Tokoh-tokoh Nativisme Kaunggulan jeung Kahéngkéran Nativisme 1. Kaunggulan Nativisme

21 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 lawan tina tiori béhaviorisme. Tiori nativisme mangrupa dasar pamikiran yén hasil henteuna atikan henteu ditangtukeun ku faktor atikan jeung lingkungan éta siswa. Hartina, lingkungan henteu boga kakuatan dina mangaruhan kamekaran siswa. Kamampuh saurang siswa bisa dipangaruhan ku sababaraha faktor intern di antarana: Faktor Génétik Nyaéta faktor gén ti kolotna anu ngarojong ayana hiji bakat anu muncul ti diri manusa. Contona, lamun indung bapana biduan, mangka anakna ogé boga bakat jadi biduan anu perséntase éta bakat nyanyi téh luhur mungguh ieu tiori mah Faktor Kamampuh Siswa Nyaéta faktor anu ngajadikan hiji siswa mikanyaho poténsi anu aya dina dirina. Faktor ieu leuwih nyata sabab siswa bisa mekarkeun poténsi anu aya dina dirina. Contona, nalika aya kagiatan ékstrakurikulér pidato, siswa milu kana éta kagiatan supaya manéhna bisa mekarkeun bakat anu aya dina dirina. Faktor Tumuwuhna Budak nurutkeun Tiori Nativisme Nyaéta faktor anu ngarojong siswa pikeun mikanyaho bakat jeung minatna dina unggal tumuwuh jeung mekarna sacara alami nepi ka tumuwuhna éta budak téh normal. Éta budak bakal boga sikep énérjik, aktif, jeung responsif kana kamampuhna. Sabalikna, lamun tumuwuhna éta budak henteu normal mangka éta budak téh moal bisa mikawanoh kana bakat jeung kamampuan. Faktor-faktor éta anu mangaruhan kana kamekaran sarta kadéwasaan atikan budak. Ku ayana tilu faktor tadi, bisa ngajadikeun saurang siswa masagi jeung miboga kadéwasaan.

6. Tokoh-tokoh Nativisme

Tokoh aliran Nativisme di antarana:1 Schopenhaur filsuf Jerman 1788- 1860 jeung 2 Noam Chomsky dina awal tahun 1960. 22 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1

7. Kaunggulan jeung Kahéngkéran Nativisme 1. Kaunggulan Nativisme

1 Mampuh munculkeun bakat dirina Ieu tiori miharep manusa bisa ngaoptimalkan bakatna, sabab ku ieu tiori hiji jalma bisa mikawanoh kana bakat dirina anu bisa dimekarkeun ku manéhna. Ku ieu hal bakal ngagampangkeun manusa pikeun mekarkeun hiji bakat anu engkéna bakal nangtukeun kamajuan dina hirupna. 2 Ngarojong manusa ngawujudkan dirina anu boga kompeténsi Jadi,ku ieu tiori dipiharep unggal manusa kudu leuwih kréatif jeung inovatif dina upaya mekarkeun bakat jeung minat sangkan jadi manusa anu kompetén jeung kompetitif dina nyanghareupan tangtangan jaman kiwari anu terus leuwih ngabutuhkeun manusa unggul anu kompetén. 3 Ngarojong manusa dina nangtukeun pilihan Ieu tiori miharep manusa bisa ngabogaan sikep leuwih bijaksana dina nangtukeun pilihanana, jeung lamun manusa geus nangtukeun pilihanana, mangka manéhna bakal komitmen jeung nyekel pageuh kana pilihanana jeung bakal yakin yén hiji hal anu dipilihna mangrupa anu panghadéna pikeun dirina. 4 Ngarojong manusa pikeun mekarkeun poténsi dirina Ieu tori nétélakeun yén anu ngajadikeun manusa boga peran aktif dina mekarkeun poténsi dirina nyaéta ciri khas atawa ciri husus jati dirina. 5 Ngarojong manusa mikawanoh kana bakat minatna Ku ayana ieu tiori, mangka manusa bakal gampang mikawanoh bakatna. Leuwih awal manusa mikawanoh bakatna, nyaéta manusa bakal leuwih ngamaksimalkeun bakatna supaya dirina mekar leuwih optimal. b Kahéngkéran Nativisme Ieu tiori nganggap saolah-olah sipat-sipat manusa henteu bisa dirobah sabab geus ditangtukeun ku sipat-sipat bawaan. Lamun bawaanana hadé, mangka bakal jadi hadé; lamun bawaanana jahat, mangka bakal jadi jahat. 23 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 Jadi, sipat manusa mah permanén henteu bisa dirobah. Ieu tiori nganggap atikan jadi hiji hal anu pesimistis.

8. Larapna Nativisme dina Pangajaran