3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
62
Rarangkén tengah –ar- mibanda alomorf ar-, ra-, jeung –al-.
Parobahan éta wangun rarangkén téh ditangtukeun ku lingkungan morfém anu jadi wangun dasarna. Rarangkén tengah
–ar- robah jadi alomorf:
a –al- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku
foném l atawa ditungtungan ku foném r: -ar- +
bageur
balageur -ar- +
leuleus
laleuleus b ar- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku
fonem vokal: -ar- +
anjeun
aranjeun -ar- +
isin
arisin c ra- amu dilarapkeun kana wangun dasar nu ngan saengang
tur diimitian ku konsonan: -ar- +
beng
rabeng -ar- +
clok
raclok Conto kecap dirarangkénan tengah -ar- séjénna: barudak,
bareurang, marandi, garelut, barodo, gareulis, jarangkung
2 Rarangkén Tengah –in-: tinulis, ginanjar, sinerat, sinatria
3 Rarangkén Tengah –um-: gumeulis, sumujud, kumawula
c. Kecap Rundayan Dirarangkénan Tukang
Rarangkén tukang mangrupa rarangkén anu ditapelkeun di ahir atawa diwuwuhkeun di tukangeun wangun dasarna.Ku kituna, rarangkén
tukang sok disebut ahiran sufiks. Prosés ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tukang disebut ngararangkenan tukang sufiksasi.
1 Rarangkén Tukang
–an: gantungan, wadahan, babarian, puluhan 2 Rarangkén Tukang
–eun: dahareun, alaeun, kuuleun, éraeun 3 Rarangkén Tukang
–keun: beubeurkeun, cindekkeun, tuliskeun 4 Rarangkén Tukang
–na
Rarangkén tukang –na baga alomorf –ana jeung –nana.
Rarangkén tukang –na robah jadi:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
63
3
a –ana mun ngantét kana wangun dasar nu dirarangkénan –eun:
araheun +
-na
araheunana cooeun
+ -na
cooeunana
b -nana mun ngantét kana wangun dasar nu ngan dua engang: éta
+ -na
étanana
dua +
-na
duanana
5 Rarangkén Tukang –ing-ning
Rarangkén tukang –ning boga alomorf –ing mun dikantékeun kana
wangun dasar nu ditungtungan ku konsonan. Contona: a
–ing
awahing, mungguhing, bakating b
–ning
éstuing, kersaning, wantuning.
6 Rarangkén Tukang –man-wan-wati
Rarangkén tukang –man-wan-wati mibanda fungsi pikeun
ngawangun kecap barang anu hartina ‗ahlitukang‘. Contona: budiman, wartawan, sastrawati.
d. Kecap Rundayan Dirarangkénan Barung
Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan jeung rarangkén séjénna dina waktu ngawangun kecap rundayan. Ku kituna,
rarangkén barung sok disebut barungan konfiks. Saenyana, konfiks mangrupa singgetan tinakonfigurasi afiks, nyaéta rarangkén anu
cicingna misah tapi barung dina ngawangun kecap. Prosés ngawangun kecap rundayan ku rarangkén barung disebut
ngararngkénan barung konfiksasi. Ciri utama kecap nu kakeunaan ku rarangkén hareup lamun salasahiji rarangkénna dipisahkeun, éta
kecap taya hartian.
1 Rarangkén Barung ka —an: kadaharan, kabupatén, kaalaman
2 Rarangkén Barung kapi-: kapibapa, kapiadi, kapilanceuk. 3 Rarangkén Barung pa
—an: pasawahan, pabéasan, pamohalan. 4 Rarangkén Barung pang
—keun: pangmawakeun, pangmeulikeun, 5 Rarangkén Barung pang
—na: pangbageurna, panggeulisna 6 Rarangkén Barung pi
—an: pilemburan, pileumpangan
3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
64 7 Rarangkén Barung ting
—ar-: tinggaluher, tingraringkel 8 Rarangkén Barung pika-: pikabogoh, pikameumeut, pikangéwa.
9 Rarangkén Barung pika —eun: pikangéwaeun, pikalucueun.
10 Rarangkén Barung sa —an: sabréhan, sakedapan, sajongjongan
11 Rarangkén Barung sa —eun: sahandapeun, sahoseun, sakalieun,
12 Rarangkén Barung sa —na: saalusna, sapinterna, saenyana
e. Kecap Rundayan Dirarangkénan Gabung