MENERKEUN KALIMAH NADOMKEUN PUPUJIAN

51

Bab 2 Pituduh Husus

8. dipacul → macul Tanah kebon keur dipacul ku Mang Karwa. Mang Karwa keur macul tanah kebon. 9. diala → ngala Paré di sawah keur diala ku ibu-ibu. Ibu-ibu keur ngala paré di sawah, 10. diajul → ngajul Gedang keur diajul ku Mang Yoyo. Mang Yoyo keur ngajul gedang. 4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan aktif sarta ngalarapkeunana dina kalimah.

E. MENERKEUN KALIMAH

No. Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan kalimah anu runtuyan kecapna diacak. Contona: hudang—isuk-isuk—kénéh—hudang—geus—Yudi Kalimahna: Isuk-isuk kénéh Yudi geus hudang. 2. Guru nitah murid sina menerkeun runtuyan kecap-kecap sangkan jadi kalimah anu bener tur merenah. Paréntah jeung jawabanana saperti kieu. 1. maca – keur – Yayan – basa Sunda Yayan keur maca basa Sunda. 2. nyéboran – di buruan – Néni - kembang Néni nyéboran kembang di buruan. 3. di dapur – nuju – mamah – masak Mamah nuju masak di dapur. 4. koran – di tepas – bapa – maca – keur Bapa keur maca koran di tepas. 5. macul – di kebon – keur – Mang Karya Mang Karya keur macul di kebon. 6. ngaput – mesin -- Bi Inah -- dina – keur Bi Inah keur ngaput dina mesin. 52 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II 7. keur—barudak—arulin—di—buruan Barudak keur arulin di buruan. 8. santri—keur—barudak—di masigit – ngaraji Barudak santri keur ngaraji di masigit. 9. tivi—baba-bapa—lalajo—dina—keur – méngbal Bapa-bapa keur laajo méngbal dina tivi. 10. Persib—Persija—keur—si Jalak harupat—tanding --- jeung --- di Persib jeung Persija keur tanding di si Jalak Harupat. 3. Guru meunteub murid bener henteuna dina nyusun kalimah nu kecap- kecapna diacak.

F. NADOMKEUN PUPUJIAN

No. Kagiatan 1. Guru nitah murid sina maca heula dina jero haté téks pupujian nu judulna “Bab Cai”. BAB CAI Dupi sadayana cai, nu sok dianggo susuci, éta aya tujuh rupi, walungan anu kahiji. Cai laut kaduana, cai sumur katiluna, cai ibun kaopatna, cai és nu kalimana. Cai nyusu kagenepna, cai hujan katujuhna, éta cai sadayana, sah dianggo susucina. 2. Guru ngajak murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”. 3. Guru nitah murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai” 4. Pikeun maham eusi pupujian, guru nitah murid disina ngajawab pananya nu disadiakeun. Sanggeus murid ngalagukeun atawa nadomkeun pupujian di luhur, sangkan paham kana eusina, pék jawab ieu pananya. 1. Aya sabaraha cai nu sok dipaké susuci? Aya tujuh rupa. 53

Bab 2 Pituduh Husus