Uji Balik jeung Lajuning Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 33 2 Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Ngawasaa = x 100 5 Tahap ngawasaa Materi ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngawasaa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun Materi kana Kagiatan Diajar III. Tapi, lamun tahap ngawasaa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres Materi dina Kagiatan Diajar II, pangpangna Materi nu can dikawasa. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 34 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 35 KAGIATAN DIAJAR 3 TÉHNIK INFORMATIKA JEUNG KOMUNIKASIDINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan Kagiatan Diajar3 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus maca pedaran, pamilon diklat dipiharep mampuh ngajelaskeun hakekat Téhnik Informatika jeung Komunikasi kalawan bener. 2.Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat dipiharep mampuh ngaidentifikasi karakteristik kamampuh komunikatif kalawan taliti. 3. Bari diskusi, pamilon diklat mampuh ngawincik aspek-aspek anu raket patalina jeung Téhnik Informatika jeung Komunikasi kalawan gawe babarengan. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh nyieun conto ngagunakeunTéhnik Informatika jeung Komunikasi dina pangajaran basa Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Indikator KahontalnaKompetensi Kagiatan Diajar3, ngawengku ieu di andap. 1. Ngajelaskeun hakekat Téhnik Informatika jeung Komunikasi. 2. Ngaidentifikasi karakteristik kamampuh komunikatif. 3. Ngawincik aspek-aspek anu raket patalina jeung Téhnik Informatika dan Komunikasi. 4. Nyieun conto larapnaTéhnik Informatika dan Komonikasi dina pangajaran basa Sunda.

C. Pedaran Materi Konsep Dasar Tehnologi Informasi jeung Komunikasi

Tehnologi Informasi jeung Komunikasi TIK geus jadi kabutuhan nu penting dina ngalaksanakeun pendidikan. Undang-Undang Nomor 20 Taun 2003 ngeunaan Sistim Pendidikan Nasional, Bab I Katangtuan Umum Pasal 1 Nomor 15 nyebutkeunyén pendidikan jarak jauh nyaéta pendidikan nu peserta didikna PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 36 misah ti pendidik, sarta pangajaranana ngagunakeun rupa-rupa sumber diajar ngagunakeun tehnologi komunikasi, informasi, jeung médiaséjénna. Sedengkeun dina Pasal 35 ayat 1 nyebutkeun, yén ngagunakeun tehnologi informasi jeung komunikasi diperlukeun pikeun ngarojong proses pangajaran. Kamekaran abad ka 21 ngagambarkeun trend kahirupan aya dina tehnologi jeung lingkungan média-driven, ditandaan ku akses nu ngalayah informasi, paroMateri nu gancang dina perangkat tehnologi, jeung kamampuh pikeun ngayakeun kalaborasi sarta maksa individu méré kontribusi dina skala anu can pernah kajadian samemehna. Warga produktif katut pagawe kudu mampuhh nembongkeun kaparigelan mikir kritis tur fungsional, saperti beunta kana informasi, beunta kana média, jeung beunta ICT Information and communication Tecnology. Era komputer katut alat-alat tehnologi geus mangaruhan kana kahirupan sapopoe. Nu ngagunakeun aplikasi komputer kiwari kapanggih di toko-toko, lembaga pendidikan, widang kasehatan, jeung sabaraha tempat séjénna anu geus lumrah ngagunakeun aplikasi komputer dina kahirupan sapopoe. Komputer jeung internét digunakeun pikeun nyangking informasi, pangalaman, hiburan, online meuli produk jeung jasa, sarta ngayakeun komunikasi jeung nu séjén. 1. Harti Internét Internét singkétan ti interconnection jeung networking, nyaéta jaringan informasi global . “the largest global network of komputer, that enebles people throughout the world to connect with each other”. Internét minangka jaringan global nu nyambungkeun jeung rebuan malah jutaan jaringan komputer loclwide aréa network ajaran jeung medan komputer pribadi stand alone, nu méré kamungkinan unggal komputer koneksi jeung internét bisa ngayakeun komunikasi antara nu hiji jeung nu séjén. Brace, 1997