1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
21
Dina drama aya tukang cacarita nu disebut juru catur narator. Tugas juru catur nerangkeun paripolah palaku, latar tempat jeung latar waktu
nya éta katerangan-katerangan nu kudu dicangkem, boh ku sutradara boh ku palaku, upama éta karangan drama rék dipagelarkeun.
Aya rupa-rupa carita drama. Dumasar kana waktuna, aya 1 drama heubeul klasik saperti longsér, uyeg, ubrug, dogér, topéng,
sandiwara, pertunjukan ra’yat ronggéng, upacara; 2 drama semi- modéren tur dihaleuangkeun saperti dramaswara, gending karesmén,
purnadrama, jemblungan; jeung 3 drama modéren nu dilakonkeun saperti galuran, drama, jeung téater Isnendes, 2010:24.
c. Pangajaran Sastra
Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan siswa mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra Rusyana, 1982:6-9. Tujuan pikeun
meunang pangalaman sastra ngawengku a tujuan meunang pangalaman dina ngaprésiasi sastra jeung b tujuan meunang
pangalaman dina ngéksprésikeun sastra. Tujuan pikeun meunang pangaweruh sastra ngawengku pangaweruh ngeunaan sajarah sastra,
tiori sastra, jeung kritik sastra. Kritik sastra ngawengku analisis, interprétasi, dan peniléyan sastra.
Tujuan pangalaman sastra bisa dihontal ku kagiatan aprésiasi jeung éksprési sastra. Éta dua kagiatan téh silih deudeul. Ku ngaliwatan éta
kagiatan téh dipiharep siswa bakal meunang pangalaman sastra. Satuluyna, siswa dipiharep meunang citarasa ajén-inajén anu hadé jeung
sikep kréatif.
Aprésiasi sastra mangrupa kagiatan ngawanohkeun pangalaman hirup anu jero anu dikandung ku sastra, sarta aya hasrat katut méré jawaban.
Dina pangajaran apresiasi sastra, siswa dibere kasempatan pikeun mekarkeun apresiasina sorangan. Siswa dikondisikeun kana lingkungan
anu keuna, upamana, disadiakeun bahan sastra sangkan siswa resep maca, didorong pikeun mikawanoh hasil sastra, ngadyakeun kontak ku
jalan maca, tuluy ngararasakeun karya sastra.
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
22
Ékspresi sastra mangrupa kagiatan kreatif dina nyastra saperti ngadongeng, cacarita, ngarang, deklamasi, maca éndah, jeung
merankeun atawa ngaragakeun téks drama. Dina pangajaran éksprési sastra, siswa dibéré kasempatan jeung dorongan pikeun ngedalkeun
dirina maké basa. Siswa kudu bisa nyusun cita jeung pangalamanana dina wangun anu keuna. Siswa kudu bisa nyarita jeung ngarang anu
hadé.
Tujuan pangaweruh sastra ngawengku pangaweruh ngeunaan sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Tujuan pangaweruh sastra raket
patalina jeung tujuan pangalaman sastra. Miang tina pangalaman siswa kana sastra, tuluy dibéré pangaweruh, nepi ka siswa meunang wawasan
ngeunaan pangalamanana. Upamana waé, pangaweruh ngeunaan wangun sastra, warna sastra, jeung adegan sastra.
Dumasar kana katerangan di luhur, écés yén pangajaran sastra nyoko kana aprésiasi sastra, éksprési sastra, jeung pangaweruh sastra. Ceuk
Wirajaya 2005:2-5, prosés pangajaran sastra kudu nyoko kana tilu ujung tumbak trisula, nyaéta 1 aprésiasi, 2 rékréasi, jeung 3 re-kreasi.
Apresiasi mangrupa ngararasakeun karya sastra, rékréasi meunang hiburan tina karya sastra, jeung ré-kréasi mangrupa nyusun karya sastra.
d. Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda di KIKD SMASMK