PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015
25
2
4. Kriteria milih sumber diajar
Dina milih sumber diajar kudu diperhatikeun kriteria saperti:: 1 ekonomis: teu kudu matok kena harga nu mahal; 2 praktis: henteu merlukeun ngokolakeunana nu
rumit, hese jeung arang langka; 3 gampil: dekeut jeung nyampak di sabudeureun lingkungan; 4 fleksibel: bisa dimangpaatkeun pikeun sababaraha tujuan
instruksional jeung; 5 saluyu jeung tujuan: ngarojong proses jeung kehontalna tujuan diajar, bisa ngahudangkeun motivasi jeung minat diajar siswa.
5. Ngamangpaatkeun lingkungan pikeun sumber diajar
Lingkungan minangka salah sahiji sumber diajar nu kecida pentingna jeung miboga ajen- inajen nu kecida pentingna dina raraga proses pangajaran siswa. Lingkungan bisa
ngabeungharan bahan jeung kegiatan diajar.
Lingkungan nu bisa dimangpaatkeun pikeun sumber diajar ngawengku : a lingkungan sosial jeung b lingkungan fisik alam. Lingkungan sosial bisa digunakeun pikeun
ngajembaran élmu-élmu sosial jeung kamanusiaan, sedengkeun lingkungan alam bisa digunaken pikeun diajar ngeunaan gejala-gejala alam jeung bisa numuwuhkeun
kasadaran siswa sangkan cinta alam jeung partisipasi dina miara jeung ngamumule alam.
Ngamangpaatkeun lingkungan bisa ngaliwatan ku cara migawe kagiatan mawa siswa ka lingkungan, seperti survey, karyawisata, kemah, praktek lapangan jeung sajabana.
Malahan kiwari mah jul-jol kagiatan pangajaran nu disebut out-bond, nu dina tatapakanana mangrupakeun proses pangajaran ngagunakeun alam semesta.
Sajaba ti éta ngamangpaatkeun lingkungan bisa dilaksanakeun ku cara nampilkeun lingkungan di jero kelas, seperti : ngadatangkeun nara sumber pikeun nepikeun materi di
jero kelas. Sangkan ngagunakeun lingkungan salaku sumber diajar lumangsung éféktif, ku kituna perlu ayana rarancang, ngalaksanakeun jeung evaluasi tur lajuning lakuna.
Mangpaat Sumber Diajar Mangpaat sumber diajar diantarana:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
26
a. Méré pangalaman diajar kalawan langsung jeung konkret ka siswa b. Bisa nampilkeunhal-hal nu henteu mungkin diayakeun, didatangan atawa ditempo
kalawan langsung tur konkret c. Bisa nambahan jeung ngalegaan cakrawala materi nu aya di jero kelas
d. Bisa méré informasi nu akurat jeung panganyarna e. Bisa ngabantu ngarengsekeun masalah pendidikan instruksional boh sabudeureun
mikro boh sabudeuren makro f. Bisa méré informasi nu positif, saupama diatur jeung direncanakeun cara
ngamangpaatkeunana kalawan pas. g. Bisa ngahudang karep pikeun mikir, miboga sikep jeung mekarkeun saterusna.
Sumber diajar miboga fungsi :
a.
Ngaronjatkeun produktivitas pangajaran ngaliwatan cara: 1 Ngalancarkeun proses diajar jeung ngabantu guru pikeun ngagunakeun waktu kalawan
leuwih hadé; jeung 2 Ngurangan beban guru dina nampilkeun informasi, sangkan leuwih réa ngaping jeung
mekarkeun karep.
b.
Méré alternatif pangajaran nu sifatna leuwih individual, ngaliwatan cara: 1 Ngurangan kontrol guru nu kaku jeung tradisional; jeung
2 Méré kasempétan ka siswa pikeun mekar saluyu jeung kamampuhna.
c.
Méré dadasar nu leuwih ilmiah kana pangajaran ngaliwatan cara: 1 Rarancang program pangajaran nu leuwih sistematis; jeung
2 Mekarkeun bahan pangajaran nu didadasaran ku panalungtikan.
d.
Leuwih nguatan pangajaran, ku cara: 1 Ningkatkeun kamapuhan sumber diajar;
2 Nepikeunn informasi jeung bahan kalawan leuwih kongkrit.
e.
Ngamungkinkeun diajar dina waktuna, nyaéta: 1 Ngurangan lolongkrang antara pangajaran nu sifatna verbal jeung abstrak kalawan
réalitas nu sifatna kongkrit; 2 Mére pangaweruh nu sifatna langsung.
f.
Ngamungkinkeun nepikeun pangajaran nu leuwih lega, ku cara nepikeun informasi nu mampuh ngaliwatan wates geografis.
6. Kaunggulan jeung Kahengkeran Sumber Diajar Perpustakaan jeung