NGAJAWAB PANANYA NGALARAPKEUN KECAP

41

Bab 2 Pituduh Husus

B. NGAJAWAB PANANYA

No. Kagiatan 1. Sanggeus maca jeung molahkeun téks paguneman “Apik jeung Berséka”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun. 2. Murid ngajawab pananya bisa ku cara mandiri bisa babarengan jeung batur sabangkuna. Jawaban tina pananyana téh kieu. 1. Saha nu keur ngalobrol téh? Yudi jeung Bébén. 2. Ari nu gering téh saha? Rangga. 3. Gering ku naon cenah? Nyeri beuteung. 4. Balukar ku naon geringna téh? Jajan és. 5. Urang ulah jajan nu kumaha? Sambarangan gagabah. 6. Kudu kumaha urang dina dahar? Apik. 7. Kudu kumaha urang dina maké pakéan? Kudu berséka, ulah odoh. 8. Sangkan beresih, kudu dikumahakeun pakéan téh? Diseuseuh. 9. Maké naon nyeuseuh pakéan téh? Maké sabun. 10. Ngarah rapih, kudu dikumaha pakéan téh? Disetrika. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham eusi paguneman.

C. NGALARAPKEUN KECAP

No. Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna. 2. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna dina kalimah sangkan paham hartina. Titénan ieu conto: tambarakan = sagala didahar Rangga téh sok jajan tambarakan. Rangga téh sok jajan sagala didahar. 42 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II 3. Guru nitah murid sina néangan sasaruaan kecap atawa sinonimna, tuluy dilarapkeun kana kalimah. Pigawé kawas conto 1. apik = taliti Urang kudu apik dina dahar. Urang kudu taliti dina dahar. 2. berséka = apik Urang kudu ngajaga awak sing berséka. Urang kudu ngajaga awak sing apik 3. odoh = jorok Ulah odoh kana papakéan. Ulah jorok kana papakéan. 4. kokocok = kukumbah Mun rék dahar kudu kokocok panangan heula. Mun rék dahar kudu kukumbah panangan heula. 5. dikumbah = diberesihan Piring kotor kudu dikumbah heula. Piring kotor kudu diberesihan heula. 6. Tengi = hapeuk Kadaharan nu geus tengi matak jadi panyakit. Kadaharan nu geus hapeuk matak jadi panyakit. 7. dituruban = ditutupan Nyimpen dahareun kudu dituruban bisi ku laleur. Nyimpen dahareun kudu dututupan bisi ku laleur.

D. NGALENGKEPAN KALIMAH