nyaeta pratés jeung pascatés. Pratés dilakukeun saacan ngagunakeun téhnik akrostik sedengkeun pascastés dilakukeun sabada ngagunakeun téhnik akrostik.
Aya sababaraha léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta:
1 siswa migawé pancén anu mangrupa pratés nulis sajak pikeun mikanyaho
pangaweruh awal siswa kana nulis sajak; 2
sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana nulis sajak ngaliwatan pratés anu geus dilaksanakeun, panalungtik nangtukeun matéri nu rék ditepikeun;
3 ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun téhnik akrostik kana matéri
nulis sajak; 4
sanggeus ngalaksanakeun pangajaran ngagunakeun téhnik akrostik saterusna dilaksanakeun pascatés pikeun mikanyaho kamampuh siswa sabada dibéré
perlakuan, naha ngaronjat atawa henteu.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data anu geus ka kumpul. Data nu bakal diolah jeung dianalisis ngawengku data hasil
kamampuh awal pratés jeung kamampuh ahir pascatés nulis sajak. Aya sababaraha léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap.
1 Meunteun Sajak
Pikeun meunteun hasil sajak biasana mibanda katégori-katégori anu geus ditangtukeun. Aspék-aspék anu dipaké pikeun ngajén nulis sajak nyaéta:
a kasaluyunan téma jeung eusi;
b kakuatan imajinasi;
c diksi;
d gaya basa.
Sangkan leuwih jéntré bisa ditingali dina tabél ieu di handap.
Tabél 3.1 Format Skala Peunteun Nulis Sajak
Katerangan aspék nu diajén sarta skorna: 1.
Kasaluyuan téma jeung eusi 5 : Téma luyu jeung eusi.
4 : Téma aya patalina jeung eusi. 3 : Téma rada luyu jeung eusi.
2 : Téma kurang luyu jeung eusi 1 : Téma teu luyu jeung eusi.
2. Kakuatan imajinasi 5 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak bisa kaharti pisan ku nu maca tur
hadé pisan. 4 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak bisa kaharti ku nu maca tur hadé.
3 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajar rada kaharti ku nu maca. 2 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak kurang kaharti ku nu maca.
1 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak teu kaharti ku nu maca. 3. Diksi
5 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecap anu alus tur hadé pisan. 4 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecap anu alus.
3 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecapna cukupbasajan. 2 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecapna kurang merenah.
No Aspék nu dipeunteun
Skala Peunteun 1
2 3
4 5
1 Kasaluyuan téma jeung eusi
2 Kakuatan imajinasi
3 Diksi
4 Gaya basa
Jumlah Skor