Péta Kompeténsi Ambahan Matéri Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 5

C. Péta Kompeténsi

Bagan 1. 1. Péta Kompetensi Kagiatan Diajar Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Basa Sunda KK E

D. Ambahan Matéri

Bahan anu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar Kelompok Kompeténso E nyoko kana wengkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda, kaédah basa wangun kecap, sarta tiori jeung génre sastra wawacan katut aprésiasina. Saluyu jeung ambahan éta bahan, pidanganana diwangun ku 4 Kagiatan Diajar saperti ieu di handap. Kompeténsi Pédagogik: Mampuh nyangkem jeung mekarkeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda. 2. Milih tur Ngolah Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda 1. Nangtukeun Ambahan Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda 3. Wangun Kecap: a. Kecap Asal b. Kecap Rundayan c. Kecap Rajékan d. Kecap Kantétan é. Kecap Wancahan Kompeténsi Profésional: Mampuh nyangkem jeung ngaidéntifikasi wangun kecap, sarta aprésiasi unsur intrinsik wawacan. 4. Wawacan a. Wangun Wawacan b. Unsur Intrinsik Wawacan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 6 Kagiatan Diajar I: Medar ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda hakékat, gunana jeung kualitas bahan ajar, ambahan bahan ajar basa Sunda, ambahan bahan ajar sastra Sunda. Kagiatan Diajar II: Medar cara milih jeung ngolah bahan ajar basa jeung sastra Sunda luyu jeung kaayaan siswa arah pangajaran, perluna nangtukeun bahan ajar, perluna milih bahan ajar, tujuan nyusun bahan ajar, prinsip- prinsip nyusun bahan ajar, landasan nyusun bahan ajar, padika nyusun bahan ajar. Kagiatan Diajar III: Medar wangun kecap basa Sunda wangenan kecap, kecap asal, kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan jeung wancahan Kagiatan Diajar IV: Medar wawacan wangenan wawacan, kamekaran wawacan, fungsi wawacan, wangun jeung eusi wawacan, sasmita pupuh dina wawacan, aprésiasi jeung éksprési wawacan.

E. Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar

Aya sawatara hal nu perlu ditengetan dina ngulik ieu modul. Kahiji, sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna keur sadérék. Kadua, sadérék kudu narékahan sangkan meunang informasi tina modul nu dibaca. Katilu, sadérék kudu niténan jeung migawé latihan nu dipidangkeun dina tiap ahir jejer pedaran. Titénan jeung lampahkeun sakur bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina tiap bahan nu dipidangkeun. Ulah poho pigawé sakur latihan jeung évaluasi dina tiap bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék dina ngawasa bahan ieu kagiatan diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawengku 1 bahan ajar basa jeung sastra Sunda, 2 kaédah basa wangun kecap, 3 tiori jeung génre sastra wawacan, sarta 4 kaparigelan basa Sunda dina aprésiasi jeung éksprési sastra Sunda. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 Dina ngulik éta bahan Kagiatan Diajar téh, Sadérék kudu maca jeung ngajawab latihan dina Kagiatan Diajar kalawan ngaruntuy. Ari sababna, bahan dina Kagiatan Diajar 1 jadi dasar pikeun bahan dina Kagiatan Diajar 2, jst. Lamun manggihan bangbaluh dina nyangkem bahan jeung ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka instruktur. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 KOMPETENSI PEDAGOGIK BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 KAGIATAN DIAJAR 1 AMBAHAN BAHAN AJAR BASA JEUNG SASTRA SUNDA SMASMK

A. Tujuan