43
Bab 2 Pituduh Husus
6. Samémeh reup saré, urang kudu… D …. heula. F. kokocok
7. Ari ngosok huntu kudu maké………… H ……… G. batu 8. Ari rék indit ka sakola, kudu …… C … heula.
H. odol 9. Dahareun kudu ditutupan bisi ku ……… E …….. I. sampo
10. Sikat seuseuh béda jeung …… B ……. huntu J. sabun
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah.
E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks paguneman nu judulna “Ka
Puskesmas”, tuluy sina dibaca dibedaskeun atawa dipolahkeun di kelas. 2.
Guru nitah murid sina niténan eusi paguneman kalawan daria. 3.
Guru nitah murid sina maham eusi paguneman ku cara ngajwab pananya nu geus disadiakeun dina buku. Kieu paréntah jeung jawabanana téh.
Sanggeus hidep maca paguneman di luhur, pék jawab pananya ieu di handap 1. Gering naon Randi téh? Rieut jeung panas tiris.
2. Akibat naon Randi gering téh? Tas ulin papanasan, tuluy kahujanan. 3. Dibawa ka mana Randi téh ku ibuna? Ka Puskesmas.
4. Ka mana ibuna Randi meuli karcis? Ka lokét. 5. Disina kumaha Randi téh ku dokter? Ngagolér dina kasur.
6. Dikumahakeun baju Randi téh ku dokter? Disénglédkeun. 7. Ku dokter, dipariksa maké naon Randi téh? Stétoskop.
8. Diantelkeun kana naon stétoskop téh ku dokter? Kana dada jeung Beuteung Randi.
9. Dibéré naon Randi ku dokter téh? Obat. 10. Sabaraha kali obat téh diinumna? Sapoé dua kali.
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman jeung
ngajawab pananya ngeunaan eusi paguneman.
44
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas II
F. NYUSUN PAGUNEMAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina latihan nyusun paguneman pondok.
2. Ngarah babarieun, guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu
dicopongkeun dina paguneman. Ieu di handap aya paguneman anu can anggeus nu kudu dilengkepan
ku murid. Paguneman lengkepna kieu. Yudi
: Ran, ku naon kamari teu sakola? Randi
: Udur. Yudi
: Naon anu karaos? Randi
: Awak karasana paranas tiris. Yudi
: Oh, demam atuh, nya? Randi
: Enya, ceuk dokter ogé demam. Yudi
: Iraha ka dokterna kitu? Randi
: Kamari dua poé ka tukang. Yudi
: Ka dokter mana? Randi
: Eta dokter di Puskesmas. Yudi
: Jeung saha ka dokterna? Randi
: Jeung Mamah. Yudi
: Dikumaha waé ku dokter téh? Randi
: Nya dipariksa, maké alat nu diantelkeun kana dada. Yudi
: Oh, maké stétoskop meureun. Randi
: Enya, maké Stétoskop éta ogé. Yudi
: Disuntik henteu? Randi
: Ah, henteu ngan dibéré obat wungkul. Lamun geus dilengkepan, téks paguneman téh disina dipolahkeun ku duaan.
Dipeunteun cara maca jeung lentongna. 3.
Guru meunteun murid bener henteuna dina maca jeung molahkeun paguneman.
45
Bab 2 Pituduh Husus