Wangenan Kecap Asal Watek Kecap Asal

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 54 Sudaryat, Spk., 2013. Wangun kecap téh gurat badagna bisa dibagankeun kieu. Bagan 3. 1. Wangun Kecap WANGUN KECAP Kecap Asal Kecap Rékaan Kecap Kecap Kecap Kecap Rundayan Rajékan Kantétan Wancahan

3. Kecap Asal

a. Wangenan Kecap Asal

Kecap diwangun ku unsur-unsur anu disebut morfém, aya nu hiji morfém aya nu leuwih. Kecap nu diwangun ku hiji morfém disebut kecap salancar, ari anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan. Kecap bisa sarua jeung morfém bisa henteu. Henteu kabéh morfém mangrupa kecap. Ari sababna, anu disebut kecap mah ngan morfém bébas wungkul, nyaéta morfém anu bisa madeg mandiri dina omongan atawa kalimah. Cindekna, kecap téh sarua jeung morfém bébas atawa unggal morfém bébas mangrupa kecap. Tina katerangan di luhur bisa disebutkeun yén kecap asal atawa kecap salancar téh nyaéta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas, anu can diréka atawa dijembaran, boh dirarangkénan jeung dirajék boh dikantétkeun. Ari nu dimaksud ku morfémna sorangan nyaéta wangun basa pangleutikna nu ngandung harti. Contona: 05 budak bageur indit ka pasar PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 55 3 Kecap-kecap saperti budak, bageur, indit, ka, jeung pasar, masing- masing mangrupa kecap asal lantaran diwangun ku morfém bébas anu can diréka atawa dijembaran, boh dirarangkénan atawa dirajék boh dikantétkeun jeung morfém séjén. Aya sawatara ciri kecap asal, di antarana waé: 1 Kecap asal diwangun ku hiji morfém bébas; 2 Kecap asal sipatna basajan atawa tunggal salancar; 3 Kecap asal masih kénéh tulién atawa can diréka atawa dijembaran; 4 Kecap asal umumna jadi dasar pikeun ngawangun kecap jembar; 5 Kecap asal sipatna bébas tur bisa madeg mandiri dina kalimah.

b. Watek Kecap Asal

Kecap asal atawa kecap salancar mibanda watek nu tangtu. Dumasar kana jumlah engang anu jadi pangwangunna, dina basa Sunda kapanggih aya rupa-rupa wangun kecap asal saperti ieu di handap . a Kecap Asal Ékaengang Kecap asal ékengang mangrupa kecap salancar anu diwangun ku saengang atawa hiji engang. Contona, kecap ah, dug, jung, jig, jeung jrut masing-masing mangrupa kecap asal atawa kecap salancar. b Kecap Asal Dwiengang Kecap asal dwiengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku dua engang. Contona, kecap kuring, diuk, dina, jeung korsi. c Kecap Asal Triengang Kecap asal triengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku tilu engang. Contona: awéwé, olohok, jeung teureugeus. d Kecap Asal Caturengang Kecap asal caturengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku opat engang. Contona: barakatak jeung balakutak. e Kecap Asal Pancaengang 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 56 Kecap asal pancaengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku lima engang. Contona: bolokotondo.

c. Adegan Kecap Asal