49
Bab 2 Pituduh Husus
2. Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan.
Pananya jeung jawabanana kieu. 1. Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran.
2. Jalma, sasatoan, jeung tutuwuhan kaasup mahluk Hirup. 3. Unggal poé urang sok nyeuseup hawa.
4. Mun euweuh hawa, urang moal bisa ngambekan. 5. Keu nginum, urang perlu cai.
6. Urang bisa moyan lantaran aya cahaya panonpoé. 7. Alam dunya bakal moal caang mun euweuh cahaya panonpoé.
8. Ti peuting di langit aya bulan jeung béntang. 9. Bulan moncorongna buleud.
10. Ari béntang mah caangna tingkarelip.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham
eusi téks.
C. MIKAWANOH KECAP
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid
niténan kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun kana kalimah. 2.
Guru nitah murid sina maham kecap-kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun kana kalimah.
Contona: ciciptan = jieunan
Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran. Manusa jeung alam kaasup mahluk jieunan Pangéran.
3. Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap
nu geus diyagakieun. Paréntah jeung jawabanana kieu. Lengkepan kalimah-kalimah ieu di handap ku kecap-kecap anu aya
gigireunana. 1. Angin téh karasana ………… C …………… A. mongkléng
2. Ti peuting bulan caang mani…… D ……… B. ragrag
3. Isuk-isuk panonpoé …… E …….. ti wétan. C. ngahiliwir
4. Mun ti peuting, kaayaan poék…… A ……. D. mabra
5. Ti langit hujan ………………… B ………………. E. moncorong 4.
Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeuaan ngalengkepan kalimah.
50
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II
D. NGAROBAH KALIMAH
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid
niténan kecap pagawéan aktif jeung kecap pagawéan pasif. 2.
Guru nitah murid sina niténan kalimah aktif jeung kalimah pasif. Contona:
dipelak → melak
Tangkal kembang sok dipelak ku jalma.
Jalma sok ……………….. tangkal kekembangan. 3.
Guru nitah murid sina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan aktif, tuluy dilarapkeun kana kalimah.
Paréntah jeung jawabanana kieu.
Pigawé kawas conto 1. diseuseup
→ nyeuseup
Hawa diseuseup ku mahluk hirup. Mahluk hirup nyeuseup hawa.
2. dikali → ngali
Taneuh dikali ku tukang sumur. Tukang sumur ngali taneuh.
3. dituar → nuar
Tangkal dituar ku Mang Bébén. Mang Bébén nuar Tangkal.
4. disiuk → nyiuk
Cai disiuk ku Néni tina bak. Néni nyiuk cai tina bak.
5. dirabut → ngarabut
Tangkal sampeu dirabut ku Kang Ruslan. Kang Ruslan ngarabut tangkal sampeu.
6. diundeur → ngundeur
Daun sampeu diundeur ku Bu Nénéng. Bu Nénéng ngundeur daun sampeu.
7. dipetik → metik
Kembang di buruan dipetik ku Téh Éma. Téh Éma metik kembang.
51
Bab 2 Pituduh Husus