Kriteria milih sumber diajar Ngamangpaatkeun lingkungan pikeun sumber diajar
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
26
a. Méré pangalaman diajar kalawan langsung jeung konkret ka siswa b. Bisa nampilkeunhal-hal nu henteu mungkin diayakeun, didatangan atawa ditempo
kalawan langsung tur konkret c. Bisa nambahan jeung ngalegaan cakrawala materi nu aya di jero kelas
d. Bisa méré informasi nu akurat jeung panganyarna e. Bisa ngabantu ngarengsekeun masalah pendidikan instruksional boh sabudeureun
mikro boh sabudeuren makro f. Bisa méré informasi nu positif, saupama diatur jeung direncanakeun cara
ngamangpaatkeunana kalawan pas. g. Bisa ngahudang karep pikeun mikir, miboga sikep jeung mekarkeun saterusna.
Sumber diajar miboga fungsi :
a.
Ngaronjatkeun produktivitas pangajaran ngaliwatan cara: 1 Ngalancarkeun proses diajar jeung ngabantu guru pikeun ngagunakeun waktu kalawan
leuwih hadé; jeung 2 Ngurangan beban guru dina nampilkeun informasi, sangkan leuwih réa ngaping jeung
mekarkeun karep.
b.
Méré alternatif pangajaran nu sifatna leuwih individual, ngaliwatan cara: 1 Ngurangan kontrol guru nu kaku jeung tradisional; jeung
2 Méré kasempétan ka siswa pikeun mekar saluyu jeung kamampuhna.
c.
Méré dadasar nu leuwih ilmiah kana pangajaran ngaliwatan cara: 1 Rarancang program pangajaran nu leuwih sistematis; jeung
2 Mekarkeun bahan pangajaran nu didadasaran ku panalungtikan.
d.
Leuwih nguatan pangajaran, ku cara: 1 Ningkatkeun kamapuhan sumber diajar;
2 Nepikeunn informasi jeung bahan kalawan leuwih kongkrit.
e.
Ngamungkinkeun diajar dina waktuna, nyaéta: 1 Ngurangan lolongkrang antara pangajaran nu sifatna verbal jeung abstrak kalawan
réalitas nu sifatna kongkrit; 2 Mére pangaweruh nu sifatna langsung.
f.
Ngamungkinkeun nepikeun pangajaran nu leuwih lega, ku cara nepikeun informasi nu mampuh ngaliwatan wates geografis.