MACA JERO HATE MAHAM EUSI PAGUNEMAN NYEBUTAN GAMBAR

33

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 4 Tema : Lingkungan Sakola Bahan : Déskripsi Média : Téks jeung gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman, nyebutan gambar, ngalengkepan kalimah, nyaritakeun, ngawangun kalimah, ngalarapkeun undak usuk basa. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta 1 maca jero haté, 2 maham eusi téks narasi, 3 mikaweruh kecap, 4 nyaritakeun carita, 5 ngalarapkeun undakusuk basa, 6 maca narasi ngajembaran, 7 ngalengkepan kalimah, jeung 8 migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE

No. Kagiatan 1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal. 2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan Sakola” nu judulna “Di Sakola Yudi”. 3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN

No. Kagiatan 1. Sanggeus maca téks déskripsi “Di Sakola Yudi”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun. 34 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II 2. Pikeun maham eusi bacaan, guru nitah murid disina ngajawab pananya tina bacaan ku cara lisan. Ayeuna hidep kudu ngajawab pananya. Jawaban dituliskeun heula, engké dilisankeun. 1. Di mana Yudi sakolana? Di SD Guna Darma. 2. Sok kumaha barudak di buruan sakolana? Arulin. 3. Arulin naon barudak lalaki di buruan sakola? Sok méngbal ku bal pelastik. 4. Geus dialajar naon barudak di sakolana? Beberesih sakola. 5. Mun aya runtah sok dikumahakeun? Sok dicokot ka wadah runtahkeun. 6. Kumaha kaayaan lingkungan sakola? Beresih tur raresik. 7. Murid-murid geus dilatih naon? Dibéré tanggung jawab. 8. Dibéré tugas naon barudak téh? Tugas pikét. 9. Kumaha barudak téh pikétna? Tugas pikétna béda-béda. 10. Naon nu kudu dilaksanakeun enya-enya téh? Tanggung jawab. 3. Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya.

C. NYEBUTAN GAMBAR

No. Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan gambar jeung kalimahna nu geus disayagikeun. 2. Guru nitah murid nyebutan gambar tina segi gunana. Sapu injuk gunana paranti …………………… Sapu injuk gunana paranti sasapu di jero imah. Pigawé kawas conto 1. Sapu nyéré gunana paranti sasapu di buruan. 2. Wadah runtah gunana paranti ngawadahan runtah. 3. Embér téh gunana paranti ngala atawa wadah cai. 4. Pamupus gunana paranti mupus. 5. Elap tina lamak gunana paranti ngelap. 6. Pamupus bor gunana paranti mupus tulisan dina bor. 7. Spidol gunana paranti nulis saperti dina whiteboard. 8. Mangkok cai gunana paranti wadah cai. 9. Kapur gunana paranti nulis dina bor. 10. Kamocéng gunana paranti meresihan kekebul. 3. Guru meuteun bener henteuna murid ngajawab pananya. 35

Bab 2 Pituduh Husus