2
31
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
jeung ajén sikep. Ieu parobahan téh miboga sipat rélatif lila‖ Hartina,
parobahan anu lumangsung dipangaruhan ku pengalaman hirup anu dialaman ku manusa anu éta pangalaman téh jadi prosés diajar anu boga
ma‘na rélatif lila dina pikiran manusa.
Lian ti éta, tiori diajar kognitif nganggap yén ―diajar mangrupa prosés
mungsikeun unsur-unsur kognisi, utamana unsur pikiran, pikeun mikawanoh jeung nyangkem
stimulus anu datang ti luar.‖ Kagiatan diajar dina diri manusa dipuseurkeun kana prosés internal mikir, nyaéta prosés ngolah
informasi.
2. Tokoh – tokoh
Tokoh-tokoh aliran kognitif di antarana nyaéta Piaget, David Ausubel, Jerome Bruner, Albert Bandura, jeung Kurt Lewin.
a. Piaget
Piaget dina Warsita 2008:69 ngajelaskan yén kamekaran kognitif mangrupa hiji prosés génétika nyaéta prosés anu dasar pamikiranana tina
mékanisme biologis atawa kamekaran sistem saraf. Tiori diajar Piaget disebut ogécognitive-development anu nganggap yén prosés mikir téh
leuwih mangrupa kagiatan gradual ti batan fungsi intéléktual kongkrit. Nurutkeun ieu tiori, diajar ngawengku tilu tahapan nyaéta: asimilasi,
akomodasi, jeung equilibrasi. Piaget ogé ngébréhkeun yén prosés diajar kudu disaluyukeun jeung tahap
kamekaran kognitif anu kaalaman ku siswa. Prosés diajar anu kaalaman kusaurang siswa téh béda dina tahap nu hiji jeung tahap séjénna. Sacara
umum, beuki luhur tingkat kognitif saurang siswa mangka beuki sistematis jeung beuki abstrak cara mikirna. Ku sabab kitu, guru kudu paham kana
tahap-tahap kamekaran kognitif siswana sarta nepikeun matéri, métode, média pangajaran kudu luyu jeung tahapanana.
Léngkah-léngkah pangajaran anu dirancang nurutkeun pamanggih Piaget: 1 nangtukeun tujuan pangajaran;
2 milih matéri pangajaran; 3 nangtukeun topik-topik anu bisa diulik ku siswa;
4 nangtukeun jeung ngararancang kagiatan pangajaran luyu jeung topik;
2
32
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
5 mekarkeun métode pangajaran; 6 ngalakukan évaluasi prosés jeung hasil pangajaran.
b. David Ausubel
Nurutkeun Ausubel dina Warsita, “belajar haruslah bermakna, matéri yang
dipelajari diasimilasi secara nonarbitrér dan berhubungan dengan pengeta
huan yang dimiliki sebelumnya”, “diajar kudu miboga ma‘na; matéri anu diulikna diasimilasi sacara nonarbitrér katut aya hubungan jeung
pangaweruh anu dipimilik saméméh na‖ 2008:72. Hal ieu ngandung harti
yén pangajaran anu boga ma‘na mangrupa hiji prosés anu dipatalikeun
jeung informasi anyar kana konsép-konsép relevan anu aya dina struktur kognitif siswa. Prosés diajar lain saukur ngapalkeun konsép-konsép atawa
fakta-fakta, tapi mangrupa kagiatan ngahubungkeun konsép-konsép nu ngahasilkeun pamahaman anu gembleng nepi ka konsép anu diulikna bakal
dikawasa sacara hadé jeung henteu gampang poho. Jadi, guru kudu jadi ahli dina ngararancang pangajaran jeung dina
mekarkeun program pangajaran ku cara usaha terus pikeun mikawanoh jeung ngagali konsép-konsép anu dipibanda ku siswa jeung mantuan
mayuskeunana sacara harmonis kana pangaweruh anyar anu diulikna. Léngkah-léngkah pangajaran bermakna nurutkeun Ausebel dina
ngararancang pangajaran:
1 nangtukan tujuan pangajaran; 2 ngalakukan idéntifikasi siswa;
3 milih matéri pangajaran luyu jeung karakteristik siswa jeung ngatur matéri
ajarna dina wangun konsép inti; 4 nangtukeun topik siswa dina wangun advance organizers;
5 mekarkeun matéri ajar pikeun diulik ku siswa; 6 ngatur topik pangajaran ti nu basajan ka nu kompléks;
7 ngalakukan évaluasi prosés jeung hasil diajar siswa.
c. Jerome Bruner