PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
77
3
16 Wangun Rajékan teu R: teu euleum-euleum, teu petot-petot, teu
datang-datang
17 Wangun Rajékan teu R acan: teu bodo-bodo acan, teu alus-alus
acan
d. Fungsi Ngarajék Kecap
Minangka salasahiji wangun prosés morfologis, ngarajék kecap ogé mibanda dua fungsi, nyaéta fungsi gramatik jeung fungsi semantik.
Fungsi gramatik bisa disebut ‖fungsi‖ wungkul, ari fungsi semantik bisa disebut ―ma‘na‖ Ramlan, 1985:90. Fungsi ngarajék kecap bisa mibanda
fungsi infléksi anu teu ngarobah warna kecap, bisa mibanda fungsi dérivasi anu ngarobah warna kecap. Fungsi dérivasi ngarajék nyoko kana
fungsi nominal, fungsi vérbal, fungsi adjéktival, fungsi numeral, jeung fungsi advérbial.
1 Fungsi Nominal
Fungsi nominal nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap barang boh tina warna kecap barang boh tina warna kecap séjén.
Contona: bawa KP
babawaan gedé KS
gegedén iring Cakal
iring-iringan
2 Fungsi Vérbal
Fungsi vérbal nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap pagawéan boh tina warna kecap pagawéan boh tina warna kecap
séjén. Contona: béja KB
bébéja reuwas KS
ngareureuwas sodor Cakal
disodor-sodorkeun
3 Fungsi Adjektival
Fungsi adjéktival nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap sipat boh tina warna kecap sipat boh tina warna kecap séjén. Contona:
3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
78
ati KB
ati-ati asa Cakal
asa-asa
dor KA
dar-dér-dor
4 Fungsi Numeral
Fungsi numeral nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap bilangan boh tina warna kecap biangan boh tina warna kecap séjén.
Contona: likur Cakal
manglikur-likur
pirang Cakal
mangpirang-pirang dua KBil
sadua-dua
5 Fungsi Advérbial
Fungsi advérbial nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap panambah katerangan boh tina warna kecap panambah boh tina
warna kecap séjén. Contona: Kitu KGt
sakitu-kituna
leres KS
leres-leres lima KBil
salima-lima
é. Harti Ngarajék
Harti ngarajék nyaéta harti anu muncul balukar ayana prosés ngarajék tina wangun asal kana wangun rajékan. Aya rupa-rupa harti ngarajék.
1 Harti ‗kaayaan hiji hal‘: ati-ati, asa-asa, acak-acakan, awur-awuran,
babarengan 2 Hart
i ‗rupa-rupa‘ divérsitas: beubeutian, bongborosan, kekembangan, tulang-taléng
3 Harti ‗kalakuan teu enya-enya‘ diminutif: anjang-anjangan,
kekedengan, pipilueun 4
Harti ‗séwang-séwangan‘ distributif: hiji-hiji, saeutik-saeutik, sabogana-sabogana
5 Harti ‗padahal‘ eksesif: saloba-loba, saalus-alus, sagedé-gedé
6 Harti ‗sering‘ frékwéntatif: ampun-ampunan, gogodeg, blag-blig-blug
7 Harti ‗ngantebkeun‘ intésitas: leres-leres, nyenyekel, nginget-nginget
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
79
3
8 Harti ‗niru-niru‘ imitatif: babalongan, momobilan, peupeureuman
9 Harti ‗naon-naon nu di-‗ indeterminatif pasif: babawaan, dédéngéan
10 Harti ‗sababaraha kali teu tangtu‘: lulumpatan, rumpad-rampid
11 Harti ‗hayang leuwih‘: paalus-alus, paheula-heula, pagedé-gedé
12 Harti ‗tuluy-tuluyan‘ kontinuitas: babarengan, ador-adoran,ider-ideran
13 Harti ‗ngan saukur limitatif‘: hiji-hijina, sakitu-kituna
14 Harti ‗réa‘ plural: baju-baju, buku-buku, bangku-bangku
15 Harti ‗réa teu tangtu‘ plural-indeterminatf: naon-naon, lubak-libuk
16 Harti ‗réa tur sering‘ plural frékwéntatif: cut-cat, dur-dor, sung-song
17 Harti ‗ampir pisan‘ perfektif-futuratif: sader-dereun, sajung-jungeun
18 Harti ‗bagian‘ partitif: bobodas, beubeureum, hihideung
19 Harti ‗pabales-bales‘ resiprokatif: pabéja-béja, pagulung-gulung
20 Harti ‗hasil‘ resultatif: kekecapan, omong-omongan
21 Harti ‗paling‘ superlatif: gegedéna, lolobana, panggedé-gedéna
22 Harti ‗ngadadak‘: nyaho-nyaho, témbong-témbong
23 Harti ‗lalawanan‘: budak-budak resep ngaroko
24 Harti ‗salila‘: sajajalan, sapopoé, sapeupeuting
25 Harti ‗dianggap jadi‘: pupuhu, kokolot, dadasar
26 Harti ‗tuluy-tuluyan teu dihaja‘: kababawa, kapopohokeun
Pancén
Baca téks ieu di handap kalawan disiplin jeung tanggung jawab
VISI INDONĖSIA MERDĖKA PARA PANYAJAK SUNDA
Ieu buku antologi Sajak Sunda Indonésia Emas, alhamdulillah bisa medal ku ayana gawé bareng antara Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, Yayasan
Dana Budaya Sunda, Yayasan Pembangunan Jawa Barat, Fakultas Sastra UNPAD, Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Sunda FPBS IKIP Bandung,
Kanwil Dikbud Propinsi Jawa Barat, Dinas P dan K Propinsi Dati I Jawa Barat, Penerbit CV GEGER SUNTEN, jeung para panyajak Sunda.
Medalna ieu buku téh dipimaksud pikeun miéling ulang taun kamerdékaan Indonésia Emas.
Lalampahan puisi Sunda salila 49 taun anu témana némbongkeun citra jeung
3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
80
cita-cita kamerdékaan anu jadi ébréhan panyajak ti jaman anu micangcam jeung merjoangkeun ngadegna nagara Républik Indonésia nepi ka jaman
pangwangunan kiwari, bakal natrat ngagendat benang emas angen-angenna jeung persépsi para pangarang anu kagambarkeun dina larik-larik puisi nu
artistik, dina diksi anu apik, dina ungkaban anu spontan jeung babandingan anu épéktif katut idiom-idiom dina ungkara anu sarieup geusan ngedalkeun
kereteg haté anu bolékér tur jujur dina énggoning buméla ka lemah cai. Puisi téh sarana éksprési aci-acining kahirupan, ébréhan pangalaman ati
sanubari pribadi panyajak anu pohara telebna. Wangun paguneman akal budi anu teu weléh aléwoh madungdengkeun ajén-inajén kahirupan boh jeung
dirina, boh jeung sasama katut lingkunganana, boh jeung anu nyiptakeunana, sabab diolah ku panyajakna kalawan rancagé tur kréatif bakal namper
ngawujud jadi puisi. Éta puisi ésénsina baris katangén dina misi jeung si‘arna,
sarta bakal katitén dina téma jeung ma‘nana. Ku jalan maca bari ngalenyepan eusi ieu buku antologi Sajak Sunda
Indonésia Emas dipiharep urang bakal bisa neuleuman kumaha jerona sagara rasa jeung kumaha tarahalna perjalanan batin nu kasorang ku para
panyajak énggoning ngama‘naan enas-enasna kamerdékaan. ―Sunda‖ ngan sakadar sétting tempat minangka lokasi tatapakan pangapakan
para panyajak pikeun ngayakeun interaksi jeung lingkunganana. Lingkungan ka-Sundaan miboga pancén jeung fungsi stimulus boh luar boh jero, waktu
ngaharéwoskeun imprési-imprési nurani panyajak. Sedengkeun ambahan sawanganana ngabelesat ka jomantara langit jurit kamanusaan anu univérsal
ngébréhkeun visi dirina dina suasana agamis nu teu weléh syukuran kana ni‘mat jeung rahmat kamerdékaan kurnia Illahi sabada dibeuli ku teuasna
sumanget patriotis waktu ngabéla lemah cai paku sarakan tina rupa-rupa gogoda rancana, halangan harungan, jeung gangguan katut ancaman.
Ku maca ieu buku antologi Sajak Sunda Indonésia Emas kalawan gemet, i
nsya Allah urang bakal bisa meunang kani‘matan éstétis jeung kajembaran sukma nu tan wates nepi ka hirup-hurip urang bisa leuwih arip tur wijaksana.
Muga-muga baé. Bandung, Agustus 1995
H. Karna Yudibrata
Dicutat tina Lir Cahya Eunteung Nyorot Pancén Sadérék ayeuna:
1. Catet sakabéh kecap rajékan nu aya dina wacana di luhur 2. Rumuskeun pola ngarajékna
3. Terangkeun fungsi jeung harti tina ngarajékna