Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda di KIKD SMASMK

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 22 Ékspresi sastra mangrupa kagiatan kreatif dina nyastra saperti ngadongeng, cacarita, ngarang, deklamasi, maca éndah, jeung merankeun atawa ngaragakeun téks drama. Dina pangajaran éksprési sastra, siswa dibéré kasempatan jeung dorongan pikeun ngedalkeun dirina maké basa. Siswa kudu bisa nyusun cita jeung pangalamanana dina wangun anu keuna. Siswa kudu bisa nyarita jeung ngarang anu hadé. Tujuan pangaweruh sastra ngawengku pangaweruh ngeunaan sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Tujuan pangaweruh sastra raket patalina jeung tujuan pangalaman sastra. Miang tina pangalaman siswa kana sastra, tuluy dibéré pangaweruh, nepi ka siswa meunang wawasan ngeunaan pangalamanana. Upamana waé, pangaweruh ngeunaan wangun sastra, warna sastra, jeung adegan sastra. Dumasar kana katerangan di luhur, écés yén pangajaran sastra nyoko kana aprésiasi sastra, éksprési sastra, jeung pangaweruh sastra. Ceuk Wirajaya 2005:2-5, prosés pangajaran sastra kudu nyoko kana tilu ujung tumbak trisula, nyaéta 1 aprésiasi, 2 rékréasi, jeung 3 re-kreasi. Apresiasi mangrupa ngararasakeun karya sastra, rékréasi meunang hiburan tina karya sastra, jeung ré-kréasi mangrupa nyusun karya sastra.

d. Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda di KIKD SMASMK

Wengkuan bahan ajar sastra Sunda geus dijinekkeun dina kurikulum. Ambahan jeung runtuyan bahanna tiap ganti kurikulum aya bédana, najan dina enas-enasna mah sarua baé, nyaéta nyoko kana kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési sastra. Jaba ti éta, wengkuan bahan ajar sastra ditangtukeun ogé ku tahap jenjang atikan saperti SMASMK. Tabel 1. 3. Bahan Ajar Sastra Sunda di SMASMK KELAS X XI XII BiografiOtobiografi Rumpaka kawih Wawacan Dongéng Sajak Carita pantun Carita wayang Mantra Drama Carpon Novel --- 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 23 Sisindiran --- ---

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab jeung disiplin 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan

Jawab sakur pananya atawa paréntah ieu di handap kalawan disiplin jeung tanggung jawab 1. Kumaha ceuk pamadegan Sadérék perkara bahan ajar? 2. Keur naon gunana bahan ajar dina prosés pangajaran basa? 3. Sebutkeun sasaruaan jeung bédana antara paguneman jeung wawancara? 4. Kumaha patalina téma jeung bahan ajar basa Sunda? 5. Tétélakeun gurat badagna bahan ajar basa Sunda? 6. Tétélakeun pangna sastra dianggap situasi gembleng tina karya seni 7. Tétélakeun bédana karya sastra prosa jeung puisi 8. Naon sababna pangajaran sastra kudu nyoko kana trisula: aprésiasi, rekréasi, jeung ré-kréasi? 9. Kumaha ambahan bahan ajar sastra Sunda di SMASMK? 10. Tétélakeun perkara aprésiasi sastra jeung éksprési sastra dipatalikeun kana kaparigelan basa ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis