Ciri jeung Prinsip Tiori Diajar Konstruktivisme

2 38 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 Akomodasi nyaéta prosés struktur kognitif anu lumangsung luyu jeung pengalaman anyar. Prosés akomodasi ngahasilkeun wangunan schemata anyar jeung robahna schemata heubeul. - Kasaimbangan Ku ayana kasaimbangan, éfisiénsi interaksi antarsiswa anu keur mekar jeung lingkunganana bakal kajamin jeung kahontal. Piaget ngabagi fase kamekaran manusa kana opat kamekaran saperti kieu: Tahapan Umur Gambaran Sénsorimotor 0-2 Orok gerak tina tindakan réflék instingtif ti mimiti lahir nepi ka mikir simbolis. Orok ngawangun pamahaman kana dunya ku cara nyusun pangalaman-pangalaman sénsor jeung tindakan fisik Operational 2-7 Budak mimiti nunjukkeun dunya ku kecap- kecap jeung ku gambar-gambar. Concerte operational 7-11 Dina ieu tahap, budak bisa mikir sacara logis ngeunaan kajadian-kajadian konkret Formal operational 11-15 mangsa rumaja mikir ku cara anu leuwih abstrak jeung logis. Mikirna leuwih idéalistik. Vygotsky ngébréhkeun yén prosés diajar bisa lumangsung nalika siswa rancagé atawa diajar migawé pancén-pancén anu can diulik ku manéhna, tapi éta pancén-pancén téh masih aya dina hontalan kamampuh siswa atawa eta pancén-pancén téh masih aya dina zone of proximal development Trianto:2007:29.

8. Ciri jeung Prinsip Tiori Diajar Konstruktivisme

Diajar nyaéta hiji prosés anu ngarobah paripolah organisme akibat tina pangalaman. Tina ieu wangenan, ébréh yén aya dua hal anu penting dina diajar, nyeta paripolah jeung pangalaman. Paripolah patali jeung aksi atawa tindakan. Anu jadi ciri utamana téh paripolah verbal manusa, sabab tina tindakan-tindakan nyarita atawa nulis bakal kagambar aya henteuna parobahan paripolah manusa. Upamana, parobahan tina asalna nyebut 2 39 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 ‗ngagégél‘ jadi ‗ngégél‘; parobahan asalna nulis ‗didieu‘ jadi ‗di dieu‘. Conto ieu bisa ngagambarkeun yén prosés diajar geus lumangsung. Ari anu dimaksud pangalaman di dieu nyaéta pangalaman anu kaalaman ku siswa dina waktu prosés diajar. Aya rupa-rupa parobahan pangalaman. - Diajar tingkat émosional anu primitif, aya parobahan paripolah anu disababkeun ku stimulus anu dikondisikeun jeung anu henteu dikondisikeun. - Diajar kontiguitas, masangkeun dua peristiwa dina sawaktu. Upamana, ilmuwan digambarkeun ku individu anu maké tasma; indung téré pasti galak, jst. - Diajar operant, konsekuensi mangaruhan dibalikkan deui henteuna paripolah individu. - Diajar observasional, pangalaman diajar téh mangrupa hasil obsérvasi manusa kana kana kajadian-kajadian. - Diajar kognitif, lumangsung lamun manusa titén tur paham kana kajadian- kajadian anu lumangsung di sabudeureun manusa. Ciri pangajaran nurutkeun konstruktivisme Cahyo:2013 nyaéta museur kana prosés diajar, ngarojong kana kamandirian jeung kana inisiatif diajar dina diri siswa. Cindekna, tiori konstruktivisme nganggap yén diajar mangrupa hiji prosés; henteu museur kana hasil, ngarojong siswa sangkan mampuh ngalakukan panalungtikan, ngarojong mekarna rasa hayang nyaho sacara alami, évaluasi diajar leuwih museur kana kinerja jeung pamahaman siswa, ngarojong pisan kana lumangsungna diajar kooperatif, loba ngagunakeun istilah nu patali jeung kognitif pikeun ngajelaskan prosés pangajaran, saperti: prédiksi, inférénsi, kréasi, analisis, jst. Prinsip-prinsip konstruktivisme anu dilarapkan dina prosés diajar-ngajar nyaéta pangaweruh diwangun ku siswa; pangaweruh henteu bisa dipindahkeun ti guru ka siswa, anging ngan ku kaaktifan siswa éta sorangan; siswa aktif ngawangun pangaweruhna sacara tumuluy nepi ka kajadian ayana parobahan konsép ilmiah; guru ngan mantuan nyadiakeun sarana jeung situasi sangkan prosés konstruksi lumangsung lancar, miharep jeung 2 40 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 ngajén pamadegan siswa; jeung nyaluyukeun kurikulum pikeun ngawadahan tanggapan siswa.

9. Kaunggulan jeung Kahéngkéran Konstruktivisme