetak nya éta Wawacan Raja Sudibja nu ditulis ku Muhammad Musa taun
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
101
1862 maké aksara Cacarakan. Di Bandung dicitak Wawacan Angling Darma karya R.A.A. Martanagara taun 1906.
Nurutkeun Rosidi dina Ruhaliah, 2013:8, dina ahir abad ka-19 nepi abad ka-20 wawacan diangken salaku puncak cita-cita kasusastraan Sunda. Nu
nulis wawacan ogé nambah réa lain ngan saukur di pasantrén jeung bangsawan wungkul, tapi ogé guru jeung pagawé pamaréndah. Dina taun
1864, Haji Hasan Mustapa lalajo tembang beluk salaku salasahiji kasenian nu dipagelarkeun dina acara manggul paré nu Dalem Garut Lubis dina
Ruhaliah, 2013:8.
Mekarna wawacan kaitung gancang sanggeus diajarkeun pupuh di sakola- sakola. Lian ti éta wawacan dipintonkeun ogé dina acara beluk, mamaca
atawa gaok Majalengka nu dijadikeun media dina ngawanohkeun téks wawacan di masarakat. Dina mangsa Perang Dunia II nepi ka ayeuna,
geus jarang aya nu nulis wawacan.
Téks wawacan nu dibaca dina beluk biasana dipilih luyu jeung tujuan pagelaran. Wawacan nu didangdingkeun dina acara ngabagéakeun orok
nu kakara babar biasana maké Wawacan Nabi Paras, Layang Séh Abdulkadir Jaélani. Wawacan nu didangdingkeun dina acara kawinan nya
éta Wawacan Suryanala, Wawacan Danumay.
3. Fungsi Wawacan