Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Cici Cipta Asih, 2014 Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu N- nasal anu ngandung harti ‘ngalakukeun’. Tina ieu harti ébréh yén nulis téh mangrupa hiji kagiatan Nurjanah, 2008, kc. 1. Nurutkeun LBSS dina Nurjanah, 2008, kc. 1, nulis téh nyaéta nyieun aksara atawa angka dina kertas. Nulis nyaéta nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma nepika jalma lian bisa nyangkem éta basa tina gambaran grafik tadi Tarigan, 2008, kc. 22. Nulis téh salasahiji pakakas pikeun komunikasi anu kacida pentingna didunya atikan, sabab nulis mantuan siswa dina prosés mikir. Nulis bisa mantuan mikir kritis, bisa mantuan matalikeun hubungan-hubungan, bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu keur karandapan sarta bisa nyusun runtuyan pangalaman. Nulis ogé mangrupa kaparigelan anu penting pisan dicangking ku siswa, sabab nulis mangrupa alat pikeun komunikasi sacara teu langsung anu diébréhkeun ngaliwatan media tinulis. Dina pangajaran nulis siswa dipiharep pisan bisa ngagunakeun sakabeh unsur kabasaan jeung di luar basa anu jadi eusi tulisanana. Ku sabab kitu, kaparigelan nulis leuwih hésé dikawasa tibatan kaparigelan séjénna. Upama siswa geus ngawasa kaparigelan nulis tangtuna bakal gampang ngawasa kaparigelan séjénna. Tapi dina faktana mah masih loba kénéh siswa nu ngarasa hésé dina pangajaran nulis. Hésé néangan ide, nangtukeun judul, nyieun kalimahna jeung milih kecapna. Ahirna siswa téh jadi teu resep kana pangajaran nulis utamana pangajaran nulis sajak. Loba siswa anu masih ngarasa hésé dina nulis sajak, alatan teu bisa nyaluyukeun imajinasi tur teu bisa ngébréhkeun pamikiranana. Ku kituna, sangkan siswa resep kana nulis sajak tangtuna kudu aya alternatif pangajaran, hususna pangajaran nulis sajak. Salasahiji alternatifna nyaéta ngagunakeun téhnik pengajaran lantaran téhnik pangjaran penting pisan dina kagiatan diajar-ngajar jeung bisa ngungkulan pasualan nu keur disanghareupan ku siswa. Téhnik pangajaran nu digunakeun nyaéta téhnik akrostik. Nurutkeun Wainwrigt 2007, kc. 66, téhnik akrostik nyaéta mangrupa runtuyan kecap nu asalna tina hurup-hurup nu tangtu tina kecap-kecap nu hayang Cici Cipta Asih, 2014 Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu diinget. Dina palebah nulis sajak mah téhnik akrostik téh mangrupa téhnik nulis sajak nu hurup-hurup mimiti dina unggal baris mun dibaca ti luhur ka handap ngawangun hiji kecap atawa sababaraha kecap. Téhnik akrostik béda jeung téhnik séjénna lantaran ngéjah hiji kecap atawa sababaraha kecap nu ditulis sacara vertikal. Ku kituna, siswa leuwih gampang nyusunna lantaran geus aya rangsangan saacanna tina hurup-hurup nu disusun sacara vértikal pikeun ngawangun kecap atawa kalimah. Téhnik akrostik mangrupa salasahiji kagiatan nulis sajak nu sukses pikeun nu munggaran nulis sajak. Salasahiji upaya pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan nulis sajak diayakeun panalungtikan nu medar perkara ieu. Dina ieu panalungtikan urang bisa nulis sajak ngagunakeun téhnik akrostik. Panalungtikan ngeunaan akrostik kungsi dilaksanakeun ku sababaraha mahasiswa diantarana 1 Dévi Sartika taun 2010 anu judulna Peningkatan Kemampuan Menulis Puisi Dengan Teknik Akrostik Pada Siswa Kelas X SMA Negeri 3 Cimahi Tahun Ajaran 20092010 , jeung 2 Ahmad Taorizi taun 2013 anu judulna Penggunaan Teknik Akrostik Dalam Meningkatkan Kemampuan Menulis Puisi Bebas Pada Siswa Kelas VIII C SMP Pasundan 4 Bandung Tahun Ajaran 201022013. Tina katerangan di luhur ébréh pisan yén sasaruaan panalungtikan téh nyaéta ngagunakeun téhnik akrostik dina nulis sajak sedengkeun bébédaanana nyaéta palebah basa digunakeun dina sajak. Panalungtikan téhnik akrostik dina nulis sajak ngagunakeun basa Sunda mah acan aya. Ku kituna, dumasar kana hal- hal anu geus kapanggih nu ngarojong pikeun diayakeun panalungtikan, judul panalungtikan “Téhnik Akrostik pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII C SMPN 29 Bandung Taun Ajaran 20132014 ” perlu dilaksanakeun. 1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Sajak téh nyaéta salasahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan wangunna. Salahsahiji cara pikeun ngawangun sajak nyaéta Cici Cipta Asih, 2014 Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngaliwatan media tinulis. Dina nulis sajak tangtuna henteu sagawayah, kudu luyu jeung unsur-unsur nu aya dina sajak tur kudu aya pamikiran anu kongkrit, nyaéta pamikiran nyata anu diwujudkeun dina medium basa. Sabada diidéntifikasi, masalah dina ieu panalungtikan téh nyaéta dina nulis sajak loba siswa anu masih ngarasa hésé dina nulis sajak, alatan teu bisa nyaluyukeun imajinasi tur teu bisa ngébréhkeun pamikiranana. Salian éta, variasi téhnik nu dipaké ku guru di sakola masih monoton. Ku kituna, ieu panalungtikan ngaidéntifikasi téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah diluhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. 1 Kumaha kamampuh nulis sajak siswa saméméh ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 20132014? 2 Kumaha kamampuh nulis sajak siswa sabada ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 20132014? 3 Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis sajak siswa antara saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 20132014? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung. 1.3.2 Tujuan Husus Anu jadi tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nulis sajak ngagunakeun téhnik akrostik, ari déskripsina ngawengku ieu di handap. 1 Kamampuh nulis sajak siswa saméméh ngagunakeun téhnik akrostik di kelas

Dokumen yang terkait

Analisis Kemampuan Komunikasi Matematis Siswa Kelas VII C SMP Negeri 1 Rogojampi Tahun Pelajaran 2014/2015

1 34 152

Analisis Kemampuan Komunikasi Matematis Siswa Kelas VII C SMP Negeri 1 Rogojampi Tahun Pelajaran 2014/2015

0 20 6

Hubungan Antara Gaya Kognitif Dan Tingkat Perkembangan Konsep Geometri Berdasarkan Teori Van Hiele Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Panji Tahun Ajaran 2008/2009;

0 4 16

PENGARUH PENGGUNAAN MODEL PEMBELAJARAN PICTURE AND PICTURE TERHADAP PENGUASAAN MATERI POKOK SISTEM PERNAPASAN (Studi Eksperimen Siswa Kelas VIII SMP Negeri 20 Bandar Lampung Tahun Ajaran 2011/2012

0 6 47

Pembelajaran Menulis Kreatif Puisi Siswa Kelas VII SMP Negeri 19 Bandar Lampung Tahun Pelajaran 2012/2013

0 14 87

PENGARUH PENGGUNAAN BAHAN AJAR BROSUR TERHADAP KETERAMPILAN BERPIKIR KRITIS SISWA (Studi Eksperimen Pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Punggur Semester Genap Tahun Pelajaran 2012/2013)

0 11 123

PENINGKATAN KEMAMPUAN KOMUNIKASI MATEMATIS SISWA DALAM PEMBELAJARAN MATEMATIKA DENGAN PENDEKATAN REALISTIK (Studi pada Siswa Kelas VII Semester Genap SMP Negeri 01 Pagelaran Tahun Ajaran 2014/1015)

3 19 59

PENGARUH ACTIVE LEARNING UNTUK MENINGKATKAN AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI PENGELOLAAN LINGKUGAN (Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Talangpadang Semester Genap Tahun Pelajaran 2014/2015)

0 8 56

PENGARUH ACTIVE LEARNING UNTUK MENINGKATKAN AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI PEMANASAN GLOBAL (Studi Kuasi Eksperimen Pada Siswa Kelas VII Semester Genap SMP Negeri 1 Pagelaran Tahun Pelajaran 2014/2015)

0 3 53

Upaya Meningkatkan Aktivitas dan Hasil Belajar IPA Pada Siswa Kelas VII B SMP Negeri 2 Tanjung Menggunakan Pendekatan Eksperimen

0 0 8