1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
23
Sisindiran ---
---
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar
tanggung jawab jeung disiplin 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun
jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina
diskusi jeung kancamitra séjénna.
E. Latihan
Jawab sakur pananya atawa paréntah ieu di handap kalawan disiplin jeung tanggung jawab
1. Kumaha ceuk pamadegan Sadérék perkara bahan ajar? 2. Keur naon gunana bahan ajar dina prosés pangajaran basa?
3. Sebutkeun sasaruaan jeung bédana antara paguneman jeung
wawancara? 4. Kumaha patalina téma jeung bahan ajar basa Sunda?
5. Tétélakeun gurat badagna bahan ajar basa Sunda? 6. Tétélakeun pangna sastra dianggap situasi gembleng tina karya seni
7. Tétélakeun bédana karya sastra prosa jeung puisi 8. Naon sababna pangajaran sastra kudu nyoko kana trisula: aprésiasi,
rekréasi, jeung ré-kréasi? 9. Kumaha ambahan bahan ajar sastra Sunda di SMASMK?
10. Tétélakeun perkara aprésiasi sastra jeung éksprési sastra dipatalikeun kana kaparigelan basa ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
24
F. Tingkesan
Bahan ajar nyaéta beungkeutan matéri anu disusun kalawan ngéntép seureuh nepi ka kawangun lingkungan atawa suasana nu ngagiring siswa
pikeun diajar. Bahan ajar gedé gunana pikeun guru minangka tuturus dina aktivitas ngajarna, pikeun siswa minangka tuturus dina aktivitas diajar, sarta
alat évaluasi dina ngahontal hasil diajar.
Ambahan bahan ajar basa patali jeung matéri poko kaweruh basa. Kaweruh basa nyoko kana konsép basa, anu patali jeung unsur basa katut kaédah
basa. Diajarkeunana matéri poko kudu dipatalikeun kana kagiatan makéna basa nyarita, ngaregepkeun, nulis, jeung maca. Eusi kamahéran basa
nyoko kana téma kahirupan sosial budaya. Pangajaran basa diadumaniskeun terintegrasi kana pangajaran makéna
basa, kamahéran basa, atawa kaparigelan basa. Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan
diadumaniskeun kana aspék nulis jeung maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga kecap diadumaniskeun kana sakumna aspék
kamahéran basa.
Sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Élmu anu ngulik sastra
disebut élmuning sastra. Aya tilu widang élmuning sastra, nyaéta sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra.
Karya sastra Sunda ngawujud dina wangun lancaran prosa, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Dina karya sastra
kakandung rupa-rupa ajén kahirupan manusa nu bisa dijadikeun eunteung ku nu macana.
Pikeun nepikeun ajén kahirupan dina karya sastra perlu ditepikeun ka anak incu ku cara diajarkeun. Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan siswa
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
25
mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra. Pangalaman sastra nyoko kana pangalaman aprésiasi sastra jeung pangalaman éksprési sastra.
Bahan ajar sastra anu ditepikeun ngawengku narasi, dongéng, carpon, pangalaman pribadi, mantra, pupuh, guguritan, wawacan, carita pantun,
pupujian, kakawhan, rumpaka kawih, sisindiran, sajak, novel, jeung drama.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku