55
Bab 2 Pituduh Husus
PANGAJARAN 7
Tema : Miara sasatoan jeung tutuwuhan
Bahan : Dadaran déskripsi
Média : Téks jeung gambar
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, ngalengkepan kalimah, nyusun karangan, ngalarapkeun kecap, jeung nyusun omongan.
Kagiatan Diajar
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta 1 maca jero haté, 2 maham eusi téks narasi, 3 mikaweruh kecap, 4 nyaritakeun carita, 5 ngalarapkeun undakusuk basa, 6 maca narasi ngajembaran, 7
ngalengkepan kalimah, jeung 8 migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. MACA JERO HATÉ
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal. 2.
Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Miara Sasatoan jeung Tutuwuhan” nu judulna “Melak Kembang”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan
daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.
B. NGALISANKEUN JAWABAN
1. Murid disina maca deui téks bacaan. 2. Murid disina paham kana eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
56
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid maham
eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun. 2.
Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan. Pananya jeung jawabanana kieu.
1. Resep naon Ibu téh? Melak kembang. 2. Saha deui nu gaduh karesep kawas Ibu? Téh Nani.
3. Ibu sareng Téh Nani osok naon? Melak kembang. 4. Di mana dipelakna kembang téh? Dina pot.
5. Kumaha ngurusna kembang téh? Kudu diceboran jeung digemuk. 6. Kumaha warnana kembang srangéngé téh? Konéng.
7. Kumaha rasana seureuh beureum téh? Pait. 8. Kembang naon nu make ngaran sasatoan? Kuping gajah, lidah buaya.
9. Ti mana mun urang rék meuli gemuk? Ti toko kembang. 10. Ari di kampung sok aya gemuk naon? Gemuk kandang.
C. NGALENGKEPAN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid sina wanoh
kana ngaran babagian tatangkalan. 2.
Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap- kecap nu disayagikeun. Kecap-kecap anu bisa dipilihna patali jeung ngaran
babagian tutuwhan.
Pék lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap gigireunana 1. Ibu melak ………… E ………… dina pot.
A. beutina 2. Tangkal rambutan téh…… C ……leubeut.
B. akarna 3. Tangkal sampeu mah…… A …..dina jero taneuh.
C. buahna 4. Tangkal téh …… B …... nyeceb kana taneuh
D. pendul 5. Méméh jadi buah, peuteuy asalna…… D ….
É. Kembang 6. Buah salah téh ngagonyok jeung……… J ……
F. dawegan 7. Bisa dipaké ubar ……… E ……. kumis ucing mah. G. paria
8. Buah ……… G …….. téh rasana pait. H. céngék
9. ……… F ……….. keur meujeuhna lumého. I. kembang
10. Kembang …… H …….. disebutna méncéngés. J. cucukan
57
Bab 2 Pituduh Husus