Tema jeung Bahan Ajar NGAREGEPKEUN TEMBANG NGALISANKEUN JAWABAN : Maham Eusi Tembang

8 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II

H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman Tema 6 : Lingkunga alam Cai, Bumi, Panonpoé Bahan : Sajak Tema 7 : Miara sasatoan jeung tutuwuhan Bahan : Déskripsi Tema 8 : Kasalametan di imah jeung di jalan Bahan : KakawihanPupuh Tema 1 : Hirup Sauyunan Bahan : Pupuh Tema 2 : Ulin di Lingkungan Bahan : Déskripsi Tema 3 : Pancén sapopoé Bahan : Déskripsi Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman TEMA BAHAN AJAR Bab 2 Pituduh Husus 10 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II PANGAJARAN 1 Tema : Hirup Sauyunan Bahan : Pupuh Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa nembangkeun pupuh pucung jeung maham eusina, mikaweruh kandaga kecap, nulis kalimah, ngalarapkeun tatakrama basa, nembangkeun pupuh, ngalengkepan kalimah, jeung nyaritakeun gambar. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta 1 ngaregepkeun tembang, 2 ngalisankeun jawaban: maham eusi tembang, 3 mikanyaho sasaruaan kecap, 4 nulis kalimah, 5 ngalemeskeun kecap, 6 nembangkeun pupuh, 7 maham pupuh, 8 ngalengkepan kalimah, jeung 9 nyaritakeun gambar. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan 1. Guru nitah murid ngaregepkeun pupuh pucung nu témana “Hirup Sauyunan” nu ditembangkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét kalawan saregep. Nu dipilih pupuh pucung lantaran katimbang babari jeung pondok. 2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh pucung. Geus kitu, murid giliran sajajar-sajajar bangku nembangkeun pupuh pucung.

B. NGALISANKEUN JAWABAN : Maham Eusi Tembang

No. Kagiatan 1. Guru nitah murid niténan pupuh pucung nu geus ditembangkeun kalawan saregep. 2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan tina eusi pupuh pucung. Pananya nu kudu dijawab ku murid ditujukeun pikeun ngahualkeun kamampuh murid kana pupuh pucung. 11

Bab 2 Pituduh Husus