2
35
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
kagiatan anu bisa nimbulkeun siswa leuwih mandiri nyaéta dina waktu migawé soal dipiharep siswa bisa migawé éta soal ku sorangan; siswa
bisa ngagunakeun pikiranana sorangan; siswa bisa ngasah otakna; ngasah daya ingetna bari henteu gumantung kana bantuan nu
séjénna.
2 Ngagampangkeun siswa dina nyangkem matéri ajar. 3 Ngaronjatkeun kamampuh siswa pikeun ngungkulan masalah problem
solving 4 Tiori ieu ogé bisa ngaronjatkeun motivasi siswa.
b. Kahéngkéran Kognitivisme
1 Tiori kognitivisme henteu ngawengku sakabéh tingkat pendidikan. 2 Sulit dipraktékkeun, hususnya di tingkat lanjut.
3 Sawatara prinsip saperti intélégénsi sulit dicangkem jeung
pamahamanana can tuntas. 4 Ieu tiori dianggap leuwih deukeut kana psikologi diajar anak, jadi
ngalarapkeunana kana prosés diajar anak henteu babari.
5. Aplikasi Kognitivisme dina Pangajaran
Aplikasi tiori diajar nurutkeun kognitivisme saperti kieu: a. Guru kudu paham yén siswa téh lain jalma dewasa anu gampang dina
prosés mikirna b. Guru nyusun matéri ngagunakan pola atawa logika ti nu basajan ka nu
kompléks. c. Guru nyiptakan pangajaran
anu boga ma‘na. d. Guru merhatikeun bédana siswa sacara individual pikeun ngahontal
hasil diajar siswa.
6. Tiori jeung Konsép Konstruktivisme
Istilah konstruktivisme ‗constructivism‘ mimiti dipaké dina taun 1710 ku filosof kognitif ‗Giambatista Vico‘. Manéhna ngébréhkeun yén hiji jalma bisa disebut
nyangkem hiji hal lamun manéhna bisa ngajéntrékeun éta hal. Saterusna, manéhna ngébréhkeun yén saurang siswa lain individu anu ngan narima
sacara pasif, tapi saurang siswa téh ‗active learner‟.
2
36
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
Aya sawatara pamadegan ngeunaan définisi konstruktivisme anu diébréhkeun ku sawatara ahli. Konstruktivisme nyaéta hiji filosofi pangajaran
anu landasan prémisna yén ku cara ngaréfléksi pangalaman, manusa ngawangunngarékonstruksi pangaweruhna ngeunaan dunya tempat hirupna
Suyono dan Hariyanto, 2011:104. Sedengkan nurutkeun Cahyo 2013: 22, konstruktivisme mangrupa salah sahiji filsafat pangaweruh anu inti
pamadeganana nganggap yén pangaweruh téh nyaéta jieunan manusa sorangan anu mangrupa hasil konstruksi kognitif ngaliwatan kagiatan
individu ku cara nyieun struktur, katégori, konsép, jeung skéma anu diperlukeun pikeun ngawangun éta pangaweruh.
Trianto 2007:26 ogé ngébréhkeun yén tiori pembelajaran konstruktivisme mangrupa tiori pembelajaran kognitif wanda anyar dina psikologi pendidikan
anu mana siswa kudu manggihan sorangan jeung nransformasikeun informasi kompléks; maluruh informasi anyar ku aturan-aturan heubeul jeung
ngarévisi lamun éta aturan-aturan heubeul geus teu luyu deui.
Leuwih wincik Piaget ngébréhkeun yén konstruktivisme nyaéta konstruksi wangunan pangaweruh anu diwangun tina kagiatantindakan saurang
individu. éta pangaweruh téh ngalaman évolusi, sipatna saheulaanan, henteu statis, mangrupa prosés anu terus-terusan. Ari pangaweruh lain anu
aya di luar manusa, tapi aya dina jero diri individu anu ngawangun éta pangaweruh. Nurutkeun konstruktivisme, pangaweruh hiji jalma mangrupa
hasil kontruksi aktif individuna sorangan. Tina éta pedaran ébréh yén konstruktivisme anu diébréhkeun ku Piaget sipatna individual jeung leuwih
museur kana prosés internal.
Tina définisi-définisi tadi, bisa dicindekkeun yén tiori diajar kontruktivisme mangrupa tiori diajar anu meredih siswa supaya bisa ngonstruksi kagiatan
diajar jeung nransformasikeun informasi kompléks ti mimiti milih, ngama‘naan, nepi ka nguji bebeneran informasi anu ditarimana pikeun
ngawangun pangaweruh sacara aktif jeung tumuluy.
7. Tokoh-tokoh Konstruktivisme Tokoh kontruktivisme di antarana Piaget jeung Vygotsky