2
43
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
4. Pék  titénan  matéri  tiori  diajar  nurutkeun  Konstruktivisme  dina  Modul
Kelompok Kompeténsi B 5.
Diskusikeun dina kelompok sarta jawab pertanyaan ngeunaan tiori diajar nurutkeun konstruktuvisme ieu di handap
6. Tuliskeun jawaban hasil diskusi dina kolom ieu saterusna
Tiori Diajar Ngaran Tokoh
Konstruktivisme Prinsip-prinsipna
Konstruktivisme 1.
2.
3.
4.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan  diajar  anu  kudu  dipilampah  ku  Sadérék  nyoko  kana  runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1.  Titénan  heula  tujuan  jeung  indikator  kahontalna  diajar  kalawan profesional.
2.  Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun kalawan daria. 3.  Pigawé  latihan  atawa  pancén  nu  dipidangkeun  dina  ieu  kagiatan  diajar
kalawan percaya tanggung jawab.
2
44
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
4.  Baca  deui  saliwat  pedaran  matéri    ajar,  tuluy  titénan  tur  bandingkeun jeung tingkesan matéri  ajar kalawan daria.
5.  Lamun  manggih  bangbaluh,  Sadérék  babarengan  bisa  sawala  diskusi jeung kancamitra séjénna.
E. Latihan Kasus Pancén
Sanggeus  Sadérék  maca  tur  neuleuman  ieu  kagiatan  diajaar,  dipihare Saderék  babarengan  migawé  soal  ieu  di  handap  kalawan  pinuh  tanggung
jawab.
1.  Jéntrékeun  prinsip  diajar  nurutkeun  kognitivisme  kalawan  écés  tur percaya diri
2.  Jéntrékeun kaunggulan kognitivisme kalawan écés tur percaya diri 3.  Jéntrékeun kahéngkéran kognitivisme kalawan écés tur percaya diri
4.  Jéntrékeun  prinsip  diajar  nurutkeun  konstruktivisme  kalawan  écés  tur
percaya diri 5.  Béré  conto  larapna  konstruktivisme  dina  pangajaran  basa  Sunda  kalawan
kréatif
F. Tingkesan
Tiori  diajar  kognitif  mangrupa  tiori  diajar  anu  ngébréhkeun  prosés mungsikeun unsur-unsur kognisi, utamana unsur pikiran, pikeun mikawanoh
jeung  maham  kana  stimulus  anu  datang  ti  luar.  Prinsip-prinsip  tiori  diajar kognitif  nyaéta  pangajaran  mangrupa  hiji  parobahan  status  pangaweruh.
Siswa mangrupa peserta aktif dina prosés pangajaran. Ieu tiori museur kana pola  pikir  siswa.    Museur  kana    cara  siswa  nginget-nginget,  meunangkeun
deui,  jeung  nyimpen  informasi  dina  ingétanana.  Lian  ti  éta,  ieu  tiori merhatikeun    pangalaman  diajar,  nganggap  yén    pangajaran  mangrupa
prosés  aktif  dina    diri  siswa.    Ieu  tiori  ngalarapkeun  reward  jeung
punishment.  Hasil pangajaran henteu ngan gumantung kana informasi anu ditepikeun guru, tapi ogé kana cara siswa ngolah éta informasi.
2
45
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
Tiori  konstruktivisme  mangrupa  tiori  diajar  anu  nungtut  siswa  ngonstruksi kagiatan  diajar  jeung  ngarobah  informasi  kompléks  pikeun  ngawangun
pangaweruh  sacara  inisiatif  tur    mandiri.  Implikasi  tiori  konstruktivisme  dina pangajaran  kabagi  kana  lima  fase,  nyaéta  oriéntasi,  elicitasi,  restrukturisasi
ide,  aplikasi  ide,  jeung  reviu.  Modél  pangajaran  anu  bisa  dilarapkeun  dina prosés  diajar  ngajar  luyu  jeung  pamekaranan  tiori  konstruktivisme  nyaéta
discovery  learning,  reception  learning,  assisted  learning,  active  learning, contextual learning, jeung quantum learning.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku