45
Bab 2 Pituduh Husus
G. NEMBANGKEUN PUPUH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks pupuh asamarandana nu patali
jeung hirup berséka. 2.
Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh asmarandana. 3.
Guru nitah murid nembangkeun pupuh babarengan sakelas, tuluy bagilir sajajar-sajajar bangku. Geus kitu, nembangkeun pupuh saurang-saurang.
4. Guru meunteun murid alus henteuna dina nembangkeun pupuh
asamarandana. 5.
Guru nitah murid sina maham eusi pupuh asmarandana ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun dina buku.
Sanggeus nembangkeun pupuh, murid sina maham eusina, anu jawabanana kieu.
1. Murangkalih téh kudu éling. 2. Urang ulah odoh ka panganggo.
3. Mun pakéan kotor geuwat seuseuhan. 4. Lamun pakéan soéh geuwat kaputan.
5. Kana pakéan buruk masing butuh. 6. Ari kana pakéan anyar masing lebar.
6. Guru nitah murid néangan harti kecap tur ngalarapkeun kana kalimah.
Ngarah teu héséeun, murid disina niténan heula contona.
Contona: éling-éling = sadar-sadar
Éling-éling murangkalih …………………murangkalih
Sadar-sadar murangkalih
Pigawé kawas conto di luhur Jawabanana kieu. 1. murangkalih = barudak
Éling-éling murangkalih. Éling-éling barudak.
46
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II
2. panganggo = pakéan
Ulah odoh ka panganggo. Ulah jorok ka pakéan.
3. geuwat = gancang
Mun kotor geuwat seuseuhan. Mun kotor gancang seuseuhan.
4. buruk = butut
Ka nu buruk masing butuh. Ka nu butut masing butuh.
5. lebar = nyaah
Ka nu anyar masing lebar. Ka nu anyar masing nyaah.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 5, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal KKM.
47
Bab 2 Pituduh Husus