Latihan Kasus Pancén

26 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1

E. Latihan Kasus Pancén

Sanggeus neuleuman eusi modul kalawan percaya diri, jawab sakur pananyaparéntah ieu di handap 1. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme kalawan tétéla tur percaya diri 2.Tataan tokoh béhaviorisme kalawan tétéla tur percaya diri 3.Tuduhkeun kaunggulan jeung kahéngkéran béhaviorisme kalawan percaya diri 4.Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun nativisme kalawan tétéla tur percaya diri 5.Tuduhkeun kaunggulan nativisme kalawan tétéla tur percaya diri

F.Tingkesan

Diajar téh hiji prosés anu nuduhkan ayana hiji kagiatan atawa robahna hiji kagiatan akibat ayana réaksi kana hiji kaayaan. Aliran béhavioristik museur kana parobahan tingkah laku hiji jalma. Hiji jalma ngalakukeun hiji tindakan —hal ieu akibat tina interaksi antara stimulus jeung réspon. Tiori béhaviorisme dimekarkeun ku Watson, Thorndike, jeung Skinner. Nurutkeun Thorndike, diajar mangrupa prosés interaksi antara stimulus jeung réspon, parobahan tingkah laku téh bisa nyata bisa dititénan atawa bisa abstrak henteu bisa dititénan. Asumsi tiori Watson yén urang bisa ngaramalkeun paripolah anu bakal dipigawe ku siswa. Tiori Skinner, réspon siswa téh henteu basajan, sabab dina unggal stimulus pasti aya interaksi jeung nu séjénna. Aliran Nativisme mangrupa aliran anu leuwih merhatikeun kamampuh diri siswa. Faktor lingkungan dianggap kurang pangaruhna kana kamekaran siswa. Nurutkeun aliran nativisme, lingkungan sabudeureunana euweuh hartina sabab lingkungan teu boga daya dina mangaruhan kamekaran siswa. Ieu aliran ini nganggap yén kamekaran individu ditangtukan ku faktor bawaan waktu lahir. Ku sabab kitu, hasil atikan ditangtukan ku bakat anu dibawa mangsa lahir. Ku kituna, nurutkeun ieu aliran, hasil diajar 27 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 ditangtukan ku individuna sorangan. Atikan siswa anu henteu luyu jeung bakat anu dibawa moal aya gunana pikeun kamekaran siswana sorangan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku