PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015
91
7
- Iraha?
c. Kalimah dumasar kana jumlah jeung warna klausa pangwangunna
Nilik kana jumlah jeung warna klausa pangwangunna, kalimah aya dua rupa:
1. Kalimah Salancar Tunggal
2.
Kalimah Ngantét Rangkepan
Kalimah Salancar Tunggal
Kalimah salancar nyaéta kalimah anu diwangun ku hiji klausa bébas; diwangun ku hiji Jejer jeung hiji Caritaan, boh dibarengan Objék,
Panglengkep, jeung Katerangan boh henteu.
Nilik kana struktur internalna, kalimah salancar aya dua rupa: kalimah basajan jeung kalimah jembar.
Kalimah Salancar Basajan
Kalimah basajan nyaéta kalimah anu diwangun ku hiji Jejer jeung hiji Caritaan, boh dibarengan Objék jeung Panglengkep boh henteu.
Kalimah basajan Sunda mibanda pola dasar nu tangtu. Nilik kana warna unsur caritaanana, kalimah basajan bisa diwincik kieu.
Barang Pagawean
Sipat Bilangan
Frasa PangantétFpt
Kalimah Basajan Barang Pola J:B + C:B
KALIMAH BASAJAN
JEJER: Barang +
CARITAAN
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
92
7
Kalimah anu Jejer jeung Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa barang. Tatali antargatrana nuduhkeun harti Digolongkeun-Panggolong.
Contona:
- Manéhna guru. - Manéhna téh guru anak kuring.
Kalimah Basajan Pagawéan Pola J:B + C:P Kalimah anu Jejerna kecap atawa frasa barang, ari Caritaanana kecap
atawa frasa Pagawéan boh dituturkeun ku Objék boh henteu. Tatali antargatrana nuduhkeun harti Palaku-Kalakuan.
Nilik kana tatali Jejer-Caritaan, kalimah basajanpagawéan aya opat rupa.
Kalimah Pagawéan aktif Pola J:B + C:Pa
Kalimah anu J-na kecap atawa frasa barang, ari C-na kecap atawa frasa pagawéan aktif. Contona:
- Barudak gelut. - Manéhna téh keur maca.
Kalimah Pagawéan Pasif Pola J:B + C:Pp
Kalimah anu J-na kecap atawa frasa barang, ari C-na kecap atawa frasa pagawéan pasif. Contona:
- Herman dipacok oray welang. - Manéhna dipangmeulikeun buku ku lanceukna.
Kalimah Pagawéan Repleksif Pola J:B + C:Pr
Kalimah anu J-na kecap atawa frasa barang, ari C-na kecap atawa frasa pagawéan répléksif médial.
- Si Dasim keur siduru. - Silaing mah nyangsara kénéh.
Kalimah Pagawéan Résiprokatif Pola J:B + C:Pre