Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 44 Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Ngawasaa = x 100 5 Tahap ngawasaa Materi ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngawasaa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun Materi kana Kagiatan Diajar IV. Tapi, lamun tahap ngawasaa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres Materi dina Kagiatan Diajar III, pangpangna Materi nu can dikawasa. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 45 KOMPETENSI PROFESIONAL: ADEGAN KALIMAH JEUNG CARITA PANTUN PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 46 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 47 KAGIATAN DIAJAR 4 INTERNÉT: SUMBER DIAJAR BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan Kagiatan Diajar4 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus maca pedaran, pamilon diklat dipiharep mampuh ngajelaskeun Internét sumber diajar kalawan bener. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat dipiharep mampuh ngaidentifikasi karakteristik Internét sumber diajar kalawan taliti. 3. Bari diskusi, pamilon diklat mampuh ngawincik aspek-aspek anu raket patalina jeung Internét sumber diajar kalawan gawe babarengan. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh nyieun conto larapnaInternét sumber diajar dina pangajaran basa Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Indikator KahontalnaKompetensi Kagiatan DiajarIII, ngawengku ieu di handap. 1. Ngajelaskeun Internét sumber diajar. 2. Ngaidentifikasi fungsi internét dina pangajaran. 3. Ngawincik aspek-aspek anu raket patalina fungsi internét. 4. Nyieun conto larapnaInternét sumber diajar dina pangajaran basa Sunda.

C. Pedaran Materi

Tahun 1989, Timothy Berners-Lee nyiptakeun Word Wide Web, nyaéta hiji program nu méré kamungkinan sora, gambar, film, musik ditampilkeun dina internét. Ku kituna internét jadi leuwih alus tampilanana tur réa variasina. Baheula mah internét téh ngan bisa digunakeun ku kalangan jeung komponen nu husus wungkul. Kiwari mah sakabeh jalma nu araya di imah ogé bisa nyambung tur ngagunakeun internét maké modem atawa jaringan telepon. Sajaba ti éta, internét ogéréa digunakeun dina widang usaha, lembaga pendidikan, lembaga pamarentah, lembaga militer di sakuliah dunya pikeun méré informasi ka masarakat. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 48 Fungsi Internét Numutkeun Kenji Kitao aya genep fungsi internét nu bisa dimangpaatkeun dina kahirupan sapopoe Kitao, 1998, nyaéta fungsi pikeun alat komunikasi, pikeun alat ngaakses informasi, fungsi atikan jeung pangajaran, sarta fungsi tamMateri suplemen, fungsi panglengkep komplemen, jeung fungsi cadanganpengganti substitusi. 1. Fungsi pikeun alat komunikasi Dina dunya atikan kacida diperlukeunana komunikasi nu hadé antara guru, siswa, orang tua, jeung instansi-instansi nu raket patalina jeung atikan. Komunikasi dina internét bisa dilaksanakeun ngaliwatan email jeung aplikasi internét séjénna nu ngagampangkeun dina proses pangajaran. 2. Fungsi pikeun alat ngaakses informasi Internét bisa dijadikeun lahan pangajaran elektronik. Ku sabab kitu, Materi pangajaran elektronik bisa didesain tur diasupkeun kana jaringan sangkan bisa diakses ngaliwatan internét. Dina dunya pangajaran, siswa bisa ngaakses rupa-rupa mata pelajaran nu ditugaskeun ku guru. Guru ogé bisa nyangking rupa-rupa pangaweruh patali jeung Materi pangajaran ku cara ngaakses aplikasi internét nu aya. 3. Fungsi pendidikan jeung pangajaran Dina internét nyampak rupa-rupa informasi pendidikan jeung pangajaran. Ku kituna, internét bisa ogé dijadikeun perpustakaan dina wangun jaringan komputer. Internét dina pendidikan jeung pangajaran kacida diperlukeunana pikeun ngahontal tujuan pendidikan jeung pangajaran. 4. Fungsi tambahan Suplemen Dina pangajaran, internét ogé bisa dijadikeun fungsi tambahan pikeun média pangajaran. Siswa bisa ngamangpaatkeun internét ku cara néangan materi pangajaran tambahansajabaa tina buku. 5. Fungsi panglengkep Komplemen Dina pangajaran, internét ogé digunakeun pikeun ngalengkepan materi pangajaran siswa di kelas. 6. Fungsi pengganti Substitusi