Kagiatan Diajar LatihanPancén

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 43

F. Tingkesan

Ngamangpaatkeun internét pikeun média pangajaran mangrupa hal nu penting. Pentingna internét dina pangajaran, lantaran bisa ngamangpaatkeun aplikasi internét nu bisa ngagampilkeun proses pangajaran. Sajabaa ti éta internét pikeun pangajaran bisa ngabantu ngawangun proses pangajaran nu leuwih pikaresepeun. Internét pikeun média pangajaran miboga mangpaat nu hadé keur guru jeung siswa. Mangpaat internét keur siswa, diantarana: 1 Ngagampilkeun komunikasi jeung sakumna jalma pikeun silih tukeur gagasan sarta diskusi dina hiji website; 2 Jadi sarana nu bisa méré jawaban tina sakabeh pertanyaan para siswa nu can kapanggih jawabanana; 3 Ngabogaan babaturan ti nagara-nagara séjén nu bisa ngabantuan dina kahirupan sosial sarta bisa jadi tempat pikeun silih tukeuran pangalaman dina cara diajar jeung kahirupan séjénna; 4 Nambah wawasan nu patali jeung rupa-rupa pangaweruh di sakuliah dunya Internét lain ngan sakadar méré mangpaat keur siswa tapi ogé keur para guru. Mangpaat internét keur para guru, diantarana: 1 Jadi sumber pikeun ngajembaran Materi pangajaran; 2 Silih tukeur informasi jeung papada guru séjén di sakuliah dunya anu boga pangalaman leuwih; 3 Nambah wawasan pangajaran saluyu jeung kamekaran jaman; 4 Nuturkeun tehnologi katut sagala kamekaran jaman nu lumangsung; 5 Jadi tempat pangajaran sangkan bisa ngajawab sakabeh pertanyaan nu ditanyakeun ku siswana.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasa Sadérék kana Materi ajar. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 44 Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Ngawasaa = x 100 5 Tahap ngawasaa Materi ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngawasaa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun Materi kana Kagiatan Diajar IV. Tapi, lamun tahap ngawasaa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres Materi dina Kagiatan Diajar III, pangpangna Materi nu can dikawasa.