57
Bab 2 Pituduh Husus
D. NYUSUN KARANGAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sangkan maca téks déskripsi “Ngukut Ucing” keur
conto tur gambaran déskripsi. 2.
Guru nitah murid disina nyusun karangan wangun dadaran déskripsi. 3.
Ngaran henteu héséeun, guru nitah murid disina ngalengkepan karangan nu dicopongkeun. Murid cukup nuluykeun karangan.
Paréntah jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap.
MIARA LAUK DINA AKUARIUM
Wéndi téh miara lauk dina akuarium. Tacan lila miara laukna ogé. Kakara lima poé. Akuariumna beunang nyieun bapana. Akuarium téh dijieunna tina
kaca. Kacana anu kandel. Pikeun nyambungkeun tungtung kaca, biasana sok ngagunakeun lém husus keur kaca.
Wangun akuarium téh umumna pasagi panjang. Bagian ti tukangna sok ditémpélan gambar tatangkalan. Jadi, katempona latarna siga jujukutan.
Dina akuarium sok maké alat sangkan panyedot sangkan cai ngaberekbek. Eta téh ngahaja ngarah siga dina cai anu ngocor kawas dina balong atawa susukan.
Cai ngocor téh matak betaheun kana lauk. Aya rupa-rupa lauk nu diingu ku Wéndi téh. Aya lauk koki, sepat, arwana,
… Ngarah caina beresih, dina akuarium sok dipelakan lauk sapu. Lauk
sapu mah tara gérak kawas lauk séjénna, tapi sok ngadaplok wé dina kaca akuarium.
Lauk akuarium mah aya husus parabna. Eta parab téh bisa dibeuli di toko lauk atawa toko akuarium. Béda jeung lauk biasa nu aya di balong. Lauk balong
mah parabna ogé bisa huut bisa dangdaunan atawa sangu. Sabulan sakali cai dina akuarium mah kudu diganti. Tujuanana sangkan
caina tetep hérang, henteu kiruh jeung kotor atawa lecek. Lamun akuarium dikumbah, lauk-laukna kudu dipindahkeun saheulaaan
kana tempat séjén.
58
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II
E. NGALARAPKEUN KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sangkan wanoh kana ngaran babagian lauk, pakakas
paranti ngala lauk, ngaran babagian sasatoan, ngaran babagian tatangkalan jeung ngaran tatangkalan.
Titénan ieu kalimah:
Wéndi téh miara lauk dina akuarium.
Guru nerangkeun ka murid yén “lauk mah hirupna téh dina cai. Tangtu ngabogaan alat husus keur ngambekanana. Ieu di handap aya gambar lauk.
2. Guru nitah murid disina nyieun kalimah ku kecap-kecap ngaran babagian
sasatoan, tatangkalan, atawa tutuwuhan. Hulu lauk asang
cécépét sisit
buntut
59
Bab 2 Pituduh Husus