Rarakitan Rarakitan Lulucon Wangun jeung Unsur Intrinsik Sisindiran

4 98 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017

b. Rarakitan

Rarakitan hartina: 1 lalayaran dina rakit; 2 rakit tiruan kana gebog; jeung 3 ngaran salahsahiji sisindiran. Sarakit ngandung harti sepasang. Rarakitan sisindiran anu cangkangna sarakit, eusina sarakit. Sok rajeun aya sisindiran anu cangkangna sarta eusina leuwih ti dua kalimah, nu kitu ogé rarakitan kénéh. Aya deui anu minangka jadi tanda rarakitan téhnyaéta sawatara kecap dina cangkang sok dipénta deui dina eusina. Rarakitan téh eusina aya nu ngandung: 1 rarakitan piwulang; 2 rarakitan lulucon; jeung 3 rarakitan asmara. Gambar 4. 13 Eusi Rarakitan Ieu di handap conto-conto rarakitan. a. Rarakitan Piwulang 1 Méméh ngagelarkeun kasur Samak heula ambéh rinéh Méméh nyaritakeun batur Tilik heula awak manéh Jadi, bangbalikan dangding téh gelarna dina dangding. Ku sabab éta, réana engang dina unggal jajaran, katut sorana engang nu panungtung dina saban padalisan kudu nurutkeun patokan dangding, gumantung kana pupuhna. 4 99 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 Hayang iwung los ka Bandung Rék ngasah los ka Sumedang Hayang bingung geura nyandung Rék susah geura ngahutang 3 Hadé cabé anu ngora Nu kolot mah lada teuing Hadé capé eukeur ngora Geus kolot mah laku cicing 4 Sing getol nginum jajamu Ambéh jadi kuat urat Sing getol néangan élmu Gunana dunya ahérat

b. Rarakitan Lulucon

Sisindiran boh rarakitan atawa paparikan anu ngandung lulucon disebutna sésébréd. Geura ieu conto-conto rarakitan anu ngandung lulucon. 1 Pribumi nu ngajul jeruk Kuring mah niiran Pribumi ulah rék giruk Kuring arék sisindiran 2 Tipeuting samping geresik Tibeurang tumpal bandéra Tipeuting pagiling gisik Tibeurang papangih éra 3 Magartéh cau lampénéng Cau kepok dina nyiru Magartéh lampanyat konéng Geuning nya dekok nya gembru Lulucon téh ngandung sagala rupa nu matak pikalucueun, pikaseurieun, sakapeung pikakeuheuleun, tapi keuheul gé teu weléh lucu, teu weléh pikaseurieun jiwana ngandung rasa birahi, gumbira, sedih, jst. 4 100 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 4 Paribasa ngayam samak Neukteukan bari motongan Paribasa néang anak Ngadeukeutan popotongan

c. Rarakitan Asmara