TEKNIK AKROSTIK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK : Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

(1)

No.680/FPBS/0251/201

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik akrostik

Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Cici Cipta Asih

NIM 1000165

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

TÉHNIK AKROSTIK

PIKEUN NGARONJATKEUN

KAMAMPUH NULIS SAJAK

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa

Kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Cici Cipta Asih

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Cici Cipta Asih 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

(4)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak


(5)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

TÉHNIK AKROSTIK

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)1) Cici Cipta Asih2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya teknik pembelajaran di dalam kegiatan belajar mengajar, pentingnya kegiatan menulis di dalam pembelajaran bahasa dan kesulitan yang dihadapi siswa di dalam menulis sajak. Penelitian ini bertujuan untuk meningkatkan kemampuan menulis sajak dengan menggunakan teknik pembelajaran yaitu teknik akrostik. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen. Teknik pembelajaran yang digunakan adalah teknik akrostik pada pembelajaran menulis sajak. Penelitian ini dilaksanakan ke kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung. Adapun teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes. Instrumen yang digunakan yaitu lembar tes tulis. Dari hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa (1) adanya perbedaan kemampuan siswa dalam menulis sajak antara sebelum dan sesudah menggunakan teknik aksrostik, hasil tes awal diperoleh rata-rata nilai yaitu 55 dan pada tes akhir setelah menggunakan teknik akrostik mengalami peningkatan menjadi 73,67, (2) peningkatan dari hasil uji gain menunjukkan bahwa terdapat perbedaan yang signifikan antara kemampuan sebelum dan sesudah menggunakan teknik akrostik, yaitu meningkat dari 55 menjadi 73,67 dengan beda 18,67, dan (3) dari hasil uji hipotesis diperoleh titung > ttabel yaitu titung (9,19) > ttabel (2,46), hal

ini menyatakan bahwa hipotesis kerja (Ha) diterima dan hipotesis nol (Ho) ditolak. Dengan demikian, teknik akrostik bisa digunakan untuk meningkatkan kemampuan menulis sajak. Penelitian ini juga dipandang bermanfaat bagi guru, siswa, dan peneliti dalam pembelajaran menulis sajak.

Kata Kunci : teknik akrostik, kemampuan menulis sajak.

1) Skripsi ini dibimbng oleh Dr.H.Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Dr. Retty Isnendes, M.Hum. 2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2010.


(6)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ACROSTIC TECHNIQUE

TO INCREASE POETRY WRITING ABILITY

(Study Experiment Study for Students Class VII C SMPN 29 Bandung Academic Year 2013/2014)1)

Cici Cipta Asih2) ABSTRACT

This study was conducted according to the importance of learning technique in teaching learning ability, the importance of writing ability in language learning and the difficulties of writing poetry which is overcome by the students. This study aims at improving writing poetry learning by using acrostic technique. The method used in this study was quasi-experimental. Learning technique used was acrostic techniquein writing poetry learning. This study was conducted to class VII C in SMP Negeri 29 Bandung. The technique used in this study was testing technique. The instrument used was writing test sheet. From the study, it can be concluded that (1) there was the difference between students’ writing poetry ability before and after using acrostic technique, from the pretest it was obtained the mean score, there was 22 and from the posttest in which acrostic tehchique was used, the score were improving to be 73,67, (2) the improvement from gain test showed that there was significance difference between the ability before and after using akrostic technique, in which it was improving from 55 to 73,67 with the difference 18,67, and (3) from the hypotheses test it was found that tvalue > ttable

that is tvalue (9,19) > ttable (2,46), it can be concluded that the Ha is accepted and

Ho is rejected. Hence, acrostic technique can be using in improving ability in writing poetry. The research is useful for the teachers, students, and the researcher it self. Hopefully this technique can be implemented learning process writting poetry.


(7)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1) The research was guided by Dr.H.Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Dr. Retty Isnendes, M.Hum. 2) Vernacular education student class of 2010.


(8)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR BAGAN ... ix

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GRAFIK ... xi

DAPTAR SINGGETAN ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS ... 7

2.1 Ulikan Tiori ... 7

2.1.1 Téhnik Pangajaran ... 7

2.1.1.1Wangenan Téhnik Pangajaran... 7

2.1.1.2Kalungguhan Téhnik dina Métodologi Pangajaran... 8

2.1.1.3Wanda Téhnik Pangajaran ... 8

2.1.2 Téhnik Akrostik ... 13

2.1.2.1 Wangenan Akrostik ... 13

2.1.2.2 Téhnik Akrostik ... 13

2.1.2.3 Téhnik Akrostik dina Pangajaran Nulis Sajak ... 14


(9)

vii

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.2.5 Mangpaat Téhnik Akrostik ... 16

kaca 2.1.2.6 Léngkah-léngkah Nulis Sajak Ngagunakeun Téhnik Akrostik ... 16

2.1.3 Nulis Sajak ... 17

2.1.3.1 Wangenan Nulis ... 17

2.1.3.2 Fungsi Nulis ... 17

2.1.3.3 Tujuan Nulis ... 18

2.1.3.4 Mangpaat Nulis ... 19

2.1.3.5 Tujuan Pangajaran Nulis ... 19

2.1.4 Sajak ... 20

2.1.4.1 Wangun Sajak ... 20

2.1.4.2 Wangenan Sajak ... 20

2.1.4.3 Papasingan Sajak ... 21

2.1.4.4 Unsur-unsur Sajak. ... 22

2.1.4.4.1 Struktur Batin ... 23

2.1.4.4.2 Struktur Fisik ... 23

2.2 Raraga Mikir ... 28

2.3 Asumsi jeung Hipotésis ... 30

2.3.1 Asumsi ... 30

2.3.2 Hipotésis ... 30

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 31

3.1 Data jeung Sumber Data ... 31

3.2 Désain Panalungtikan ... 31

3.3 Métode Panalungtikan ... 31

3.4 Wangenan Operasional ... 32

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 32

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 33

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 34

3.7.1 Uji Normalitas ... 38

3.7.2 Uji Homogénitas ... 41

3.7.3 Uji Gain ... 42

3.7.4 Uji Hipotésis ... 43

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 45

4.1 Kamampuh Nulis Sajak Siswa Saméméh Ngagunakeun Téhnik Akrostik ... 45

4.2 Kamampuh Nulis Sajak Siswa Sabada Ngagunakeun Téhnik Akrostik ... 50

4.3 Analisis Béda anu Signifikan Kamampuh Nulis Sajak Siswa Antara Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Téhnik Akrostik ... 56


(10)

viii

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.3.1.1 Uji Normalitas Pratés ... 79

4.3.1.2 Uji Normalitas Pascatés ... 83

kaca 4.3.2 Uji Homogénitas Data Pratés jeung Pascatés... 87

4.3.3 Uji Gain ... 89

4.3.4 Uji Hipotésis ... 91

4.4 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 93

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 95

5.1 Kacindekan ... 95

5.2 Saran ... 96

DAPTAR PUSTAKA ... 97

LAMPIRAN ... 100


(11)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Nulis mangrupa salasahiji pangajaran anu dianggap hésé ku siswa utamana dina nulis sajak lantaran siswa teu bisa nyaluyukeun imajinasi tur hésé ngébréhkeun pamikiran dina nulis sajak. Kagiatan nulis sajak mangrupa kagiatan anu mikabutuh pamikiran anu jero. Ngaliwatan nulis sajak urang bisa ngébréhkeun gagasan/ ide-ide. Iskandarwassid (dina Isnéndés, 2010, kc. 36), nétélakeun yén sajak téh salasahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan wangunna, tur dina nulis sajak kudu aya pamikiran anu kongkrit, nyaéta pamikiran nyata anu diwujudkeun dina medium basa.

Basa nyaéta sistem lambang omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematatis) tur ragem (konvésional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2000, kc. 6). Basa mangrupa salasahiji alat komunikasi nu pangpentingna dina hirup kumbuh manusa. Tanpa basa moal aya komunikasi antar papada jalma. Ku kituna, unggal jalma dipiharep bisa nyangkem hiji basa kaasup basa Sunda anu mangrupa basa indung masarakat Jawa Barat.

Dina pangajaran basa jeung sastra Sunda aya opat kaparigelan basa anu ngawengku opat komponén nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Opat éta kaparigelan mangrupa hiji beungkeutan anu gembleng, nu silih deudeul tur silih lengkepan. Ngaregepkeun jeung nyarita mangrupa kagiatan primer, sedengkeun maca jeung nulis mangrupa kagiatan sekundér. Sakabéh kaparigelan basa téh penting pisan dicangking ku siswa pikeun ngahasilkeun prosés diajar-ngajar anu hadé. Tina paréléan di luhur ébréh yén nulis mangrupa salasahiji komponén tina kaparigelan ngagunakeun basa.

Nulis mangrupa salasahiji tina opat kaparigelan basa anu sipatna produktif sarta mikabutuh kaparigelan. Nulis asalna tina kecap tulis maké rarangkén hareup


(12)

2

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

N- (nasal) anu ngandung harti ‘ngalakukeun’. Tina ieu harti ébréh yén nulis téh mangrupa hiji kagiatan (Nurjanah, 2008, kc. 1).

Nurutkeun LBSS (dina Nurjanah, 2008, kc. 1), nulis téh nyaéta nyieun aksara atawa angka dina kertas. Nulis nyaéta nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma nepika jalma lian bisa nyangkem éta basa tina gambaran grafik tadi (Tarigan, 2008, kc. 22).

Nulis téh salasahiji pakakas pikeun komunikasi anu kacida pentingna didunya atikan, sabab nulis mantuan siswa dina prosés mikir. Nulis bisa mantuan mikir kritis, bisa mantuan matalikeun hubungan-hubungan, bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu keur karandapan sarta bisa nyusun runtuyan pangalaman. Nulis ogé mangrupa kaparigelan anu penting pisan dicangking ku siswa, sabab nulis mangrupa alat pikeun komunikasi sacara teu langsung anu diébréhkeun ngaliwatan media tinulis.

Dina pangajaran nulis siswa dipiharep pisan bisa ngagunakeun sakabeh unsur kabasaan jeung di luar basa anu jadi eusi tulisanana. Ku sabab kitu, kaparigelan nulis leuwih hésé dikawasa tibatan kaparigelan séjénna.

Upama siswa geus ngawasa kaparigelan nulis tangtuna bakal gampang ngawasa kaparigelan séjénna. Tapi dina faktana mah masih loba kénéh siswa nu ngarasa hésé dina pangajaran nulis. Hésé néangan ide, nangtukeun judul, nyieun kalimahna jeung milih kecapna. Ahirna siswa téh jadi teu resep kana pangajaran nulis utamana pangajaran nulis sajak.

Loba siswa anu masih ngarasa hésé dina nulis sajak, alatan teu bisa nyaluyukeun imajinasi tur teu bisa ngébréhkeun pamikiranana. Ku kituna, sangkan siswa resep kana nulis sajak tangtuna kudu aya alternatif pangajaran, hususna pangajaran nulis sajak. Salasahiji alternatifna nyaéta ngagunakeun téhnik pengajaran lantaran téhnik pangjaran penting pisan dina kagiatan diajar-ngajar jeung bisa ngungkulan pasualan nu keur disanghareupan ku siswa. Téhnik pangajaran nu digunakeun nyaéta téhnik akrostik.

Nurutkeun Wainwrigt (2007, kc. 66), téhnik akrostik nyaéta mangrupa runtuyan kecap nu asalna tina hurup-hurup nu tangtu tina kecap-kecap nu hayang


(13)

3

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

diinget. Dina palebah nulis sajak mah téhnik akrostik téh mangrupa téhnik nulis sajak nu hurup-hurup mimiti dina unggal baris mun dibaca ti luhur ka handap ngawangun hiji kecap atawa sababaraha kecap. Téhnik akrostik béda jeung téhnik séjénna lantaran ngéjah hiji kecap atawa sababaraha kecap nu ditulis sacara vertikal. Ku kituna, siswa leuwih gampang nyusunna lantaran geus aya rangsangan saacanna tina hurup-hurup nu disusun sacara vértikal pikeun ngawangun kecap atawa kalimah. Téhnik akrostik mangrupa salasahiji kagiatan nulis sajak nu sukses pikeun nu munggaran nulis sajak.

Salasahiji upaya pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan nulis sajak diayakeun panalungtikan nu medar perkara ieu. Dina ieu panalungtikan urang bisa nulis sajak ngagunakeun téhnik akrostik. Panalungtikan ngeunaan akrostik kungsi dilaksanakeun ku sababaraha mahasiswa diantarana (1) Dévi Sartika taun 2010 anu judulna Peningkatan Kemampuan Menulis Puisi Dengan Teknik Akrostik Pada Siswa Kelas X SMA Negeri 3 Cimahi Tahun Ajaran 2009/2010, jeung (2) Ahmad Taorizi taun 2013 anu judulna Penggunaan Teknik Akrostik Dalam Meningkatkan Kemampuan Menulis Puisi Bebas Pada Siswa Kelas VIII C SMP Pasundan 4 Bandung Tahun Ajaran 20102/2013.

Tina katerangan di luhur ébréh pisan yén sasaruaan panalungtikan téh nyaéta ngagunakeun téhnik akrostik dina nulis sajak sedengkeun bébédaanana nyaéta palebah basa digunakeun dina sajak. Panalungtikan téhnik akrostik dina nulis sajak ngagunakeun basa Sunda mah acan aya. Ku kituna, dumasar kana hal-hal anu geus kapanggih nu ngarojong pikeun diayakeun panalungtikan, judul panalungtikan “Téhnik Akrostik pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII C SMPN 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)” perlu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Sajak téh nyaéta salasahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan wangunna. Salahsahiji cara pikeun ngawangun sajak nyaéta


(14)

4

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngaliwatan media tinulis. Dina nulis sajak tangtuna henteu sagawayah, kudu luyu jeung unsur-unsur nu aya dina sajak tur kudu aya pamikiran anu kongkrit, nyaéta pamikiran nyata anu diwujudkeun dina medium basa. Sabada diidéntifikasi, masalah dina ieu panalungtikan téh nyaéta dina nulis sajak loba siswa anu masih ngarasa hésé dina nulis sajak, alatan teu bisa nyaluyukeun imajinasi tur teu bisa ngébréhkeun pamikiranana. Salian éta, variasi téhnik nu dipaké ku guru di sakola masih monoton. Ku kituna, ieu panalungtikan ngaidéntifikasi téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah diluhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis sajak siswa saméméh ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014?

2) Kumaha kamampuh nulis sajak siswa sabada ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014?

3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis sajak siswa antara saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung. 1.3.2 Tujuan Husus

Anu jadi tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nulis sajak ngagunakeun téhnik akrostik, ari déskripsina ngawengku ieu di handap.


(15)

5

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

2) Kamampuh nulis sajak siswa sabada ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

3) Tingkat signifikan kamampuh nulis sajak siswa antara saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

1.3 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat ieu panalungtikan nyaéta ayana tiori anyar pikeun pangajaran nulis sajak lantaran tehnik akrostik mangrupa cara nu gampang pikeun nulis sajak. 1.3.2 Mangpaat Praktis

Sangkan leuwih écés deui diwincik sababaraha mangpaat anu sipatna praktis saperti ieu dihandap.

1) Pikeun siswa

a) Siswa bisa kairut jeung miboga motivasi dina diajar basa Sunda, husuna dina nulis sajak.

b) Siswa nyangking pangalaman anyar dina nulis sajak ku cara ngagunakeun téhnik akrostik.

c) Bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis sajak. 2) Pikeun guru

a) Bisa digunakeun pikeun pangaweruh sangkan ngaronjatkeun kréativitas guru basa Sunda dina nulis sajak.

b) Bisa méré gambaran pikeun guru basa Sunda, téhnik pangajaran nu kumaha nu cocog pikeun dipaké dina nulis sajak di kelas VII.

1.4 Raraga Tulisan

Eusi ieu skripsi ngawengku lima bab, anu dijerona ngébréhkeun penjelasan-penjelasana nu sistematis dumasar kana maksud judul bab anu didadarkeun. Dina bab 1 ngabahas kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi


(16)

6

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan. Dina bab II mangrupa bab anu ngabahas ulikan tiori, raraga mikir jeung hipotésis. Dina bab III mangrupa bab anu ngabahas data jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung ngolah data panalungtikan. Dina bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, ngeunaan kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik, dina ieu bab diébréhkeun sagemblengna hasil tina panalungtikan anu dilaksanakeun, hasil atawa henteuna panalungtikan bisa katitén tina ieu bab. Satuluyna dina bab V mangrupa kacindekan jeung saran tina sakabéh pedaran.


(17)

31 BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Datana ieu panalungtikan nyaéta hasil diajar nulis sajak saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik. Ari sumber datana nyaéta siswa kelas VII C SMPN 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 anu jumlahna 34 siswa, ngawengku 17 urang siwa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Cambel jeung Stanley (dina Arikunto, 2010, kc. 123), ngébréhkeun désain panalungtikan ékspérimén kabagi kana dua bagian nyaéta pre experimental design atawa ékspérimén campuran atawa nu sok disebut kuasi ékspérimen jeung true exsperimental design atawa nu disebut éskpérimén murni. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi éksperimén kalawan desain One-group pretest and posttest design. Desain ieu leuwih dipikiwanoh salaku desain saméméh jeung sabada kalawan struktur desain saperti ieu di handap:

Desain Panalungtikan

X nyaéta perlakuan anu dilakukeun tur ditingali pangaruhna dina éta éksperimén. Perlakuan nu dimaksud nyaéta téhnik akrostik. O1 nyaéta tés anu dilaksanakeun saméméh perlakuan dilumangsungkeun, sedengkeun O2 nyaéta tés anu dilaksanakeun sabada perlakuan dilumangsungkeun. Pangaruh perlakuan X bisa dikanyahokeun kalawan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2 dina situasi anu kakontrol.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén. Métode ieu digunakeun pikeun nguji téhnik akrostik pikeun


(18)

32

ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak ka kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan teu ngabalukarkeun rupa-rupa tapsiran, dipidangkeun wangenan oprerasional anu kauger dina judul panalungtikan saperti ieu di handap.

1) Téhnik akrostik nyaéta téhnik nu dilaksanakeun ku guru sangkan mantuan siswa pikeun maham kana hiji matéri nu mangrupa runtuyan kecap nu asalna tina hurup-hurup nu tangtu tina kecap-kecap nu hayang diinget.

2) Nulis sajak nyaéta kagiatan nulis karya sastra anu wangunna puisi jeung teu kauger ku patokanana sarta diukur maké téhnik pangajaran nu mangrupa téhnik akrostik.

3.5Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan leuwih gampang jeung hasilna leuwih alus, hartina leuwih taliti, lengkep jeung sistématis sangkan leuwih gampang diolah. Tés mangrupa runtuyan pananya/latihan atawa alat séjén nu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegénsi, kamampuh jeung bakat nu dipiboga individu atawa kelompok.

Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun lembar tés tinulis. Ngajén sajak nurutkeun Nurgiyantoro (dina Taorizi, 2013, kc. 32), bisa ditilik tina segi teks-teks kasusastraan, nu paling biasa digunakeun nyaéta saperti kasaluyuan téma jeung eusi, kakuatan imajinasi, diksi jeung gaya basa.

Instrumén pratés

TÉS NULIS SAJAK

Jieun hiji sajak anu katangtuanana:


(19)

33

Kisi-kisi nulis sajak

Instrumén pascatés

Kisi-kisi nulis sajak ngagunakeun téhnik akrostik

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Tés dilakukeun pikeun nyangking data hasil nulis sajak siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik. Panalungtikan ngagunakeun dua tés,

TÉS NULIS SAJAK

Jieun hiji sajak anu katangtuanana:

1. Pék hidep jieun hiji sajak ngagunakeun téhnik akrostik kalawan téma bébas !

Kisi-kisina nyaéta dina nulis sajakna kudu aya aspék-aspék sajak saperti ieu di handap.

1. Kasaluyuan téma jeung eusi 2. Kakuatan imajinasi

3. Diksi 4. Gaya basa

Kisi-kisina nyaéta dina nulis sajak ngagunakeun téhnik akrostik kudu aya aspék-aspék sajak saperti ieu di handap. 1. Kasaluyuan téma jeung eusi

2. Kakuatan imajinasi 3. Diksi


(20)

34

nyaeta pratés jeung pascatés. Pratés dilakukeun saacan ngagunakeun téhnik akrostik sedengkeun pascastés dilakukeun sabada ngagunakeun téhnik akrostik. Aya sababaraha léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta:

1) siswa migawé pancén anu mangrupa pratés nulis sajak pikeun mikanyaho pangaweruh awal siswa kana nulis sajak;

2) sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana nulis sajak ngaliwatan pratés anu geus dilaksanakeun, panalungtik nangtukeun matéri nu rék ditepikeun;

3) ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun téhnik akrostik kana matéri nulis sajak;

4) sanggeus ngalaksanakeun pangajaran ngagunakeun téhnik akrostik saterusna dilaksanakeun pascatés pikeun mikanyaho kamampuh siswa sabada dibéré perlakuan, naha ngaronjat atawa henteu.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data anu geus ka kumpul. Data nu bakal diolah jeung dianalisis ngawengku data hasil kamampuh awal (pratés) jeung kamampuh ahir (pascatés) nulis sajak. Aya sababaraha léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap. 1) Meunteun Sajak

Pikeun meunteun hasil sajak biasana mibanda katégori-katégori anu geus ditangtukeun. Aspék-aspék anu dipaké pikeun ngajén nulis sajak nyaéta:

a) kasaluyunan téma jeung eusi; b) kakuatan imajinasi;

c) diksi; d) gaya basa.


(21)

35

Tabél 3.1

Format Skala Peunteun Nulis Sajak

Katerangan aspék nu diajén sarta skorna: 1. Kasaluyuan téma jeung eusi

5 : Téma luyu jeung eusi.

4 : Téma aya patalina jeung eusi. 3 : Téma rada luyu jeung eusi. 2 : Téma kurang luyu jeung eusi 1 : Téma teu luyu jeung eusi. 2. Kakuatan imajinasi

5 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak bisa kaharti pisan ku nu maca tur hadé pisan.

4 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak bisa kaharti ku nu maca tur hadé. 3 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajar rada kaharti ku nu maca.

2 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak kurang kaharti ku nu maca. 1 : Imajinasi anu dituliskeun dina sajak teu kaharti ku nu maca. 3. Diksi

5 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecap anu alus tur hadé pisan. 4 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecap anu alus.

3 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecapna cukup/basajan. 2 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecapna kurang merenah.

No Aspék nu dipeunteun Skala Peunteun

1 2 3 4 5

1 Kasaluyuan téma jeung eusi 2 Kakuatan imajinasi

3 Diksi 4 Gaya basa Jumlah Skor


(22)

36

1 : Ngagunakeun pilihan kecap, nyusun kecapna teu merenah. 4. Gaya basa

5 : Ngagunakeun gaya basa alus pisan, ma’nana jero pisan sarta luyu jeung Téma.

4 : Ngagunakeun gaya basa alus, ma’nana jero sarta luyu jeung téma.

3 : Ngagunakeun gaya basa cukup hadé, ma’nana cukup jero sarta rada luyu jeung téma.

2 : Ngagunakeun gaya basa kurang hadé, ma’nana kurang jero sarta kurang luyu jeung téma.

1 : Teu ngagunakeun gaya basa, ma’nana teu luyu jeung téma.

Sabada mikanyaho skorna, tuluy dipeunteun dumasar kana rumus:

Katerangan:

P = peunteun

∑ Skor siswa = jumlah peunteun siswa ∑ Skor maksimal = jumlah peunteun maksimal Katégori peunteun :

Peunteun ≥ 70 siswa dianggap mampuh nulis sajak kalawan bener Peunteun ≤ 70 siswa dianggap can mampuh nulis sajak kalawan bener 2) Tabulasi Data.

Data anu mangrupa peunteun tuluy dilaporkeun dina wangun tabél saperti ieu di handap.


(23)

37

Tabél 3.2

Format Peunteun Pratés jeung Pascatés

No A B C D Ʃ P Katégori

Ʃ ̅ Katerangan:

No = nomer urut siswa

Pratés = kamampuh awal siswa nulis sajak Pascatés = kamampuh ahir siswa nulis sajak A = kasaluyunan tema jeung eusi B = kakuatan imajinsi

C = diksi

D = gaya basa

Ʃ = jumlah

̅ = rata-rata

= peunteun 3) Analisis Data.

Analisis béda antara kamampuh nulis sajak siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik di kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.


(24)

38

Tabél 3.3

Format Analisis Béda anu Signifikan Kamampuh Nulis Sajak Siswa Antara Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Téhnik Akrostik

No Kamampuh

Aspék nu Diajén

Skor Peuteun Kasaluyuan

téma jeung eusi

Kakuatan Imajinasi

Diksi Gaya Basa

1 Saméméh 2 Sabada

Sanggeus kitu dilaksanakeun uji sipat data. Léngkah-léngkahna ngawengku (1) Uji Normalitas, (2) Uji Homogénitas, (3) Uji Gain, (4) Uji Hipotésis.

3.7.1 Uji Normalitas

Uji normalitas nyaéta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data anu digunakeun dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap.

1) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap.

(Subana, 2000, kc. 24) 3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

(Subana, 2000, kc. 24) 4) Nangtukeun panjang kelas interval

(Subana, 2000, kc. 24)

r = peunteun panggedéna-peunteun pangleutikna

k = 1 + 3,3 log N


(25)

39

5) Nyieun tabel frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.4

Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Pascatés

No Kelas

Interval

fixi 2

Ʃ

(Subana, 2000, kc. 96) 6) Ngitung rata-rata (méan) peunteun pratés jeung pascatés kalayan

ngagunakeun rumus ieu di handap:

Katerangan:

̅ = rata-rata (mean) ∑ = jumlah

Fi = jumlah data Xi = nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Ngitung standar deviasi kalawan rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 98)

̅


(26)

40

8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nyaéta: a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi pratés

ngagunakeun Chi-Kuadrat (Subana, 2000, kc. 125). Tabél 3.5

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Pascatés Ngagunakeun Chi-Kuadrat

Kelas Interval

Oi Bk Z Ztabel L Ei

Ʃ

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

e) Nangtukeun Ztabél

f) Ngitung lega kelas interval g) Ztabél1 - Ztabél2

h) Ngitung frékuénsi ékspéktasi kalawan rumus:

Ei = n x L ̅


(27)

41

i) Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273) j) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Subana, 2000, kc. 18) k) Nangtukeun X2tabél

l) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap. (1) Lamun X²itung < X²tabél, hartina data normal.

(2) Lamun X²itung > X²tabél, hartina data teu normal.

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas tur data nu dihasilkeun normal, kagiatan nu satuluyna nyaéta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik anu luyu.

3.7.2 Uji Homogénitas

Uji homogénitas nyaéta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho varian populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu. Léngkah-léngkah uji homogénitas saperti ieu di handap.

1) Ngitung variasi (S²) unggal kelompok Variansi pratés

S

1

=

Variansi pascatés

S

2

=

(Sudjana, 2005, kc. 95)


(28)

42

2) Ngitung harga variasi (F)

(Sudjana, 2005, kc. 250) 3) Ngitung derajat kabébasan (dk)

(Subana, 2000, kc. 18) 4) Nangtukeun

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap. a) Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

b) Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3.7.3 Uji Gain

Tujuan dilaksanakeunna uji gain nyaéta pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pratés jeung hasil pascatés. Hasil tina uji gain dipaké salaku gambaran ngeunaan ngukur aya beda nu signifikan téhnik akrostik dina nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014. Léngkah dina uji gain nyaéta ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No Ngaran Siswa Peunteun Pratés

Peunteun Pascatés

d

1 2 Ʃ

(Subana, 2000, kc. 131)

é


(29)

43

3.7.4 Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap. 1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun tés

ahir kalawan rumus:

2) Ngitung darajat kabébasan (dk) kalawan rumus:

(Subana, 2000, kc. 18) 3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi kalawan rumus.

4) Ngitung t kalawan rumus:

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir ∑x d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subyék dina sampel

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria ieu di handap.

a) Lamun > hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Hartina téhnik akrostik signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun 20113/2014.

dk= n-1


(30)

44

b) Lamun < hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis

kerja (Ha) ditolak. Hartina téhnik akrostik teu signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 (Arikunto, 2006, kc. 307).


(31)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kancindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaran ngeunaan téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun téhnik akrostik kapaluruh, rata-rata skorna nyaéta 11 kalawan rata-rata peunteun nyaéta 55.

2) Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun téhnik akrostik kapuluruh, rata-rata skorna nyaéta 14,75 kalawan rata-rata peunteun nyaéta 73,67.

3) Tina uji gain bisa katitén ngaronjatna kamampuh nulis sajak antara saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik anu asalna rata-rata skor 11 ngaronjat jadi 55 jeung rata-rata peunteun asalna 55 ngaronjat jadi 73,67 sarta bisa katitén ogé dina uji gain, rata-rata gainna nyaéta 18,67, gedéna pangaruh téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak nyaéta 18,6 sedengkeun tina uji hipotésis anu ngahasilkeun > nyaéta 9,19 > 2,46. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Jadi, bisa dicindekkeun yén aya béda anu signifikan antara kamampuh saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik, ieu nuduhkeun téhnik akrostik bisa dipaké pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung.


(32)

96

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Hasil tina ieu panalungtikan sangkan leuwih mangpaat, nu nyusun boga saran ka pihak guru, siswa, jeung panalungtik sakumaha anu dipedar di handap. 1) Pihak Guru

Téhnik akrostik mangrupa téhnik pangajaran anu bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Ku kituna, téhnik akrostik bisa dijadikeun salasahiji pilihan pikeun guru dina milih téhnik pangajaran nulis sajak.

2) Pihak Siswa

Siswa nu diajar nulis sajak dipiharep bisa ngamaksimalkeun kamampuh nulisna anu kréatif sangkan bisa ngébréhkeun idé-idéna ngaliwatan nulis sajak. 3) Pihak Panalungtik

Panalungtik saterusna, boh dihiji lembaga boh sacara individu dipiharep teu sugema kana ieu panalungtikan. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan anu leuwih jero deui ngeunaan téhnik akrostik pikeun matéri pangajaran nulis sajak sangkan kamampuh siswa dina nulis sajak basa Sunda leuwih ngaronjat.


(33)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta

Danadibrata. (2006). Kamus Bahasa Sunda. Bandung: Kiblat.

Fartika, R.D. (2012). Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII D SMP Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2011˗2012). (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah). Universitas Pendidikan Indonesia.

Harianti, D. (2010). Cara Ampuh Pelajaran IPA SD Kelas 4, 5, 6 dengan Metode Memorry Power. Jakarta: PT Tangga Pustaka.

Hamzah, jeung Koni, S. (2012). Assessment Pembelajaran. Bandung: PT Bumi Aksara.

Iskandarwassid, spk. (2009). Model-Model Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Iskandarwassid, spk. (2009). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Remaja Rosdakarya

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

Koswara, D. (2010). Racikan Sastra. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Marhijanto, B. (1993). Kamus Lengkap Basa Indonesia Masakini. Surabaya: Terbit Terang.

Nur, D. (2010). Teknik Aksrostik. [Online]. Tersedia di: http://dewi-nur.blogspot.com/2010/12/pengertian-pelaksanaan-dan-manfaat.html. Diakses 18 September 2013 jam 21.00.

Nurbaeti, S. (2013). Modél Memorization Métode Mnemonik Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén Di Kelas X˗C SMA Laboratorium˗Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012˗2013). (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah). Universitas Pendidikan Indonesia.


(34)

98

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nurjanah, N. (2008). Tiori Nulis (Diktat). Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Pradopo, R.D. (2012). Pengkajian Puisi. Yogyarta: Gajah Mada University Press. Rosidi, A. (2007). Sajak Sunda. Bandung: Kiblat.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sasta Sunda. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Ruhimat, spk. (2009). Kurikulum & Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.

Sartika, D. (2010). Peningkatan Kemampuan Menulis Puisi Dengan Teknik Akrostik Pada Siswa Kelas X SMA Negeri 3 Cimahi Tahun Ajaran 2009/2010. (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Subana, dkk. (2000). Statistik Pendidikan. Bandung: CV Pustaka Setia. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat, Y. (2000). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sudibyo, A. (2008). Teknik Menulis Teknik Akrostik. [Online]. Tersedia di: http://republikpuisi-reeve.blogspot.com/2008/04/teknik-menulis-puisi-akrostik_02.html. Diakses 18 September 2013 jam 21.30).

Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sugiyono. (2012). Statistika Untuk Penelitian. Bandung: Alfabeta.

Syamsuddin, jeung Damaianti, V.S. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Berbahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Taorizi, A. (2013). Penggunaan Teknik Akrostik Dalam Meningkatkan Kemampuan Menulis Puisi Bebas Pada Siswa Kelas VII C SMP Pasundan 4 Bandung Tahun Ajaran 20102/2013. (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia). Universitas Pendidikan Indonesia.

Tarigan, H.G. 2008. Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI PRESS.


(35)

99

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Wainwright, G. (2007). Speed Reading Better Recalling. Jakarta: PT Gramedia Utama.

Waluyo, H. (1995). Teori Dan Apresiasi Puisi. Jakarta: PT Gelora Aksara Pratama.


(1)

44

b) Lamun < hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis kerja (Ha) ditolak. Hartina téhnik akrostik teu signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 (Arikunto, 2006, kc. 307).


(2)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kancindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaran ngeunaan téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun téhnik akrostik kapaluruh, rata-rata skorna nyaéta 11 kalawan rata-rata peunteun nyaéta 55.

2) Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun téhnik akrostik kapuluruh, rata-rata skorna nyaéta 14,75 kalawan rata-rata peunteun nyaéta 73,67.

3) Tina uji gain bisa katitén ngaronjatna kamampuh nulis sajak antara saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik anu asalna rata-rata skor 11 ngaronjat jadi 55 jeung rata-rata peunteun asalna 55 ngaronjat jadi 73,67 sarta bisa katitén ogé dina uji gain, rata-rata gainna nyaéta 18,67, gedéna pangaruh téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak nyaéta 18,6 sedengkeun tina uji hipotésis anu ngahasilkeun > nyaéta 9,19 > 2,46. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Jadi, bisa dicindekkeun yén aya béda anu signifikan antara kamampuh saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik akrostik, ieu nuduhkeun téhnik akrostik bisa dipaké pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII C SMP Negeri 29 Bandung.


(3)

96

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Hasil tina ieu panalungtikan sangkan leuwih mangpaat, nu nyusun boga saran ka pihak guru, siswa, jeung panalungtik sakumaha anu dipedar di handap. 1) Pihak Guru

Téhnik akrostik mangrupa téhnik pangajaran anu bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Ku kituna, téhnik akrostik bisa dijadikeun salasahiji pilihan pikeun guru dina milih téhnik pangajaran nulis sajak.

2) Pihak Siswa

Siswa nu diajar nulis sajak dipiharep bisa ngamaksimalkeun kamampuh nulisna anu kréatif sangkan bisa ngébréhkeun idé-idéna ngaliwatan nulis sajak. 3) Pihak Panalungtik

Panalungtik saterusna, boh dihiji lembaga boh sacara individu dipiharep teu sugema kana ieu panalungtikan. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan anu leuwih jero deui ngeunaan téhnik akrostik pikeun matéri pangajaran nulis sajak sangkan kamampuh siswa dina nulis sajak basa Sunda leuwih ngaronjat.


(4)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta

Danadibrata. (2006). Kamus Bahasa Sunda. Bandung: Kiblat.

Fartika, R.D. (2012). Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII D SMP Pasundan 4 Bandung Taun

Ajaran 2011˗2012). (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah).

Universitas Pendidikan Indonesia.

Harianti, D. (2010). Cara Ampuh Pelajaran IPA SD Kelas 4, 5, 6 dengan Metode Memorry Power. Jakarta: PT Tangga Pustaka.

Hamzah, jeung Koni, S. (2012). Assessment Pembelajaran. Bandung: PT Bumi Aksara.

Iskandarwassid, spk. (2009). Model-Model Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Iskandarwassid, spk. (2009). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Remaja Rosdakarya

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

Koswara, D. (2010). Racikan Sastra. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Marhijanto, B. (1993). Kamus Lengkap Basa Indonesia Masakini. Surabaya: Terbit Terang.

Nur, D. (2010). Teknik Aksrostik. [Online]. Tersedia di: http://dewi-nur.blogspot.com/2010/12/pengertian-pelaksanaan-dan-manfaat.html. Diakses 18 September 2013 jam 21.00.

Nurbaeti, S. (2013). Modél Memorization Métode Mnemonik Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén Di Kelas X˗C SMA Laboratorium˗Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun

Ajaran 2012˗2013). (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah). Universitas Pendidikan Indonesia.


(5)

98

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nurjanah, N. (2008). Tiori Nulis (Diktat). Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Pradopo, R.D. (2012). Pengkajian Puisi. Yogyarta: Gajah Mada University Press.

Rosidi, A. (2007). Sajak Sunda. Bandung: Kiblat.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sasta Sunda. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Ruhimat, spk. (2009). Kurikulum & Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.

Sartika, D. (2010). Peningkatan Kemampuan Menulis Puisi Dengan Teknik Akrostik Pada Siswa Kelas X SMA Negeri 3 Cimahi Tahun Ajaran 2009/2010. (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Subana, dkk. (2000). Statistik Pendidikan. Bandung: CV Pustaka Setia.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudaryat, Y. (2000). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sudibyo, A. (2008). Teknik Menulis Teknik Akrostik. [Online]. Tersedia di: http://republikpuisi-reeve.blogspot.com/2008/04/teknik-menulis-puisi-akrostik_02.html. Diakses 18 September 2013 jam 21.30).

Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sugiyono. (2012). Statistika Untuk Penelitian. Bandung: Alfabeta.

Syamsuddin, jeung Damaianti, V.S. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Berbahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Taorizi, A. (2013). Penggunaan Teknik Akrostik Dalam Meningkatkan Kemampuan Menulis Puisi Bebas Pada Siswa Kelas VII C SMP Pasundan 4 Bandung Tahun Ajaran 20102/2013. (Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia). Universitas Pendidikan Indonesia.

Tarigan, H.G. 2008. Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI PRESS.


(6)

Cici Cipta Asih, 2014

Téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Wainwright, G. (2007). Speed Reading Better Recalling. Jakarta: PT Gramedia Utama.

Waluyo, H. (1995). Teori Dan Apresiasi Puisi. Jakarta: PT Gelora Aksara Pratama.


Dokumen yang terkait

Analisis Kemampuan Komunikasi Matematis Siswa Kelas VII C SMP Negeri 1 Rogojampi Tahun Pelajaran 2014/2015

1 34 152

Analisis Kemampuan Komunikasi Matematis Siswa Kelas VII C SMP Negeri 1 Rogojampi Tahun Pelajaran 2014/2015

0 20 6

Hubungan Antara Gaya Kognitif Dan Tingkat Perkembangan Konsep Geometri Berdasarkan Teori Van Hiele Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Panji Tahun Ajaran 2008/2009;

0 4 16

PENGARUH PENGGUNAAN MODEL PEMBELAJARAN PICTURE AND PICTURE TERHADAP PENGUASAAN MATERI POKOK SISTEM PERNAPASAN (Studi Eksperimen Siswa Kelas VIII SMP Negeri 20 Bandar Lampung Tahun Ajaran 2011/2012

0 6 47

Pembelajaran Menulis Kreatif Puisi Siswa Kelas VII SMP Negeri 19 Bandar Lampung Tahun Pelajaran 2012/2013

0 14 87

PENGARUH PENGGUNAAN BAHAN AJAR BROSUR TERHADAP KETERAMPILAN BERPIKIR KRITIS SISWA (Studi Eksperimen Pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Punggur Semester Genap Tahun Pelajaran 2012/2013)

0 11 123

PENINGKATAN KEMAMPUAN KOMUNIKASI MATEMATIS SISWA DALAM PEMBELAJARAN MATEMATIKA DENGAN PENDEKATAN REALISTIK (Studi pada Siswa Kelas VII Semester Genap SMP Negeri 01 Pagelaran Tahun Ajaran 2014/1015)

3 19 59

PENGARUH ACTIVE LEARNING UNTUK MENINGKATKAN AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI PENGELOLAAN LINGKUGAN (Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Talangpadang Semester Genap Tahun Pelajaran 2014/2015)

0 8 56

PENGARUH ACTIVE LEARNING UNTUK MENINGKATKAN AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI PEMANASAN GLOBAL (Studi Kuasi Eksperimen Pada Siswa Kelas VII Semester Genap SMP Negeri 1 Pagelaran Tahun Pelajaran 2014/2015)

0 3 53

Upaya Meningkatkan Aktivitas dan Hasil Belajar IPA Pada Siswa Kelas VII B SMP Negeri 2 Tanjung Menggunakan Pendekatan Eksperimen

0 0 8