73
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
Éta hasil panalungtikan téh bisa jadi pieunteungeun keur masarakat Sunda. Kuduna basa Sunda téh dipiara ku panyaturna, nyaéta ku urang Sunda, anu jadi
rahayatna Jawa Barat kalayan hadé, tinangtu basa Sunda téh bakal diajénana tur dipiara ku nagara. Tapi sabalikna lamun urang Sunda culjeun kana basana
tinangtu ku nagara ogé bakal diantep moal diprosés. jadi prakarsa urang Sunda daraék miara Sunda téh, mangrupa prasarat pikeun ayana pangajén jeung
pangriksa ti pamaréntah atawa ti nagara. 5.Tiori jeung Konsép Basa Sunda Lulugu
a. Tiori Basa Sunda Lulugu
Basa Sunda mangrupa basa kadua panggedéna salian ti basa Jawa. Nurutkeun Sudaryat, spk. 2013, basa lulugu baku, standar nyaéta ragam
basa atawa dialék anu geus ditetepkeun tur dijadikeun standar maké na ku masarakat basana. Basa lulugu mangrupa basa gunggungan persatuan di
masarakat basa nu mibanda rupa-rupa dialék sarta ditarima dina situasi resmi kayaning buku ilmiah, biantara, upacara adat, serat-sinerat, jsté.
Sedengkeun basa Sunda lulugu baku, standar nyaéta basa Sunda anu geus ditetepkeun tur dijadikeun standar makéna ku masarakat urang Sunda.
Anu dianggap basa Sunda lulugu téh nyaéta basa Sunda wewengkon Priangan utamana Bandung. Basa baku, basa standar atawa basa lulugu
mangrupa basa anu mibanda sipat vitalitas jeung inteléktualitas. Hiji, basa disebut vitalitas lamun éta basa téh mampuh tumuwuh jeung mekar kalawan
anteb luyu jeung kaidah basana nu relative angger, tapi henteu kaku lantaran bisa robah pikeun narima pangaruh basa séjén, boh kandaga
kecapna boh adeganana. Ku kituna, basa baku kudu hirup bari jeung hurip atawa kudu stabilitas dinamis sipatna, anteb tur luwes kaédahna. Ari sipat nu
kadua tina basa lulugu nyaétainteléktualitas.Maksudna nyaéta basa lulugu kudu miboga kamampuh ilmiah nu bisa ngébréhkeun prosés mikir anu ruwed
tina rupining kagiatan paélmuan, téknologi, informatika, jeung patali marga masarakatna. Jaba ti éta, basa lulugu téh mibanda otonomi atawa
wewenang pikeun tumuwuh jeung mekar di wewengkon masarakat nu makéna. Basa lulugu lain hiji-hijina ragam basa, ngan jadi calecer keur
ragam basa séjénna. Basa baku leuwih nyoko kana ngaragemkeun jeung
74
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
ngalulugukeun kaédah basa, tapi lain hartina ngakurkeun sakumna ragam basa Sudaryat, spk. 2013. The Dictionary of Language and Linguistics
nyebutkeun yén basa lulugu nyaéta ragam basa anu dipikaresep ku masarakatna, sok dijadikeun dasar dina nyarita pikeun masarakat anu
miboga atikan luhung ogé di sabudeureun puseur kabudayaan atawa pulitik tina hiji masarakat bangsa.
Nurutkeun V. Mathesius jeung B. Havrane, basa lulugu kudu ditandaan ku: 1 stabilitas anu alus pikeun bisa nyaluyukeun jeung parobahan-parobahan
kultural, jeung 2 intéléktualitas nyaéta téndénsi ka arah ungkara anu leuwih taliti, tepat jeung pasti, tatabasana leuwih sistematis jeung kabeungharan
kecapna leuwih jelas jeung bener-bener keuna kana tujuan anu dimaksud, dina harti unggal kecap jeung kalimah anu digunakeun teu nimbulkeun
tafsiran ganda ka pamiarsa.
Kitu deui, Sudaryat, spk. 2013 nétélakeun yén anu dimaksud lulugu atawa standar dina harti umum, nyaéta unggal paripolah budaya manusa anu gelar
dimasarakatna. Sedeng harti hususna, nyaéta aturan-aturan atawa norma- norma nu geus ditetepkeun ku masarakatna nu makéna. Dina istilah basa,
lulugu atawa standar nyaéta norma atawa aturan basa nu geus umum sarta ditetepkeun cara makéna ku masarakat éta basa. sedeng nu dimaksud basa
Sunda lulugu, nyaéta basa Sunda anu geus ditetepkeun atawa dijadikeun standar makéna ku masarakat Sunda.
Sakabéh pamadegan di luhur mibanda sasaruaan nyaéta basa lulugu téh mangrupa basa standar anu dipaké ku masarakat. Bisa dicindekkeun yén
basa lulugu nyaéta basa anu dijadikeun tur ditetepkeun jadi basa standar ku masarakat lega, boh dina éjahanana, tatabasana, boh dina kabeungharan
kecapna.
b. Fungsi Basa Sunda Lulugu