4
90
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
C. Pedaran Matéri
Ieu di handap dipedar perkara sisindiran. Baca, tengetan, jeung ulik pedaranana kalawan daria, gemet, tur percaya diri. Sangkan leuwih onjoy
dina ngawasa bahan, sawalakeun jeung babaturan kalawan silih hargaan dina ngasongkeun pamanggih.
1. Wangenan Sisindiran
Sisindiran mangrupa hiji kabinangkitan pikeun urang Sunda. Séké sélér séjén ogé barogaeun kabinangkitan anu sarimbag jeung urang Sunda.
Hirup huripna sisindiran méh teu kapapay, teuing saha nu ngamimitian jeung ti iraha dimimitianana. Éta kabinangkitan anu mangrupa sisindiran
téh, kiwari mah geus méh paéh kadéséh ku ayana pangaruh téhnologi. Malah moal boa geus dianggap musnah ku sawatara kelompok urang
Sunda, pangpangna pikeun maranéhna nu geus teu maliré kana budaya Sunda.
Nyiptakeun suasana diajar-ngajar sangkan dipikaresep turta matak pogot mikeun siswatéh taya lian gumantung kana métode jeung téhnik ngajarna,
jaba ti éta ogé cara milih jeung nangtukeun bahan pangajaranana deuih. Sisindiran téh kaasup wangun sastra pituin Sunda jadi hartina hasil
kabinangkitan pituin urang Sunda, malah lain ngan urang Sunda wungkul tapi bangsa Indonesia dina basa Indonésia sisindiran téh=pantun.
Sisindiran nurutkeun tatabasa mah wangunan kecap kaasup kecap rajékan dwipurwa, asal kecapna tina sindir. Sindir dihartikeun salaku
kecap atawa omongan anu henteu langsung ka nu dimaksud henteu togmol tapi dibalibirkeun ngomong malibir. Sindir sampir nya éta
Anu jadi patalékan, naha kabinangkitan sisindiran téh masih kénéh dianggap perlu pikeun diajarkeun? Urang salaku urang
Sunda, geus tangtu bakal ngajawab saklek, perlu. Lamun nganggap éta kabinangkitan sisindiran téh perlu diajarkeun, cara
kumaha anu pangéféktifna sangkan siswa di sakola, raresepeun jeung pogot diajar sisindiran?
4
91
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
ngomong ku sindir biasana leuwih ti sakali, mindeng serta boga tujuan maksud anu kurang hadé.
2. Sisindiran dina Basa Sunda jeung Pantun dina Basa Indonesia
Saméméh urang ngaguar hal sisindiran ayeuna urang ngabandingkeun heula nu disebut sisindiran di Sunda jeung pantun dina basa Indonésia.
Contona ieu di handap.
a. Kacang kandel gégébéngan Gararing dina jajaran
Lamun resep nyéngcéléngan Sok ginding dina lebaran
b. Réréntétan réréndéngan Ka pasar néangan benang
Anu daék nyéngcéléngan Awal ahir bisa senang
Dina basa Indonesia sisindiran téh disebut pantun, contona ieu di handap. a. Dibawa itik pulang petang
Dapat di rumput bilang-bilang Melihat ibu sudah datang
Hati cemas jadi hilang
b. Lurus jalan ke payakumbuh Kayu jati bertimbal di jalan
Di mana hati tidaklah rusuh Ibu mati bapak berjalan
Ku nengetan conto di luhur, tétéla pisan pantun dina basa Indonesia jeung sisindiran téh sarua, boh wangunna boh pasipatanana nu béda ngan
basana.
3. Wangun jeung Unsur Intrinsik Sisindiran